Gentra teh kieu ungelna, "Eh anak manusa, geura cengkat. Kami boga caritakeuneun."
2
Sabot kitu sim kuring katerap ku Roh Allah, sarta deg sim kuring ditangtungkeun. Geus kitu ngeng gentra teh aya deui, ungelna,
3
"Eh anak manusa, maneh ku Kami arek diutus ka urang Israil. Maranehna geus barontak ka Kami, ngaralawan. Barontakna nepi ka ayeuna. Karuhunna oge kitu,
4
baredegong, ka Kami henteu ngajenan. Nya ku sabab kitu maneh ku Kami diutus ka ditu, ngemban timbalan anu baris diandikakeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.
5
Rek nurut rek henteu eta tukang barontak teh ka maneh, kumaha maranehna bae, asal nyarahoeun yen aya nabina.
6
Maneh, eh anak manusa, teu kudu sieun ku maranehna. Teu kudu miris ku omonganana. Geus tangtu ngaralawan, ngahararina ka maneh. Hirup jeung maranehna sarua jeung dirubung-rubung ku langgir. Tapi poma ulah inggis ku eta tukang barontak, teu kudu paur ku omonganana.
7
Tepikeun bae ka maranehna anu ku Kami baris diandikakeun ka maneh, rek ditarurut rek henteu, kawantu eta teh jalma-jalma anu baredegong pisan.
8
Eh anak manusa, regepkeun sagala rupa anu ku Kami baris diandikakeun teh. Maneh mah ulah ngalawan, ulah kawas maranehna. Pek geura calangap, dahar ieu anu diasongkeun ku Kami."
9
Sor aya panangan nyodorkeun hiji surat gulungan.
10
Seug eta surat gulungan teh ku eta panangan dibuka, katembong dua beulahanana ditulisan, anu ungelna ucapan-ucapan ngagambarkeun jerit kapati-pati, haregung jeung humarurung.