Yeheskel 23
PANGERAN ngadawuh ka kaula,
dawuhana-Na, "Eh anak manusa, hiji mangsa aya dua awewe adi lanceuk.
Waktu keur ngorana keneh, keur waktu matuh di Mesir duanana geus kauculan parawanna, sarta terus ngalacurkeun maneh.
Lanceukna ngaranna Ohola (ieu ngupamakeun nagri Samaria), adina ngaranna Oholiba (ngupamakeun nagri Yerusalem). Duanana ku Kami ditikah nepi ka baroga anak.
Ohola, geus jadi pamajikan Kami oge lacurna mah angger bae, muaskeun napsu ka kabogoh-kabogohna ti Asur.
Eta kabogoh-kabogohna teh anggota tentara, anu marake seragam wungu, para bangsawan, jeung para pajabat luhur, kabehanana perwira-perwira pasukan kuda, sarta karasep.
Ohola jadi ungkluk eta perwira-perwira Asur, jeung ku perbawa napsu birahina, manehna tuluy nganistakeun diri nyembah ka brahala urang Asur.
Adat lacurna anu dimimitian ti Mesir, urut manehna kauculan parawanna tea, diteruskeun. Ti keur parawan keneh geus biasa sok ngedeng jeung lalaki-lalaki, anu ngalayananana sakumaha ka awewe palacuran.
Nya tuluy ku Kami diserenkeun bae ka kabogoh-kabogohna, urang Asur tea, anu ku manehna kacida dipikabogohna.
Seug ku maranehanana ditaranjangan, anak-anakna dicarerek, sarta manehna sorangan dipaehan ku pedang. Nasibna pada ngomongkeun ku papada awewe di mana-mana.
Ari Oholiba, adina, sangkilang nyahoeun, tapi malah lacurna leuwih gawok ti batan Ohola.
Manehna oge nyoso bogohna teh ka para bangsawan jeung para pajabat Asur — prajurit-prajurit anu marake seragam hurung-herang — jeung ka para perwira pasukan kuda, kabeh nonoman-nonoman karasep.
Katilikna ku Kami eta awewe teh geus bejad pisan susilana, goreng lampah teu beda ti lanceukna.
Hirupna beuki lila beuki tilelep dina lampah anu mesum. Manehna katarik ku gambar-gambar satria bangsa Babul, anu diukir dina tembok jeung dicet beureum burahay, cangkengna marake solempang, sirahna marake dastar alus pisan.
(23:14)
Barang nenjo ge manehna ujug-ujug kagembang, nepi ka tuluy nitahan jelema ka tanah Babul.
Urang Babul seug daratang, rek ngaradon sapatemon jeung eta awewe. Seug eta awewe teh ku maranehna diparake, kacida dirurujitna, nepi ka tungtungna eta awewe teh jadi boseneun.
Jalma-jalma geus taya nu bireuk deui yen eta awewe teh awewe palacuran, kawantu manehna ngahaja nangarkeun maneh. Kami cua ka manehna, cara ka lanceukna.
Lacurna beuki gawok, teu beda ti keur ngorana basa keur ngalacurkeun dirina di Mesir.
Nyosona teh ka lalaki-lalaki anu napsu birahina luar biasa, anu gede napsu sahwatna kawas kuda jalu.
(Eh Oholiba, maneh teh hayang malikan kalakuan maneh anu bejad basa keur parawan keneh di Mesir, basa lalaki-lalaki urang ditu nyonyoo susu maneh nepi ka maneh kauculan parawan.)"
"Ayeuna eh Oholiba, kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Maneh geus ngarasa sebel ka eta kabogoh-kabogoh teh. Tapi maranehna ku Kami rek disina arambekeun ka maneh, disina daratang ka dieu ngepung maneh.
Urang Babul katut urang Kaldea, urang Pekod, urang Soa, urang Koa, kitu deui urang Asur kabeh. Eta para bangsawan jeung para anu karasep, kabeh para pajabat penting jeung perwira-perwira luhur ti pasukan kuda, ku Kami rek disina kumpul.
Sina nempuh ka maneh ti beulah kaler, baladna gede, mawa kareta-kareta perang jeung kareta-kareta bekel. Kabeh nyarikep tameng jeung marake topi waja, ningker ka maneh. Maneh ku Kami rek diselehkeun, ari ku maranehna bakal dihukum nurutkeun undang-undangna.
Ku sabab Kami ambek, maranehna oge sina arambekeun ka maneh. Irung maneh ku maranehanana bakal disumpungan, ceuli maneh dirumpungan. Anak-anak maneh bakal diparaehan nu awewe nu lalaki, digalusuran tuluy didaruruk hirup-hirup.
Papakean maneh bakal dirarajet, perhiasan-perhiasan maneh dirampas.
Pangabeuki maneh kana lampah cabul ti Mesir keneh, ku Kami rek dieureunkeun. Maneh geus hamo bisa neuleu-neuleu deui brahala-brahala atawa nginget-nginget deui urang Mesir."
Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung, "Maneh ku Kami rek diselehkeun ka jelema-jelema anu ku maneh geus dipikabosen jeung dipikacua.
Jeung ku sabab maranehanana geus sarebeleun ka maneh, sagala rupa harta banda beunang maneh usaha ku maranehna bakal dirampid, maneh disina sataranjang nepi ka tetela yen maneh teh awewe ungkluk. Napsu katut lampah lacur maneh keneh,
anu ngalantarankeun maneh nepi ka kitu. Maneh geus jadi ungklukna bangsa-bangsa jeung nganistakeun diri ku arca-arcana.
Maneh geus nurutan lampah lanceuk maneh, ku sabab kitu maneh oge ku Kami rek ditibanan hukuman anu geus ditibankeun ka lanceuk maneh."
PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Maneh kudu nginum tina gelas lanceuk maneh, anu nya gede nya jero. Sina dilelewe jeung dipupuas ku saban jalma, sabab gelasna nepi ka leber.
Sing nepi ka maneh enek jeung sebel nginum eta eusi gelas lanceuk maneh Nyi Samaria, anu pinuh ku rasa kaketir jeung kabinasaan.
Inum, leguk ku maneh nepi ka beak, teureuy jeung bubuk-bubuk belingna, nepi ka maneh nyakaran harigu sorangan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung."
Kieu deui dawuhan PANGERAN Nu Maha Agung, "Ku sabab maneh geus mopohokeun jeung geus nukangan ka Kami, maneh bakal nandang sangsara, nanggung balukar hawa napsu kana lacur."
PANGERAN nimbalan ka sim kuring, "Eh anak manusa, kumaha maneh daek ngahukum Ohola jeung Oholiba, bari ngabolekerkeun sagala paripolahna anu pikacuaeun teh?
Maranehna geus ngaranyed jeung maehan, ngaranyed ka brahalana jeung maehan anak-anak Kami nu lalaki beunangna ngajurukeun. Anak-anak Kami nu lalaki ku maranehanana dikurban-kurbankeun ka brahalana.
Lain eta bae kagorenganana teh. Bait Kami dirurujit, Sabat Kami nu ku Kami geus diresmikeun, dinistakeun.
Tas maehan anak-anak Kami diparab-parabkeun ka brahalana, poe eta keneh maranehna ngasupan jeung ngarurujit Bait Kami!
Helang deui, helang deui, maranehanana ngirim utusan-utusan ka tempat anu jauh pisan, ondang-ondang. Jalma-jalma teh daratang. Ohola jeung Oholiba marandi beberesih, panonna disipat, perhiasanana diparake.
Gek dariuk dina ranjang anu alus, nyanghareupan sisihan nu ngabarak dina meja, malah seuseungitan jeung minyak jetun pamere Kami ge aya dina eta meja.
Ti luar kadenge ngageder sora jalma-jalma anu keur lalugina hate, beunang ngondangan ti gurun keusik. Eta dua awewe ku maranehna digeulangan, sarta diterapan makuta mulya.
Ceuk Kami ngomong sorangan, uyuhan daraek eta lalaki-lalaki teh lalacur jeung awewe ruruntuk anu geus ruksak awahing ku beuki ngaranyed.
Mani jol deui, jol deui maranehna ka eta dua awewe ungkluk teh. Bagilir daratang ka si Ohola jeung si Oholiba, awewe anu ruksak ahlakna.
Ku jelema anu bener mah eta dua awewe teh tangtu dicap si tukang ngaranyed, si tukang maehan, da enya duanana beuki ngaranyed sarta leungeunna lamokot ku getih."
Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung, "Maranehna sina didatangan ku gorombolan tukang rusuh, sina dirampog.
Ingkeun sina dibaraledogan ku batu ku maranehanana, sina disarabetan ku pedang, anak-anakna sina diparaehan, imahna sina diduruk.
Geus kitu ieu nagri ku Kami rek diberesihan tina ahlak nu bejad, sangkan jadi panggeuing ka unggal awewe yen ulah ngaranyed, ulah kawas eta awewe anu duaan.
Ari maneh, eh awewe adi lanceuk, maneh tangtu dihukum ku Kami, lantaran ahlak maraneh geus rusak, jeung ku sabab dosa maraneh nyembah ka brahala. Geus kitu maraneh kakara bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN Nu Maha Agung."