Yakobus 5
Ari aranjeun, anu baleunghar, kudu nyeungceurikan diri lantaran bakal balangsak.
Kabeungharan aranjeun geus buruk, papakean geus rarenyah ku geget,
emas perak geus tarai hiangan, tai hiangna bakal jadi saksi perkara aranjeun, bakal ngahakan daging aranjeun nepi ka beak kawas ku seuneu. Geus ahir jaman kieu numpuk-numpuk bae kabeungharan.
Ngagawekeun jelema sina migawe rajakaya aranjeun, ari kulianana henteu dibayar. Tah dengekeun mani tinglalengis! Tingkoceakna jalma-jalma anu digarawekeun metik hasil bumi aranjeun geus nepi kana cepil Allah, Pangeran Nu Maha Kawasa.
Kahirupan aranjeun di ieu dunya nya senang nya murub mubyar. Aranjeun geus kokomoan ngalintuhan awak sorangan, ngadago waktu dipeuncit.
Aranjeun geus nyiksa, geus maehan ka jelema nu tanpa dosa, anu teu kuateun ngalawan!
Sing salabar dulur-dulur, ngadago Gusti sumping. Pek tengetkeun patani, sakitu sabarna ngadago hasil pepelakanana, sakitu sabarna ngadago hujan munggaran jeung hujan panganggeusan.
Dulur-dulur oge kudu kitu, kuatkeun hate, moal lila deui ge Gusti sumping.
Ulah silih gelendengan, supaya ulah dibenduan ku Allah. Hakim urang geus meh jol sumping.
Tulad para nabi anu ngararemban timbalan Allah, salalabar nandangan balangsak.
Ceuk urang aranjeunna teh bagja ku kategeranana. Dulur-dulur geus ngadarenge carita Ayub anu sabar tumarima, ahirna ku Pangeran diganjar, da Pangeran mah sipat murah jeung sipat welas.
Jeung kahade dulur-dulur, ari ngaenyakeun atawa ngahenteukeun ulah bari susumpahan. Ulah nyebut demi langit, atawa demi bumi, atawa demi naon bae. Sebutkeun bae "Enya" lamun enya, "Henteu" lamun henteu, supaya ulah dibenduan ku Allah.
Kumaha lamun aya anu meunang karerepet? Sina neneda. Kumaha lamun aya anu meunang kabungahan? Sina muji sukur.
Kumaha lamun aya anu gering? Pangneangkeun kokolot jamaah sina mangnedakeun, sina mangurutkeun make minyak jetun, bari nyambat jenengan Gusti.
Paneda anu saestu dibarengan ku percaya tan wande bisa nyageurkeun, anu gering teh ku Gusti dikersakeun cageur deui, jeung dosana dihampura.
Ku sabab eta ari aya dosa ka pada batur sing waraleh, sing silih doakeun supaya dicalageurkeun. Doa jelema nu tumut kana pangersa Allah mah gede maunatna.
Contona Elias, anjeunna jelema biasa kawas urang. Tapi paneda anjeunna supaya di satanah Israil ulah aya hujan, dimakbul, tilu satengah taun hujan henteu turun-turun, sabab panedana panteng.
Sanggeus anjeunna neneda deui, hujan teh turun deui ti langit, pepelakan jararadi.
Dulur-dulur, kumaha lamun aya anu ingkar tina kayaktian, heug aya anu bisa nungtun ka nu bener deui?
Kieu, anu bisa mawa anu ingkar ka nu bener deui, eta teh nyalametkeun jelema nu tas ingkar, ngarebut nyawana tina maot, sarta dosana sakumaha lobana ge bisa dihampura. Salam sim kuring, Yakobus