:

Yermia 11

1

Dawuhan PANGERAN ka kaula,

2

"Regepkeun ieu sarat-sarat perjangjian. Bejakeun ka urang Yuda jeung urang Yerusalem,

3

yen Kami, PANGERAN Allahna urang Israil, baris nyapa ka sakur anu teu nurut kana ieu sarat-sarat.

4

Ieu teh perjangjian antara Kami jeung karuhun maranehna, basa karuhunna ku Kami dibawa kaluar ti Mesir, tanah anu karasana ku maranehna lir tungku anu marong. Ceuk Kami maranehna kudu nurut, kudu ngalampahkeun sagala parentah Kami. Saupama narurut, tangtu maranehna diangkat jadi umat Kami, Kami jadi Allah maranehna.

5

Jangji Kami anu diikrarkeun ka karuhun maranehna, nya eta rek mere tanah anu subur makmur, anu ayeuna dicicingan ku maranehna, ku Kami baris dilaksanakeun." Piunjuk kaula, "Saleresna kitu, GUSTI."

6

PANGERAN ngadawuh deui, "Uarkeun timbalan Kami ka nu caricing di kota-kota tanah Yuda jeung di jalan-jalan Yerusalem, uarkeun yen kudu ngadarenge jeung narurut kana eta sarat-sarat perjangjian.

7

Waktu karuhunna dibawa budal ti Mesir, ku Kami geus diomat-omatan pisan yen kudu narurut. Tur Kami ngomat-ngomatan teh nepi ka kiwari pisan.

8

Tapi maranehna teu ngadarenge, teu narurut, malah tetep baredegong jeung jarahat kawas bareto. Dititah tigin kana perjangjian teh ngan nolak bae. Nya ku Kami dihukum, sapuk jeung eusi eta perjangjian."

9

Timbalana-Na deui ka kaula, "Urang Yuda jeung urang Yerusalem geus sakait ngaralawan ka Kami.

10

Maranehna marigawe dosa anu baheula dipigawe ku karuhunna, nolak kana pituduh Kami, ngabarakti ka allah-allah sejen. Nya Israil, nya Yuda, geus miceun perjangjian anu ku Kami diayakeun jeung karuhunna.

11

Ku sabab eta ayeuna Kami, PANGERAN, mere nyaho, yen Kami rek numpes maranehna sarta moal aya anu bisa luput. Saupama maranehna sasambat marenta tulung, moal didangu.

12

Urang Yuda jeung urang Yerusalem engke sasambat marenta tulungna teh ka allah-allah sejen anu ku maranehna biasa dikurbanan. Geus tangtu eta aallahan-aallahanana teh moal bisaeun nulungan maranehna lamun eta kacilakaan geus datang.

13

Aallahan urang Yuda kacida lobana, loba pisan saperti kotana. Ari di urang Yerusalem mah anu loba teh altar paranti ngurban ka Dewa Baal anu pikagirukeun tea, lobana sarua jeung jalan di eta kota.

14

Yermia, eta jelema-jelema ku maneh ulah dipangnedakeun ka Kami, ulah dibelaan. Lamun maranehna sasambat marenta pitulung Kami pedah keur kasusahan, moal didenge."

15

Timbalana-Na deui, "Umat kanyaah Kami teh geus doraka. Jadi naon deui hakna di Bait Kami? Naha ari balahi teh bisa dicegah ku nadar jeung ngurbankeun sato? Naha nadar jeung kurban teh bisa ngayakeun kasenangan?

16

Tadina mah maranehna disebutna ku Kami teh tangkal jetun anu gomplok tur buahna leubeut. Tapi ayeuna mah ku Kami daunna rek diduruk, dahan-dahanna arek dipeunggas-peunggaskeun, sarta sorana gumuruh lir guludug.

17

Israil jeung Yuda geus dipelak ku Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa. Ayeuna ku Kami rek ditarajang ku balahi. Salah maranehna keneh, geus ngajengkelkeun ka Kami, ngalurban ka Dewa Baal."

18

PANGERAN ngawartosan yen aya musuh-musuh anu ngarah ka kaula.

19

Ari kaula kawas anak domba, teu curiga naon-naon ditungtun arek dipeuncit teh, teu terang yen keur diarah. Padahal maranehna geus sakait, aromongna, "Eta tangkal urang tuar meungpeung seger keneh! Urang paehan eta jelema teh, sing ulah aya anu inget-inget acan!"

20

Kaula neneda, "Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, Gusti teh hakim nu adil, anu nguji pikiran sareng hate manusa. Abdi nyanggakeun ieu perkawis kana panangan Gusti. Abdi hoyong ningal maranehna ku Gusti dibales."

21

Anu rek maehan kaula teh urang Anatot. Carek maranehna, lamun kaula masih nguar-nguarkeun pangandika PANGERAN, moal teu dipaehan.

22

Ku sabab eta PANGERAN Nu Maha Kawasa ngandika, "Eta jelema-jelema tangtu ku Kami dihukum. Nu ngarora sina paraeh di medan perang, anak-anakna sina paraeh ku kalaparan.

23

Kami geus nangtukeun hiji waktu, urang Anatot ku Kami rek ditarajang ku balahi. Ana balahina geus datang, maranehna moal aya anu nyesa."

Link: