Baris turunan Raja Daud lir tangkal nu geus dituar. Tapi sakumaha tina tunggul sok bijil sirung anyar, nya kitu keneh ti antara turunan Daud bakal muncul raja anyar.
2
Anjeunna ku Roh PANGERAN bakal dipaparin hikmah, elmu jeung kapinteran pikeun ngatur rahayatna. Ka PANGERAN bakal ngabdi, ngamulyakeun,
3
tumutna reujeung sukana. Mutus perkara moal satingal-tingalna, moal sadangu-danguna.
4
Adil asih ka nu miskin, bumela ka nu sangsara. Timbalanana kawasa nerapkeun hukum, jalma jahat tanwande dihukum pati.
5
Ngatur rahayatna bakal jujur sahinasna.
6
Ajag jeung domba hirup rukun babarengan, maung jeung anak embe darepa reureujeungan. Anak sapi nyatuan bareng jeung anak singa, diangon ku barudak.
7
Sapi jeung biruang bareng nyaratuanana, anak-anakna reureujeungan darepana. Singa jeung sapi sarua ngakan jukut.
8
Budak anu nyusu keneh ge moal nanaon ulin deukeut oray welang.
9
Di Sion, gunung PANGERAN nu suci sepi anu niat jail, moal aya anu niat jahat. Sakuliah tanah bakal pinuh ku kanyaho ka PANGERAN, lir laut pinuh ku cai.
10
Mangsa harita, eta raja anyar turunan Daud ku bangsa-bangsa bakal dijieun lambangna. Di kota karajaanana bangsa-bangsa karumpul jeung ngamulyakeun.
11
Dina mangsa eta Pangeran bakal ngagunakeun deui pangawasa, mulangkeun sesa umat-Na ti Asur jeung Mesir, ti Patros, ti Sudan, ti Elam, ti Babul, ti Hamat, kitu deui ti nagri-nagri jeung ti pulo-pulo anu jarauh.
12
Pangeran bakal ngelebetkeun bandera, tanda yen Mantenna keur ngempelkeun deui urang Israil jeung urang Yuda anu pabalencar, baris dipulangkeun ti opat pojok jagat.
13
Karajaan Israil moal dengki deui ka karajaan Yuda, Yuda oge moal ngamusuh deui ka Israil.
14
Maranehna bakal bareng ngarurug ka beulah kulon ka urang Pelisti, bareng narajang ka beulah wetan. Urang Edom jeung urang Moab bakal pasrah, urang Amon ge bakal taluk.
15
Teluk Sues ku PANGERAN disina garing, Walungan Eprat disina saat disedot ku angin panas, tinggal tujuh kokocoran anu ngerelek leutik, bisa diraas.
16
Ti Asur bakal aya jalan ngabulungbung, sorangeun umat Mantenna Israil, anu marulang sakumaha baheula waktu karuhunna budal ti Mesir.