Yesaya 14
PANGERAN bakal hawatoseun deui ka Israil umat-Na. Israil bakal diangken deui jadi kagungana-Na. Bakal diwidian nyaricingan deui tanahna, bareng jeung bangsa asing anu marilu hirup di dinya.
Loba bangsa anu bakal ngabantu urang Israil mulang ka tanahna, tanah paparin PANGERAN. Di nagrina sorangan urang Israil bakal dikaulaan ku bangsa-bangsa sejen. Anu bareto nangkep Israil bakal ditangkep ku Israil, anu bareto ka Israil nyangsara bakal diparentah ku Israil.
Kasangsaraan urang Israil ku PANGERAN bakal dienggeuskeun, kanyerina bakal dileungitkeun, dijait tina kerja paksana.
Sanggeus kitu maranehna bakal nyieun popoyokan pikeun Babul, kieu: "Kutan raja lalim teh geus tiguling! Atuh moal bisaeun nyiksa deui!
Eta pangawasa-pangawasa nu jarahat, anu marentahna bari amarah, anu tara eureun-eureun nyiksa bangsa-bangsa patalukanana, kakawasaanana geus ditilas ku PANGERAN.
(14:5)
Ayeuna jagat geus tengtrem, geus aman, jalma-jalma saruka bungah.
Kayu kijamuju jeung kiputri di Libanon jaligrah da eta raja geus tiguling, maranehna moal aya nu nuaran deui, da tukang nuaranana geus euweuh!
Dunya anu maraot geus gugupay, ngagupayan raja Babul. Arwah jalma-jalma anu keur hirupna karawasa teh bakal digiring ka dinya. Arwah raja-raja tingjuringkang tina tahta-tahtana,
nyaralukan ka raja Babul, ‘Nah, maneh ge geus apes, teu beda ti kami, bakal ngabaturan kami.
Bareto geus biasa dikawihan, dipangnabeuhkeun kacapi, biasa ngamulyakeun maneh, ayeuna kudu ngagoler di dunya anu maraot, disimbut ku cacing-cacing, dikasur bilatung-bilatung.’"
Eh raja Babul, bentang pajar nu moncorong! Maneh enggeus ngagebut ragrag ti langit! Bareto sok nalukkeun bangsa-bangsa, ayeuna geus digejretkeun kana taneuh.
Bareto maneh geus ujub arek mancal langit, rek nagenkeun tahta saluhureun bentang anu pangluhurna. Geus boga pikir rek anegleng jadi raja di puncak gunung di kaler, tempat kumpul dewa-dewa.
Majar teh rek naek ka puncak mega, rek nyaruaan ka Nu Maha Kawasa.
Tapi geuning bet digebruskeun ka handap nu pangjerona, ka dunyana nu maraot!
Nu geus maraot ka maneh malencrong jeung nareuteup semu heran. Tuluy ngaromong, "Kutan eta jelema anu ngoyagkeun jagat ngendagkeun karajaan-karajaan teh?
Baruk eta anu ngaburak-barik nagri-nagri jeung malikkeun jagat jadi gurun keusik teh? Kutan eta jelemana anu tara ngaleupaskeun sakitanana sangkan mulang teh?"
Urut raja-raja sejen kabeh baroga kuburan jeung aralus,
ari maneh mah teu boga. Bangke maneh bakal dialungkeun tuluy buruk, kaurugan ku bangke-bangke serdadu anu tariwas di pangperangan, tuluy bareng digurubagkeun kana liang cadas, kaleyek-leyek kawas bangke.
Mayit maneh moal aya nu nguburkeun cara raja-raja sejen, da nagri maneh geus ruksak ku maneh sorangan, rahayat maneh paraeh ku maneh keneh. Kulawarga maneh anu jarahat tea saurang ge moal aya anu salamet.
Geura prak peuncitan! Anak ieu raja bakal maraot nanggung dosa karuhunna, saurang ge moal aya anu kawasa di ieu jagat, moal aya anu minuhan jagat ku nyieunan kota-kota.
PANGERAN Nu Maha Kawasa ngadawuh, "Babul ku Kami rek ditarajang diburak-barik. Moal disesakeun, saurang ge moal aya anu dihirupan, kaasup barudakna. Kami, PANGERAN, anu nimbalan kitu.
Babul rek dijieun ranca, jadi enggon bueuk. Babul ku Kami rek disapu, sagala rupana tangtu beak disapukeun. Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa anu nimbalan."
PANGERAN Nu Maha Kawasa geus ikrar, "Naon bae sakersa Kami bakal ngajadi. Putusan Kami kabeh tangtu bukti.
Kami rek ngabasmi urang Asur di tanah Israil kagungan Kami, sarta ngaleyek maranehna di gunung-gunung Kami. Kami rek mecat pasangan ti umat Kami anu diterapkeun ku maranehna, jeung nurunkeun momotanana.
Kitu pangersa Kami anu bakal tumiba ka alam dunya. Leungeun Kami geus ngangkang rek ngahukum bangsa-bangsa."
PANGERAN Nu Maha Kawasa geus mastikeun kitu. Panangana-Na geus sadia baris ngahukum, moal aya nu bisa ngahalang-halang.
Ieu pangandika anu diembarkeunana dina taun pupusna Raja Ahas.
Eh urang Pelisti, panggitik anu dipake ngagitik ka maneh geus bubuk. Tapi maneh taya alesan pikeun bungah. Oray nu hiji geus paeh, tapi aya gantina nu leuwih bahaya. Aya hiji endog oray, ana megar jadi naga hiber.
PANGERAN bakal ngarawat umat-Na anu sangsara, ngaraksa sangkan maranehna salamet. Sabalikna maraneh, eh urang Pelisti, bakal ditarajang ku bahaya kalaparan! Maraneh saurang ge moal aya nu hirup.
Eh kota-kota nagri Pelisti, geura sasambat tulung-tulungan! Kabeh geura tingdaregdeg kasieunan! Aya nu ngebul meledug ti beulah kaler: Hiji balad bakal narajang ka maneh, jalma-jalmana saurang ge taya nu kecing.
Kudu kumaha jawaban urang ka utusan-utusan nu daratang ka urang ti Pelisti? Rek ditembal, yen PANGERAN geus nguatkeun Sion, sarta umat Mantenna anu sangsara bakal aman di dinya.