Yeheskel 33
PANGERAN nimbalan ka kaula.
Timbalana-Na, "Eh anak manusa, bejaan bangsa maneh kumaha jadina saupama Kami ngadatangkeun perang ka hiji nagri. Rahayat eta nagara milih hiji jalma dijieun juru kemit.
Samangsa-mangsa eta juru kemit nenjo aya musuh ngadeukeutan, seug nyadakeun tangara ngabejaan babaturanana.
Saupama anu ngadenge eta tangara henteu malire nepi ka musuh tea datang jeung maehan dirina, paehna teh bonganna.
Salahna sorangan teu malire kana tangara, da lamun malire mah bisa jadi bakal salamet.
Tapi sabalikna lamun juru kemit tea nenjo musuh datang tapi henteu nabeuh tanda bahaya, nepi ka musuh teh datang maehan jelema-jelema anu dosa, Kami tangtu nyalahkeun ka eta juru kemit anu ngalantarankeun paehna eta jelema-jelema.
Eh anak manusa, ayeuna maneh ku Kami dijieun juru kemit bangsa Israil. Maneh kudu nepikeun peringetan-peringetan ti Kami ka maranehanana.
Saupama Kami mere nyaho yen aya hiji jalma jahat anu kudu paeh, tapi maneh henteu ngelingan ka eta jelema sina ngarobah kalakuanana sangkan hirupna salamet, eta jelema baris tulus paehna, tetep dosana, tapi sual paehna nya maneh anu ku Kami dikudukeun tanggung jawab.
Saupama maneh geus mepelingan ka eta jelema tapi jelemana henteu euih-euih, eta jelema baris tulus paehna, tetep dosana, tapi hirup maneh mah salamet."
PANGERAN nimbalan ka kaula. "Eh anak manusa," timbalana-Na, "pindoan ku maneh omongan urang Israil anu nyebutkeun yen, ‘Urang teh beurat ku dosa, beurat ku kasalahan-kasalahan. Cilaka urang teh. Pimanaeun hirup?’
Bejakeun ka maranehna, demi Kami teh PANGERAN Nu Maha Agung, Allah anu jumeneng, hamo teh teuing bungah ningali aya jelema dosa paeh. Kami mending ningali jelema dosa teh eureun tina dosana sangkan hirup. Eh Israil, geura eureun migawe dosa. Nanaonan bet ngaharepkeun paeh?
Ayeuna eh anak manusa, bejakeun ka urang Israil, yen lamun aya jelema bener tuluy nyieun dosa, kalakuan hadena anu enggeus-enggeus teh moal matak nulungan. Jelema jahat lamun eureun tina kajahatanana moal dihukum. Sabalikna jelema hade tapi tuluy ngalampahkeun dosa, hirupna teh moal katulungan.
Najan jelema hade ku Kami geus dijangjian baris dihirupan, tapi lamun manehna boga rasa yen kalakuan hadena teh geus cukup sakitu, sarta tuluy mimiti nyieun dosa, kalakuan hadena anu enggeus-enggeus sarupa ge ku Kami moal diinget-inget. Manehna bakal paeh ku karana dosa-dosana.
Najan upama Kami geus mere nyaho ka jelema jahat yen manehna kudu paeh, lamun manehna eureun mah tina kajahatanana sarta tuluy milampah anu hade,
upamana bae mulangkeun barang anu ku batur ditandonkeun ka manehna, atawa mulangkeun naon bae anu geus dipaling ku manehna, cindekna eureun tina kajahatanana sarta nurut kana hukum-hukum anu mawa kana hirup, tangtu manehna hirup, moal paeh.
Kajahatanana anu enggeus-enggeus tangtu ku Kami dihampura, tangtu baris hirup lantaran geus milampah anu bener jeung anu hade.
Tapi ceuk bangsa maneh peta Kami teh teu adil! Puguh cara-cara maranehanana anu teu adil.
Jelema bener ge ari geus nyieun kajahatan mah kudu paeh ku karana kajahatanana.
Sabalikna jelema jahat oge ari eureun jahatna sarta terus milampah anu hade jeung anu bener mah, kalakuanana teh jadi pitulung geusan hirupna.
Tapi ceuk maraneh mah, eh Israil, peta Kami kitu teh teu adil. Kami ngahukum maneh teh ku lantaran lampah maneh."
Dina tanggal lima, bulan kasapuluh, sanggeus dua belas taun hirup di nagri buangan, datang jelema anu lolos ti Yerusalem mawa beja ka kaula, carekna eta kota teh geus rugrug.
Samemeh manehna datang, dina peutingna kaula ngarasa yen kakawasaan PANGERAN datang. Ari isukna sanggeus eta jelema datang, PANGERAN maparinkeun deui kapercekaan nyarita ka kaula.
PANGERAN nimbalan ka kaula.
"Eh anak manusa," timbalana-Na, "jelema-jelema anu ngareusian kota-kota ruruntuk di Israil teh nyararita kieu, ‘Ibrahim anu ngan saurang dibere tanah mani sagemblengna. Urang sakieu lobaanana, jadi tanah teh urang nu boga.’
Bejakeun ka maranehanana kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Maraneh ngaharakan daging anu aya keneh getihna. Maraneh ngabarakti ka brahala-brahala. Jeung sok maraehan. Jadi naon dasarna ngaku eta tanah boga maraneh?
Maraneh ujub takabur ku pedang sorangan. Pepetaan maraneh matak ceuceub. Unggal jelema pada ngaranyed. Jadi naon dasarna ngaku eta tanah boga maraneh?
Bejakeun ka maranehna yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung mere nyaho, yen, demi Kami teh Allah anu jumeneng, eta jelema-jelema anu ngareusian kota-kota ruruntuk teh tangtu ditumpes. Anu nyarumput di gunung-gunung jeung di guha-guha sina paraeh ku kasakit.
Eta nagara rek dijadikeun tempat anu tiiseun, sarta kakawasaanana anu ku maranehanana kacida dipikaagulna, ku Kami rek dieureunkeun. Gunung-gunung di Israil baris disina rembet jeung rumpil, nepi ka moal aya saurang-urang acan anu bisa ngaliwat ka dinya.
Saupama eta jelema-jelema ku Kami enggeus dihukum ku karana dosa-dosana, jeung saupama eta nagara geus jadi tempat anu combrek, maranehanana bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN."
PANGERAN nimbalan, "Eh anak manusa, maneh keur pada ngaromongkeun ku bangsa sorangan ari maranehanana karumpul di tembok kota, atawa di lawang-lawang panto imahna. Carekna batur pada batur, ‘Hayu ah urang ngadengekeun, aya pesen naon deui ti PANGERAN poe ieu.’
Jadi eta umat Kami teh bakal tinggarimbung arek ngadarengekeun naon-naon anu baris diucapkeun ku maneh, tapi hal anu ku maneh dititah dipilampah mah moal dijaralankeun. Ucap-ucap maneh dianggapna ku maranehna ngan sakadar guguritan. Maranehanana bakal angger sarakah harirupna teh.
Diaranggapna maneh teh teu kurang teu leuwih ti tukang ngamen, ngawihkeun lagu asmara atawa nabeuh kacapi. Ucap-ucap maneh saukur ditaranggap, ditarurut mah sakecap ge moal.
Tapi lamun sagala ucapan maneh tea geus kabuktian, tur geus pasti kabuktian, kakara bakal kararasaeun kumaha pentingna nabi keur maranehna."