:

Wahyu 4

1

Sanggeus eta, harita keneh aya titingalan sejen. Di sawarga aya panto muka, jeung aya nu ngagentra kawas sora tarompet, gentra-Na saperti anu ti heula sasauran ka kaula tea, saur-Na: "Ka dieu unggah, Kami rek nembongkeun kajadian-kajadian saterusna!"

2

Harita keneh kaula kapurba ku Roh Allah, ningal di sawarga aya anu keur linggih dina tahta.

3

Pameunteu-Na mancur siga cahaya batu widuri pandan jeung permata dalima. Tahtana sakurilingna dikubengan ku katumbiri warna jambrut,

4

diputer ku dua puluh opat tahta anu dicaralikan ku dua puluh opat sepuh anu anggoanana bodas jeung ngaranggo makuta emas.

5

Tina tahta bijil kilat kekerelepan jeung sora gugur tinggulugur. Di hareupeun tahta aya anu hurung saperti obor reana tujuh, nya eta tujuh Roh Allah.

6

Di hareupeun tahta keneh aya nu siga lautan kaca herang ngalenggang kawas kristal. Eta tahta opat sisina dilingkung ku opat mahluk hirup, anu awakna bagian tukang jeung hareup pinuh ku mata.

7

Bangunna nu kahiji siga singa, nu kadua siga sapi jalu, nu katilu beungeutna siga beungeut jelema, nu kaopat siga manuk rajawali keur ngalayang.

8

Opatanana baroga jangjang genep-genep anu luar jerona katutup ku mata. Beurang peuting eta opat mahluk hirup teh teu eureun-eureun mumuji: "Suci-suci, suci Gusti Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna."

9

Kitu pupujianana, ngamulyakeun, ngahormat, jeung muji sukur ka nu linggih dina tahta, anu jumeneng salalanggengna.

10

Waktu eta opat mahluk hirup maruji, sepuh-sepuh anu dua puluh opat teh bruk nyaruuh ka hadirat anu linggih dina tahta, ngabakti ka anu jumeneng salalanggengna, ari makuta-makutana digolosorkeun ka hareupeun tahta, tuluy nyembahkeun piunjuk:

11

"Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup."

Link: