Yermia 32
Dina taun kasapuluh Sidkia jumeneng raja Yuda, meneran taun kadalapan belas Nebukadnesar jumeneng raja di Babul, PANGERAN nimbalan ka kaula.
Harita balad raja Babul keur ngagempur Yerusalem. Ari kaula harita teh keur dikerem di jero tutupan di buruan karaton raja,
keur dipanjara ku Raja Sidkia. Anjeunna teu raoseun manah, pedah kaula nepikeun pangandika PANGERAN anu kieu, "Ieu nagara ku Kami rek diselehkeun ka raja Babul.
Ari Raja Sidkia moal bisa lolos, bakal beunang ku raja Babul, sina paadu beungeut jeung eta raja, sina palemek adu hareupan.
Sidkia bakal dibawa ka Babul, rek diantep sina di ditu nepi ka diteang ku Kami. Najan upama manehna ngalawan ge ka urang Babul, moal hasil. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."
PANGERAN nimbalan yen rek aya nu datang ka kaula, nya eta Hanamel, anak paman Salum, rek nawarkeun lahanna anu di Anatot, di wilayah tanah Binyamin, dumeh kaula barayana nu pangdeukeutna, jeung boga hak meuli eta lahan.
(32:6)
Nyata sakumaha timbalan PANGERAN, Hanamel nepungan kaula di buruan karaton, nawarkeun lahanna. Geus kitu mah kaula yakin, yen enya PANGERAN ngandika kitu.
Seug lahan teh dibeuli ti Hanamel, duitna ditimbang. Hargana teh tujuh belas gebleg perak.
Surat jual-beulina ku kaula ditanda, kalawan make saksi-saksi, tuluy duitna ditimbang dina timbangan.
Surat jual-beulina tea duanana dicekel ku kaula, boh anu disegel, anu dieusi katangtuan jeung sarat-sarat, boh salinanana anu teu make segel.
Duanana ku kaula diserenkeun ka Baruk bin Neria, incuna Mahseya. Diserenkeunana kasaksian ku Hanamel jeung ku saksi-saksi anu marilu nanda dina eta surat jual-beulina, kitu deui ku nu sejen nu araya di dinya.
Geus kitu kaula ngomong ka Baruk, hareupeun maranehna,
"Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, urus ku anjeun ieu surat-surat teh, anu disegel jeung salinanana anu teu disegel, simpen dina goci supaya tahan taunan.
PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, geus ngandika yen imah-imah, lahan-lahan jeung kebon-kebon anggur di ieu tanah, bakal dibareulian deui."
Sanggeus masrahkeun eta surat jual-beuli ka Baruk, kaula tuluy neneda,
"Nun PANGERAN Nu Maha Agung, Gusti ngadamel bumi sareng langit ku pangawasa sareng kakiatan tanpa tanding; kanggo Gusti mah teu aya perkawis anu bangga.
Gusti tara kendat nganyatakeun welas asih ka mangrebu-rebu jalma. Sawangsulna ngahukum jalma-jalma ku margi dosa kolot-kolotna. Gusti teh Allah nu agung sareng perkasa, PANGERAN Nu Maha Kawasa.
Bijaksana nya tarekah, araheng nya dadamelan. Maha uninga kana laku lampah manusa, ngaganjar jalmi satimpal sareng lampahna.
Baheula, di Mesir, Gusti ngadamel rupi-rupi mujijat, rupi-rupi kaahengan, malah dugi ka ayeuna pisan, boh di Israil, boh di bangsa-bangsa sanes, dugi ka jenengan Gusti kamashur di mana-mendi.
Eta mujijat-mujijat sareng kaahengan-kaahengan, anu dipikagimir ku musuh, ku Gusti dianggo nganyatakeun pangawasa sareng kakiatan, kanggo ngaluarkeun umat Gusti, Israil, ti Mesir.
Eta umat ku Gusti dipaparin ieu tanah anu makmur sareng subur, luyu sareng jangji Gusti ka karuhunna.
Nanging saparantos maranehna darongkap sareng ngamilik ieu tanah, ka Gusti henteu narurut, hirupna nyimpang tina piwulang Gusti. Parentah sareng papakon ti Gusti teu dilampahkeun. Kitu nu mawi ku Gusti sina nandangan rupi-rupi kacilakaan.
Ieu kota parantos dilingkung ku tanggul-tanggul, dikepung ku urang Babul, bade direbut. Maranehna parantos ngambreg. Ieu kota nuju diambreg ku perang, ku kalaparan, sareng ku panyakit, tangtos ku musuh bakal karebut. Saleresna pisan, sagala timbalan Gusti parantos ngajadi.
Parandene, nun PANGERAN Nu Maha Agung, dina kaayaan ieu kota parantos tangtos karebut ku urang Babul, Gusti bet miwarang abdi meser lahan, tur nganggo saksi sagala."
Ti dinya PANGERAN ngawaler,
"Kami teh PANGERAN, Allah sakabeh manusa. Pikeun Kami taya perkara nu bangga.
Ieu kota memang ku Kami rek diselehkeun ka Raja Nebukadnesar jeung baladna, ku eta bakal direbut.
Terus disundut ku seuneu, dihuru nepi ka rata jeung taneuh, kitu deui imah-imah anu ngahudang amarah Kami, anu loteng-lotengna diparake ngukus ka Dewa Baal, jeung diparake nyaricikeun anggur, sasajen ka allah-allah sejen.
Geus ti mimiti keneh, ti barang aya sajarahna, kalakuan urang Israil jeung urang Yuda teh matak pikaijideun Kami, matak ngahudang amarah bae.
Ti barang ieu kota ngadeg, jelema-jelemana mutuh matak kesel hate, matak jengkel bae. Mana ku Kami dipastikeun rek diruksak,
lantaran nya urang Yuda, nya urang Yerusalem, katut raja-rajana, para pamingpinna, para imamna jeung nabi-nabina, geus kabina-bina dosana.
Geus naronggongan ka Kami. Dileukeunan diwurukan ge weleh henteu ngadarenge, piwuruk Kami teu diparake.
Malah-malah nepi ka nareundeun arca-arca brahala pikaijideun di Bait Kami. Gedong paranti ngabakti ka Kami teh dirurujit.
Jaba ti kitu, nyarieun altar di Lebak Hinom jeung nyarembah Dewa Baal, diparake ngaduruk anak-anakna awewe lalaki, dikurban-kurbankeun ka Dewa Molok. Padahal Kami mah ulah-bon nepi ka marentahkeun kitu, teu asup-asup acan kana pikiran ngudukeun kitu ka maranehna, atawa nitah Yuda nyieun dosa."
PANGERAN, Allah Israil nimbalan, "Yermia, ayeuna ceuk jalma-jalma, ieu kota geus tangtu karebut ku raja Babul, lantaran diambreg ku perang, ku kalaparan, jeung ku panyakit. Ayeuna regepkeun, Kami arek nimbalan.
Jalma-jalma anu bareto waktu Kami keur jengkel dipabalencarkeun, ku Kami rek dikumpulkeun ti saban nagri tempat pabalencarna, rek dibawa mulang deui ka ieu tempat, sina jarongjon hirupna.
Sina jaradi umat Kami, Kami Allahna.
Rek sina saniat, sahate dina hirupna, nya eta: Hormat ka Kami saumur-umur, sangkan jamuga dirina, jamuga anak-anakna.
Kami rek ngayakeun hiji perjangjian jeung maranehna anu umurna langgeng. Maranehna moal pegat-pegat disenangkeun, jeung sina sarieun ku Kami kalawan hate gembleng, sina ulah nyalingkir deui ti Kami.
Kami suka nyenangkeun ka maranehna, sina tetep-tumetep di ieu tanah.
Lamun Kami bareto ka ieu bangsa mere balahi, ayeuna arek mere rupa-rupa kabagjaan, sakumaha jangji Kami tea.
Ayeuna ceuk maranehna ieu tanah tangtu jadi kawas tegal suwung, sepi taya pangeusina, taya jalma taya sato, tuluy dijabel ku urang Babul. Saenyana lahan-lahan di ieu tanah kabeh oge bakal dibeuli deui.
Dibareulian ku rahayat make surat jual-beuli anu disegel, ditanda lengkep jeung saksi-saksi, nya eta lahan-lahan di wilayah tanah Binyamin, di desa-desa sakurilingeun Yerusalem, di kota-kota tanah Yuda, di kota-kota pagunungan, di suku-suku gunung, jeung di pakidulan tanah Yuda. Jalma-jalma teh ku Kami rek dipulangkeun deui ka ieu tanah lemah caina. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."