:

Yeheskel 41

1

Sanggeus kitu kaula dibawa asup ka kamar pangtengahna, nya eta Kamar Suci. Gang anu brasna ka eta kamar ku anjeunna diukur, panjang ka jerona tilu meter,

2

rubakna lima meter, tembok kenca-katuhuna kandelna masing-masing dua satengah meter. Ti dinya kamarna diukur, panjangna dua puluh meter, rubakna sapuluh meter.

3

Ti dinya anjeunna nyampeurkeun kamar anu pangjerona, gang anu brasna ka dinya diukur, panjangna ka jerona sameter, rubakna tilu meter, tembok kenca-katuhuna kandelna tilu satengah meter.

4

Ti dinya anjeunna ngukur kamarna, legana sapuluh meter pasagi. Ieu kamar ayana beulah ditueun kamar pangtengahna. Geus kitu anjeunna sasauran ka kaula, "Ieu teh Kamar Pangsucina."

5

Geus kitu anjeunna ngukur tembok gedong ti jero, kandelna tilu meter. Dina tembok sakurilingna aya kamar-kamar laleutik, rubakna dua meter dua meter.

6

Aya tilu umpak, saumpakna tilu puluh kamar. Unggal umpak anu beh luhur, kamar-kamarna rada ngelok ti bagian anu dina umpakan handapeunana, jadi kamar-kamar teh najan henteu diangker oge cicingna weweg. Ari biwir tembok beulah luarna beuki ka luhur beuki ipis,

7

tapi ti luar mah ti handap nepi ka luhur katembongna sarua kandelna. Aya tanggana dua dina tembok luarna, lega, paranti unggah kana umpak panengah jeung umpak pangluhurna.

8

Tembok kamar-kamar teh beulah luarna kandelna dua satengah meter. Pikeun asup ka kamar-kamar sisi kaler aya pantona hiji, kitu keneh pikeun asup ka kamar-kamar beulah kidulna. Sakuriling gedong make emper rubakna dua satengah meter, luhurna tina taneuh tilu meter, sarua luhurna jeung dasar kamar-kamar anu dina tembok gedong. Ti emper nepi kana adegan gedong sakurilingna, ngoblogna sapuluh meter.

9

(41:8)

10

(41:8)

11

(41:8)

12

Di tungtung kulon bagian anu ngoblog tea aya adegan, panjangna opat puluh lima meter, rubakna tilu puluh lima meter, kandel tembokna sakurilingna dua satengah meter.

13

Ti dinya anjeunna ngukur gedong, panjangna lima puluh meter. Ti pongpok tukang nepi ka adegan kuloneunana, ngoblogna lima puluh meter.

14

Bagian anu ngoblog di beulah hareup oge lima puluh meter.

15

Geus kitu ngukur adegan anu di kulon tea jeung bagian anu ngoblogna kenca-katuhu, lima puluh meter. Kamar hareup, Kamar Suci, jeung Kamar Pangsucina,

16

kabeh dilapis ku papan, mimiti ti semet lante nepi ka luhureun jandela-jandela, jadi jandela-jandelana kaalingan.

17

Sakuriling tembok kamar, ti handap nepi ka luhur semet tarang-tarang panto, pinuh ku ukir-ukiran.

18

Anu direkakeun tangkal korma jeung sato-sato anu jangjangan, diselang-selang. Ukiran sato-sato anu jangjangan tea beungeutna dua-dua.

19

Nu hiji beungeut jelema, malikna kana ukiran tangkal korma nu beulah dieu, anu hiji deui beungeut singa, malikna kana ukiran tangkal korma nu sabeulah deui. Kitu kabeh diukirna sakuriling tembok kamar teh,

20

tina lante nepi ka semet tarang-tarang panto.

21

Ari tihang-tihang panto Kamar Suci tea bangunna pasagi. Hareupeun lawang Kamar Pangsucina aya anu siga

22

altar kai, jangkungna hiji satengah meter, rubakna sameter. Tihang-tihang juruna, dasarna jeung pinggir-pinggirna kabeh tina kayu. Jelema tea ngalahir ka kaula, "Ieu teh meja anu ayana di payuneun PANGERAN."

23

Di tungtung jalan anu brasna ka Kamar Suci, kitu keneh anu brasna ka Kamar Pangsucina, masing-masing make panto.

24

Pantona dua daun, dibukana ti tengah.

25

Panto Kamar Suci dihias ku ukiran tangkal korma jeung sato anu jangjangan, kawas dina tembokanana. Di hareupeun pantona aya golodog kai.

26

Gigireun pantona kenca-katuhu aya jandelaan, sarta tembokanana dihias ku ukiran tangkal korma.

Link: