:

Yeheskel 43

1

Ti dinya kaula ku anjeunna dibawa ka gapura anu nyanghareup ka wetan.

2

Bray ti beulah wetan aya cahaya nyampeurkeun, cahaya kamulyaan Allah Israil. Gentra Mantenna kadenge sada gumuruh laut, sarta bumi mani hibar kacaangan.

3

Ieu titingalan sarua kawas anu bareto katingal waktu Allah ngagempur Yerusalem, jeung anu katingal di Walungan Kebar tea. Bruk kaula nyuuh kana taneuh.

4

Eta cahaya terus asup ka jero Bait Allah, asupna ti lawang gapura wetan.

5

Kaula ku Roh PANGERAN diangkat, dicandak ka buruan jero. Katingal Bait Allah teh hibar ku cahaya kamulyaan PANGERAN.

6

Ari jelema tea nangtung gigireun kaula. Tuluy aya gentra PANGERAN ngandika ka kaula ti jero Bait Allah:

7

"Eh manusa, ieu teh tahta Kami. Di dieu Kami pilinggiheun di urang Israil, seja ngereh ka maranehna salalanggengna. Urang Israil, boh jalma rea boh raja-rajana, teu meunang nganajiskeun deui jenengan Kami anu suci, ngabarakti ka brahala, atawa ieu tempat dijieun makam raja-rajana.

8

Bareto karaton raja-raja teh nampeu pisan ka dieu, golodog jeung tihang-tihang pantona pahareup-hareup pisan jeung golodog jeung tihang-tihang panto Bait Kami, ngan kahalangan ku tembok salapis. Kalakuan maranehna anu doraka teh nganajiskeun jenengan Kami anu suci. Nu matak maranehna ku Kami dibasmi, sabab Kami geus teu kawawa ku bendu.

9

Nu matak ayeuna mah maranehna teu meunang ngabarakti deui ka allah-allah sejen, sarta mayit raja-rajana kudu dipindahkeun ti dieu. Lamun kitu, kakara Kami kersa linggih di maranehna salalanggengna."

10

PANGERAN ngandika deui, "Eh manusa, caritakeun ku maneh kaayaan ieu Bait Kami ka urang Israil, pasang petana sina dilalenyepan, sina areraeun ku kalakuanana anu sakitu dorakana.

11

Upama maranehna geus areraeun ku kalakuanana anu garoreng, ku maneh terangkeun pasang peta ieu Bait: modelna, lawang-lawang asupna, lawang-lawang kaluarna, bangunna, undak usuk babagian-babagianana, kitu deui hal papagon jeung aturan-aturanana. Catetkeun ku maneh kabeh, sangkan maranehna nyarahoeun sagala unak-anikna, jeung supaya sakabeh aturanana diarestokeun.

12

Sipat ieu Bait Kami kieu: Sakuliah wewengkon anu aya di puncak gunung, sakurilingna suci, karamat."

13

Ieu ukuran-ukuran altar, sarta parabot ngukurna sarua jeung nu dipake ngukur Bait Allah. Sakurilingeun dasar altar aya kamalir, jerona satengah meter, rubakna saparapat meter. Paminggir kamalirna diluhurkeun dua puluh lima senti.

14

Ukuran altarna: Panghandapna, ti semet dadampar pangluhurna jangkungna sameter. Bagian tengah nepi ka semet palipid sakurilingna anu kandelna lima puluh senti, jangkungna dua meter. Bagian luhur, nepi ka semet palipid anu kandelna lima puluh senti,

15

jangkungna sarua dua meter, nya eta puncakna, anu gunana paranti meuleum kurban-kurban. Tatandukanana di opat pojokna naronjol ngaluhuran puncak altarna.

16

Bangun puncakna pasagi, unggal sisi rubakna genep meter.

17

Bagian tengah oge pasagi, unggal sisi rubakna tujuh meter, kandel palipidna dua puluh lima senti. (Ari rubak kamalirna lima puluh senti). Pongpok altar sisi wetan diberean sesengked paranti mancat kana puncakna.

18

PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan ka kaula, "Eh anak manusa, regepkeun ieu anu ku Kami rek diandikakeun. Lamun altar geus anggeus dijieun, ku maneh kudu ditahbiskeun, dipake meuleum kurban jeung dikepretan ku getih kurban.

19

Ari anu meunang marek ngalalayanan Kami, ngan imam-imam asal kaom Lewi turunan Sadok. Kitu pamundut Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Maranehna bere sapi jalu hiji, sina dijieun kurban panebus dosa.

20

Getihna sawareh ku maneh kudu diulaskeun kana opat tatandukan dina juru altar, kana juru badan altar bagian tengah, jeung kana palipidna sakurilingna.

21

Maneh kudu nyokot sapi jalu anu rek dikurbankeun pikeun mupus dosa, beuleum di tempat parantina di luareun lingkungan Bait Kami.

22

Poe isukna maneh kudu meuncit embe jalu hiji, anu taya cacadna, jieun kurban panebus dosa. Getihna sawareh pake nyucikeun altar saperti ku getih sapi tea.

23

Sabada eta maneh kudu meuncit hiji sapi jalu ngora, jeung hiji domba jalu ngora, duanana ulah aya cacadna,

24

terus bawa ka Kami. Memeh dikurbankeun ka Kami, kudu dipurulukan uyah heula ku imam.

25

Mayeng tujuh poe, unggal poe maneh kudu ngurbankeun hiji sapi, hiji embe, jeung hiji domba, pikeun nebus dosa. Satona ulah cacad naon-naon.

26

Jadi eta altar teh ditahbiskeun ku imam-imam di jero tujuh poe, supaya bisa digunakeun saterusna.

27

Sanggeus tutup tujuh poe, imam-imam kudu ngamimitian ngurban dina eta altar, kurban beuleuman jeung kurban panarima, mangurbankeun jalma rea. Sanggeus kitu tan wande maraneh dimanah ku Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung."

Link: