:

Wahyu 21

1

Geus kitu kaula nenjo langit anu anyar jeung bumi anu anyar. Langit jeung bumi anu ti heula geus teu aya, laut geus teu aya.

2

Jeung nenjo Kota Suci Yerusalem anyar turun ti sawarga, ti Allah, geus pepek lir panganten awewe beunang midang rek nepungan salakina.

3

Aya soara tarik tina tahta, unina, "Tempat Allah ayeuna geus ngahiji jeung manusa! Mantenna rek sasarengan jeung maranehna, maranehna bakal jadi umat-Na, sarta Mantenna bakal jadi Allah maranehna.

4

Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui. Sakur nu heubeul geus sirna."

5

Anu linggih dina tahta ngadawuh, "Ayeuna, saniskara kaayaan ku Kami geus dianyarkeun!" Dawuhana-Na ka kaula, "Tuliskeun, sabab ieu ucapan teh saestuna, layak dipercaya!"

6

Pok deui ngadawuh, "Geus rengse! Kami teh Nu Awal jeung Nu Ahir, Kami teh Gusti ti mimiti nepi ka panganggeusan. Nu halabhab ku Kami rek dibere hak nginum tina cinyusu sumberna hirup, teu kudu mayar.

7

Sakur nu unggul eta putra Kami, ku Kami rek dibere cai eta, Kami pijadieun Allahna.

8

Sabalikna anu jejerih ku paeh, anu hianat, anu murtad, anu maehan, anu tuna susila, tukang sihir, anu muja brahala, jeung tukang bohong, bagianana paeh kadua, nya eta lautan seuneu jeung walirang."

9

Hiji malaikat ti nu tujuh nu nyarangking tujuh rupa balahi anu pamungkas tea nyampeurkeun ka kaula bari saurna, "Hayu milu, ku kaula rek dibawa nenjo Panganten Istri, geureuha-Na anu ngagem jujuluk Anak Domba."

10

Seug kaula dikawasaan ku Roh, dibawa ku eta malaikat ka hiji puncak gunung anu kacida luhurna. Tuluy ditembongan Kota Suci Yerusalem nu keur turun ti sawarga, ti Allah.

11

Katembongna mani ngempur ku kamulyaan Allah, murub-mubyar kawas cahaya batu adi, cahaya batu widuri pandan, herang saperti kristal.

12

Eta kota make kuta anu nya gede nya luhur, make lawang dua belas anu dijaga ku dua belas malaikat. Lawang-lawangna ditulisan ngaran dua belas kaom bangsa Israil.

13

Unggal sisi lawangna tilu-tilu: di wetan tilu, di kidul tilu, di kaler tilu, di kulon tilu.

14

Kutana ngadegna dina dua belas batu tatapakan anu ditulisan jenengan dua welas rasulna Anak Domba.

15

Malaikat anu sasauran ka kaula teh mawa hiji tumbakan emas rek ngukur eta kota, lawang-lawang jeung kutana.

16

Bangun eta kota pasagi bener, panjangna sarua jeung rubakna. Sanggeus ku malaikat diukur ku tumbakan, panjangna eta kota teh 2.400 kilometer; rubakna jeung luhurna oge sakitu.

17

Tembok kutana oge ku eta malaikat diukur, luhurna genep puluh meter nurutkeun patokan ukuran nu keur dipake ku anjeunna.

18

Tembok kutana oge dijieunna tina batu widuri pandan, ari kotana tina emas murni mani ngagenclang kawas kaca.

19

Batu-batu tatapakan kuta dihias ku rupa-rupa batu adi. Batu tatapakan kahiji batu widuri pandan, nu kadua batu nilem, nu katilu batu angkik, nu kaopat batu jambrut,

20

nu kalima batu permata, nu kagenep batu permata dalima, nu katujuh batu widuri koneng, nu kadalapan batu ratna campaka, nu kasalapan batu manikem koneng, nu kasapuluh batu kalsedon, nu kasabelas batu pirus, nu kadua belas batu kucubung.

21

Lawangna dua welasanana mutiara, hiji lawang tina hiji mutiara. Jalan gedena emas murni mani ngagenclang tembus tingal.

22

Di eta kota teu aya Bait Allah, sabab nu jadi bait sucina Allah Nu Maha Kawasa ku manten jeung Anak Domba tea.

23

Jeung teu perlu aya panonpoe atawa bulan, sabab geus caang ku cahaya kamulyaan Allah, ari lampuna Anak Domba.

24

Bangsa-bangsa di dinya bakal nyorang eta caang, raja-raja di bumi marawakeun pangbakti ka dinya.

25

Lawang-lawangna maruka sapapanjangna, sabab di dinya taya peutingna.

26

Bangsa-bangsa katut kamegahan jeung kamuktianana bakal diasupkeun ka dinya.

27

Tapi jelema anu najis jeung jelema anu aeb kalakuan atawa tukang bohong teu meunang asup. Anu bisa ka darinya ngan anu ngaranna aya dina kitab jelema-jelema nu harirup kagunganana Anak Domba tea.

Link: