:

Yermia 20

1

Imam Pashur bin Imer, kapala pangawas Bait Allah, barang ngadenge yen kaula ngumumkeun hal-hal tadi,

2

tuluy neunggeul ka kaula, sarta kaula terus dirante deukeut Gapura Binyamin beulah girang, di Bait Allah.

3

Poe isukna waktu anjeunna muka rante, kaula ngomong kieu, "Dawuhan PANGERAN, jenengan Bapa teh sanes Pashur, nanging ‘Si Tagiwur’.

4

Margi kieu dawuhan PANGERAN, ‘Maneh ku Kami rek dijadikeun matak tagiwur diri sorangan, jeung matak tagiwur babaturan, anu bakal paraeh ku pedang musuh di hareupeun maneh. Urang Yuda ku Kami rek ditalukkeun ku raja Babul, sawareh digiring ka nagri Babul jadi tawanan, sawareh deui dipaehan.

5

Kakayaan, kamakmuran, jeung harta milik ieu nagri sina dirayah ku musuh. Malah dunyabrana raja-raja Yuda oge bakal diakut ka Babul.

6

Eh Pashur, maneh jeung sakulawarga kabeh bakal ditangkep, tuluy dibawa ka Babul. Maneh pipaeheun di ditu, dikubur di ditu, kitu deui babaturan maneh anu ku maneh mindeng pisan dibohongan.’"

7

Nun PANGERAN, abdi ngaraos katipu, reh kapungkur teh ku Gusti dibobodo. Memang Gusti langkung bedas batan abdi, tangtos bae Gusti unggul. Ayeuna abdi pada nyeungseurikeun, sadidinten pada moyokan.

8

Saban nyanggem, abdi kedah nyoara sataker tanaga, ngagorowok, "Kakerasan! Karuksakan!" Nun PANGERAN, abdi henteu kendat pada ngahina pada nyarekan, pedah nguarkeun pangandika Gusti.

9

Sakapeung sok kaluar ucap, "Geus, popohokeun bae PANGERAN mah, teu kudu ngomong mamawa jenengana-Na." Nanging ari nyanggem kitu, pangandika Gusti mani nereptep di jero hate, panas karasana sapertos seuneu. Sawangsulna, ari nekad seja nyekel eta pangandika, weleh teu kiat.

10

Jalmi-jalmi kakuping tingkucuwes, pokna, "Di mana-mana gawena ngan nyingsieunan! Urang kelakkeun ka nu wajib!" Malah rerencangan pisan ngadoakeun abdi cilaka. Sanggem maranehna, "Urang coba ku akal tipu, mun geus katipu urang bales."

11

Nanging Gusti, nun PANGERAN, Gusti nyarengan abdi, perkasa sareng kawasa. Maranehna, anu nganiaya ka abdi, bakal gagal. Maranehna bakal era salalamina, margi rarancangna moal hasil. Kahinaan maranehna bakal kaemut-emut salamina.

12

Gusti, PANGERAN Nu Maha Kawasa, ngaji manusa kalayan adil. Gusti uninga kana eusi hate sareng pikiran. Paparin abdi ningal wawales ti Gusti ka nu ngamusuhan ka abdi, reh ieu perkawis parantos aya dina panangan Gusti.

13

Geura maruji ka PANGERAN! Mulyakeun PANGERAN! Mantenna nulungan nu dikaniaya ku jalma-jalma anu jarahat.

14

Sing kasapa poean kaula dijurukeun! Sing kapopohokeun poean indung ngowokeun kaula!

15

Sing kasapa jelema anu ngabungahkeun bapa kaula, anu ka anjeunna mere beja: "Putra teh pameget!"

16

Eta jalma sing sarua nasibna jeung nagri-nagri anu ku PANGERAN dibasmi tanpa karunya. Isuk-isuk sina ngadenge anu humaregung ku kanyeri, pasosore sina ngadenge tangara perang;

17

bongan teu maehan kuring memeh dijurukeun, kuring mending keneh kakubur dina kandungan indung.

18

Keur naon kuring dijurukeun ge, ari ditakdirkeun kudu susah, kudu nalangsa jeung nandangan kahinaan mah?

Link: