:

Yermia 51

1

Timbalan PANGERAN, "Kami rek ngadatangkeun angin pikeun ngabasmi Babul katut pangeusina.

2

Kami rek ngadatangkeun bangsa asing, sina ngaruksak Babul lir angin niup jarami nepi ka ledis. Lamun waktuna geus datang, eta bahla baris kacida ngaruksakna, sarta datangna ti unggal juru, nepi ka eta nagri jadi suwung.

3

Tentarana, sing ulah nepi ka bisa melesatkeun panah, atawa nerapkeun baju beusina. Nu ngarorana ulah aya nu dihirupan. Pasukan baladna ancur leburkeun!

4

Sina paraeh kasambut di jalan-jalan di saban kotana.

5

Kami, Allah, PANGERAN Nu Maha Kawasa can kungsi ninggalkeun Israil jeung Yuda, sanajan maranehna teh geus boga dosa ka Kami, Nu Maha Suci di Israil.

6

Geura kalabur ti Babul! Tareangan pisalameteun! Ulah nepi ka tariwas ku karana dosa Babul. Sabab ayeuna Kami rek ngabales ka Babul, ngahukum satimpal jeung kalakuanana.

7

Babul tadina saperti gelas emas anu dicekel ku Kami, sarta geus ngamabokan saalam dunya. Bangsa-bangsa ngarinum anggur tina eta gelas nepi ka laleungit ingetanana.

8

Babul ngadadak ambruk, geus ditumpurkeun! Geura caleungceurikan! Geura alubaran raheut-raheutna sugan cageur deui.

9

Urang asing anu araya di dinya ngaromong kieu, ‘Urang geus nyoba nulungan Babul, tapi geus teu kaburu. Geus, urang balik. Babul ku Allah geus dihukum beurat pisan, geus ditumpes sama sakali.’"

10

Dawuhan PANGERAN, "Kieu ceuk umat Kami, ‘PANGERAN geus netelakeun yen urang teh bener. Hayu eta padamelan PANGERAN, Allah urang teh urang caritakeun ka sakur nu aya di Yerusalem.’"

11

PANGERAN geus ngangsonan raja-raja Media, sabab Mantenna kagungan maksud ngancurkeun Babul. Kitu cara Mantenna bakal ngabales, lantaran Babul geus ngaruksak Bait Mantenna. Perwira-perwira anu mingpin serangan marentah, "Seukeutan jamparing! Parake tameng!

12

Bere tangara pikeun ngamimitian ngagempur kuta Babul. Tohagaan pangjagaan! Eusian sakabeh pos! Sadiakeun pasukan pikeun ngabongohan!" PANGERAN geus ngalaksanakeun pangandika-Na, hal pangersa-Na ngeunaan urang Babul.

13

Eta nagri loba walunganana, loba kakayaanana, tapi ayeuna mah lalakon hirupna geus tamat, nyawana geus paragat.

14

PANGERAN Nu Maha Kawasa geus sumpah nyebat salira-Na ku manten, baris ngadatangkeun jalma-jalma anu lobana lir simeut geusan ngarurug Babul. Maranehna bakal sarurak lantaran unggul.

15

PANGERAN ngajadikeun bumi ku pangawasa-Na; ngajadikeun alam dunya jeung mentangkeun langit ku hikmah-Na.

16

Ku pangandika-Na cai nu di awang-awang gumuruh, mega ti tungtung-tungtung bumi sina kumpul. Kilat sina tingjorelat satengahing hujan, angin ribut dibudalkeun ti gudangna.

17

Nenjo nu sarupa kitu, jalma-jalma kasima rumasa teu daya teu upaya; tukang nyarieun arca ngarasa kuciwa, dumeh dewa-dewa bubuatanana palsu, euweuh nyawaan.

18

Kabeh ge gapong, hinakeuneun; dina waktuna mah ku PANGERAN baris dibasmi.

19

Allahna Yakub mah henteu kawas maranehna, da nya Mantenna nu ngadamel saniskara, sarta nya Mantenna nu ngangkat urang Israil jadi umat Mantenna. Ari jenengana-Na PANGERAN Nu Maha Kawasa.

20

Dawuhan PANGERAN, "Eh Babul, maneh teh gada Kami, pakarang perang Kami. Maneh ku Kami dipake pikeun ngaremukkeun bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan.

21

Ngancurkeun kuda jeung nu tarumpakna, ngancurkeun kareta jeung nu tarumpakna,

22

ngajagal jelema-jelema, awewe lalaki, anu karolot nu ngarora, barudak lalaki barudak awewe,

23

meuncitan tukang-tukang ngangon jeung domba-dombana, nu keur ngawaruluku jeung mundingna, numpes pamarentah katut para pajabatna."

24

Dawuhan PANGERAN, "Baris kasaksian ku maneh, Babul katut rahayatna ku Kami dibales kalakuanana nu geus ngaruksak Yerusalem.

25

Eh Babul, maneh teh ibarat gunung anu ngaruksak saalam dunya. Tapi ieu Kami, PANGERAN musuh maneh. Maneh ku Kami tangtu dicerek, dibantingkeun jeung diantep ngagoler dina kekebul.

26

Batu-batu urut ruruntuhan maneh moal aya nu kapake deui pikeun wawangunan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.

27

Bere tangara geusan narajang! Tiup tarompet sina kadarengeeun ku bangsa-bangsa. Siapkeun bangsa geusan merangan Babul! Bejaan karajaan-karajaan Ararat, Mini jeung Askenas sina buru-buru narajang. Pilih perwira pikeun mingpin. Iangkeun pasukan kuda masing nakleuk kawas simeut.

28

Siapkeun bangsa geusan merangan Babul. Teang raja-raja Media, para pamingpin jeung para pajabatna katut angkatan perang sakabeh nagri jajahanana.

29

Bumi eundeur jeung genjlong, sabab PANGERAN keur ngarobah Babul jadi gurun keusik nu suwung.

30

Perjurit-perjurit Babul geus teu bisa neruskeun tarung, nyarempod di jero bentengna, masing-masing. Geus leungit wawanenna, geus kawas awewe bae. Gapura-gapura kota geus dirarubuhkeun, imah-imahna geus dihuru.

31

Utusan-utusan geus bur-ber mawa beja ka raja Babul yen benteng kotana geus diancurkeun ditarajang ti ditu ti dieu.

32

Musuh geus ngarampas walungan peupeuntasan sarta benteng-benteng geus dihuru. Tentara Babul geumpeur.

33

Moal lila deui ge baris kasarambut jeung diidek-idek kawas gandum diirik. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allahna urang Israil."

34

Raja Babul geus maehan Yerusalem, terus dihakan. Kotana dikuras kawas ngosongkeun kendi; tuluy kabeh diteureuy buleud, teu beda ti naga. Nu dipikahayangna dipilihan, sesana dibalang-balangkeun.

35

Pek urang Sion, geura ngucap kieu, "Muga-muga Babul katulah bongan geus ngarogahala ka urang!" Pek urang Yerusalem, ngucap kieu, "Muga-muga Babul katulah bongan geus nyangsara ka urang!"

36

Geus kitu PANGERAN ngadawuh ka urang Yerusalem, "Perkara maneh ku Kami rek dibela. Sagala kalakuan musuh maneh ku Kami rek dibales. Sumber-sumber cinyusu jeung walungan-walungan di Babul rek disina gararing.

37

Eta nagri baris jadi ruruntuhan, jadi enggon sato-sato leuweung. Katenjona matak keueung, suwung taya nu ngeusian, matak kukurayeun sakur nu ngalanto ka dinya.

38

Urang Babul tinggalaur kawas singa, tinggarereng kawas anak singa.

39

Lain rakus maranehna teh? Keun, ku Kami rek disadiaan hakaneun, sina pesta sukan-sukan nepi ka marabok. Sina nepi ka harees jeung ulah bisa nyararing deui.

40

Lamun geus kitu ku Kami rek diakutan tuluy dipeuncitan moal beda ti anak domba, embe jeung badot. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

41

Kieu timbalan PANGERAN ngeunaan Babul, "Kota nu diagung-agung ku sadunya teh geus dijabel! Estu matak sumeblak ka bangsa-bangsa nu nyaksianana.

42

Geus kalembak jeung kaliputan ku laut nu ombakna tingjelegur.

43

Kota-kotana matak ketir katembongna jeung geus teu beda ti tegalan nu tara kasorang cai, taya pisan nu nyicingan malah tara aya anu liwat-liwat acan.

44

Dewa Bel, dewa nagri Babul ku Kami baris dihukum, emas-emas beunangna malingan sina dipasrahkeun ka Kami; bangsa-bangsa geus moal maruja deui ka dinya. Kuta-kuta Babul geus rubuh.

45

Eh urang Israil geura nyalingkir ti dinya! Salametkeun diri, ulah karerab ku amarah Kami.

46

Ulah rentag atawa kasima ku dedengean. Da unggal taun oge beja-beja pikarentageun teh rupa-rupa — aya beja anu nyaritakeun katelengesan di jero nagri, aya anu nyaritakeun raja merangan raja deui.

47

Mun geus kitu tandaning geus meujeuhna waktuna Kami ngahukum brahala-brahala Babul. Sakuliah nagrina baris ngarasa wirang. Jelema-jelemana kabeh ditumpes.

48

Lamun Babul geus kajabel ku jelema-jelema nu datangna ti kaler, sarta geus diancurkeun, sakur nu di bumi jeung di langit bakal sarurak ku bungah-bungahna.

49

Babul geus ngalantarankeun tiwasna manusa di saalam dunya. Ayeuna ku lantaran geus maehan bangsa Israil anu sakitu lobana, Babul baris runtuh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

50

Dawuhan PANGERAN ka umat-Na nu di Babul, "Maraneh geus luput tina bahya maot. Geuwat nyalingkir! Ulah talangke! Sanajan jauh ti lemah cai masing inget ka Kami, PANGERAN maraneh, jeung ka Yerusalem.

51

Ceuk maraneh, ‘Kuring geus dihinakeun, diwiwirang, geus taya pisan harepan, lantaran tempat suci di Bait Allah geus karampas ku musuh.’

52

Ayeuna ceuk Kami, geus datang waktuna Kami baris ngahukum brahala-brahala Babul sarta nu taratu bakal tinggarerung di sakuliah nagri.

53

Sanajan upama Babul bisa ngejat ka awang-awang tuluy ngadegkeun benteng tohaga di dinya, mo burung disusul ku jelema-jelema jurungan Kami supaya ditumpes. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

54

Dawuhan PANGERAN, "Dengekeun sora anu careurik di Babul, nyeungceurikan nagri nu geus ancur.

55

Babul ku Kami keur digempur, karameanana keur dijemplingkeun. Balad musuh muru lir ombak gumuruh, tuluy narajang bari tinggorowok.

56

Daratangna rek ngabasmi Babul; rek nangkepan serdadu-serdaduna, mingges-minggeskeun gondewana. Kami teh Allah anu ngahukum kajahatan. Babul rek dihukum satimpal jeung kajahatanana.

57

Para kawasana rek disina marabok — nu palinterna, para pamingpinna, tentarana. Maranehna sina harees, sina ulah harudang deui. Kitu timbalan Kami, nu jadi Raja, PANGERAN Nu Maha Kawasa.

58

Kuta-kuta Babul nu tohaga baris rugrug, gapura-gapurana nu laluhur baris beak dihuru. Hasil gawe bangsa-bangsa kabeh ge taya gunana. Sakabeh hasil usahana beak ku seuneu. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa."

59

Raja Sidkia kagungan pangawal pribadi, ngaranna Seraya anak Neria, incu Mahseya. Dina taun kaopat Sidkia jadi raja Yuda, Seraya milu ka anjeunna ka Babul. Harita manehna ku kaula dibere rupa-rupa amanat.

60

Eta amanat ku kaula dituliskeun dina buku, eusina ngeunaan sagala rupa kacilakaan anu baris tumiba ka Babul, nya kitu deui sagala rupa perkara sejenna ngeunaan Babul.

61

Kieu ceuk kaula ka Seraya, "Upama anjeun geus di Babul, sakur anu dituliskeun dina ieu buku kudu dibacakeun sing bedas ka urang dinya.

62

Geus kitu anjeun kudu sembahyang kieu, ‘Nun PANGERAN, Gusti parantos ngadawuh baris ngabasmi ieu tempat dugi ka moal aya deui mahluk nu hirup di dieu, boh jalmi boh sasatoan, sareng ieu tempat baris jadi salalanggengna.’

63

Sanggeus tamat dibaca, ieu buku ku anjeun kudu ditalian jeung dibabandulan ku batu, tuluy alungkeun ka Walungan Eprat,

64

bari ngucap kieu, ‘Nya baris kieu pijadieunana Babul, nya eta bakal tilelep, moal timbul-timbul deui, sabab baris dibasmi ku PANGERAN.’" Sakitu amanat Yermia.

Link: