Yermia 13
Timbalan PANGERAN ka kaula, "Maneh kudu meuli sarung pondok tina lawon linen, tuluy pake, tapi ulah dicelubkeun kana cai."
Seug kaula meuli sarung pondok, tuluy dipake.
Ti dinya PANGERAN nimbalan deui, dawuhana-Na,
"Maneh kudu ka Walungan Eprat, eta sarung pondok sumputkeun di ditu dina sela-sela batu cadas."
Bral kaula indit, sarung pondok teh disumputkeun di sisi Walungan Eprat.
Heuleut sawatara poe ku PANGERAN dipiwarang ka ditu deui nyokot eta sarung pondok.
Kaula indit, sarta sanggeus nepi ka enggon nyumputkeunana, geuning eta sarung teh geus bobo, moal bisa dipake deui.
PANGERAN ngadawuh deui, dawuhana-Na,
"Nya cara kitu Yuda jeung Yerusalem anu kamagungan teh engke ku Kami diruksak.
Eta umat anu jarahat teh arembungeun ngagugu ka Kami. Tetep bae warangkelang, jeung ngabarakti sarta nyarembah ka allah-allah sejen. Ku sabab kitu maranehna pijadieun saperti eta sarung anu geus teu bisa dipake deui.
Niat Kami tadina, urang Israil jeung urang Yuda teh sina pageuh meulit ka Kami, sakumaha sarung pageuh meulit kana cangkeng, sina jadi umat Kami, sangkan jenengan Kami dipuji jeung dihormat. Tapi maranehanana teu narurut bae."
Allah PANGERAN nimbalan ka kaula, "Yermia, urang Israil kudu dititah ngareusian tahang-tahang ku cianggur. Tangtu engke ngajarawabna teh memang ge nyaho, tahang anggur mah kudu dieusian ku cianggur.
Ku maneh kudu dijawab yen: jalma-jalma eusi ieu tanah, nya eta raja-raja turunan Daud, imam-imam, nabi-nabi jeung sakabeh urang Yerusalem, ku PANGERAN, nya ku Kami, rek didedetan ku cianggur datang ka marabok.
Geus kitu, boh nu geus karolot, boh nu ngarora keneh, kabeh ku Kami rek diadukumbangkeun pada baturna, kawas tahang-tahang anggur dibentur-benturkeun. Kami moal rek karunya, moal rek watir, moal nyaah-nyaah, kabeh ge rek disina paraeh."
Kitu timbalan PANGERAN, eh urang Israil! Ulah arangkuh, rendahkeun diri, sing ngadenge ka Mantenna.
Sing hormat ka PANGERAN, Allah aranjeun, bisi Mantenna kaburu nurunkeun poek, nepi ka aranjeun titarajong di gunung-gunung, memeh cahaya harepan aranjeun ku Mantenna dirobah jadi poek mongkleng.
Lamun aranjeun teu ngagarugu, kaula anu bati ceurik bari nyumput, nalangsa ku kaangkuhan aranjeun, kaula anu bati ceurik balilihan banjir cipanon, nyeungceurikan umat PANGERAN ditawan ka pangbuangan.
Timbalan PANGERAN ka kaula, "Bejakeun ka raja jeung ka indungna, turun kituh tina tahta, sabab makutana anu mulya geus copot tina sirahna.
Kota-kota pakidulan nagri Yuda geus dikepung, nepi ka euweuh nu bisa kaluar ti dinya. Urang Yuda kabeh geus dibawa ka tempat buangan."
Duh Yerusalem, tuh musuh anjeun geus murubul ti tebeh kaler! Di mana ayeuna rahayat anu dipercayakeun ka anjeun, anu jadi kaagulan anjeun?
Kumaha pibasaeun anjeun upama geus ditarajang nepi ka eleh ku bangsa anu ku anjeun disangka sobat? Anjeun ngan kari nandangan kanyeri, lir awewe nu rek ngajuru.
Mun ceuk anjeun ku naon nu matak anjeun ngarandapan ieu kabeh — ku naon pakean anjeun rangsak sarta anjeun dirangsadan — nya lantaran dosa anjeun anu sakitu dorakana.
Bisaeun jalma kulit hideung ngaganti warna kulitna, atawa maung tutul ngarobah tarotolna? Upama eta bisa, kakara anjeun oge, anu geus tuman kana kajahatan, bisa diajar migawe nu bener.
Anjeun ku PANGERAN bakal dipabalencarkeun kawas jarami ditebak ku angin ti gurun keusik.
Kitu pinasibeun anjeun, dawuhan PANGERAN. Kitu dipastikeunana ku Mantenna, lantaran anjeun geus mopohokeun ka Mantenna tuluy percaya ka allah palsu.
Aranjeun bakal tembong wiwirang, sabab bakal ditaranjangan ku PANGERAN ku manten.
Kalakuan anjeun anu sakitu najisna teh ku Mantenna katingali. Katingalieun yen di pasir-pasir, di tegalan-tegalan, anjeun muru-muru brahala, kawas lalaki anu kaedanan ku pamajikan batur, atawa kawas kuda lapar ku bikang. Eh urang Yerusalem, cilaka aranjeun! Iraha aranjeun rek beresih teh?