Yesaya 16
Ti kota Sela di gurun keusik, urang Moab ngirim hiji anak domba ka anu nyangking kawasa di Yerusalem.
Maranehna ngadarago di sisi Walungan Arnon, bulak-balik leuleumpangan teu puguh kawas manuk digebah tina sayangna.
Lumah-lameh ka urang Yuda, pokna, "Bejaan kuring sarerea kudu kumaha? Tangtayungan kuring sarerea, saperti tangkal mere iuh, sangkan kuring sarerea bisa ngareureuh handapeun iuh-iuh aranjeun. Kuring sarerea ngungsi ka dieu, pangnyumputkeun sing ulah aya anu manggihkeun.
Neda idin numpang di tanah aranjeun, sumputkeun ti nu bade numpes." (Nu neungteuinganan jeung nu ngaruksak, engke bakal euweuh. Anu ngancurkeun nagri teh engke bakal sirna.
Sanggeus kitu, hiji turunan Daud bakal jadi raja, sarta bakal marentah kalawan satia jeung kacintaan ka rahayat. Hal-hal anu bener bakal gancang dilampahkeun, sarta ngajaga sangkan kaadilan jalan.)
Tembal urang Yuda, "Urang geus ngadenge kumaha sombongna urang Moab. Urang nyaho, maranehna arangkuh jeung kamagungan, tapi eta kaadigunganana teh euweuh eusina."
Urang Moab bakal ngaharegung teu kuat ku kasusahna jeung sangsara. Bakal careurik, jeung micangcam kahakananana anu ngareunah di Kir Heres. Maranehna bakal diusir sina sarusah.
Kebon-kebon deukeut Hesbon, kebon-kebon anggur di Sibna, anu anggurna diarinum ku para kawasa nagri nepi ka mabok, bakal ruksak. Tangkal-tangkal anggurna kungsi jauh ngarambatna nepi ka nagri Yaser, kebat ka wetan nepi ka gurun keusik anjog ka kulon ka peuntaseun Laut Mati.
Kaula milu nyeungceurikan urang Yaser ku hal eta anggur Sibna. Cipanon nyurucud ningal kaayaan Hesbon jeung Elale, ngaraskeun ka urang dinya anu moal nyorang deui suka bungahna panen, lantaran panenna moal aya deui.
Sanajan tanahna lendo ge, ayeuna mah di dinya moal aya anu ngarasa bungah. Di kebon-kebon anggurna moal aya anu surak atawa tetembangan. Moal aya nu ngaluluh buah anggur nyieun cai anggur.
Kaula ngalengis ningal kaayaan Moab, sarta nalangsa ku kaayaan Kir Heres.
Urang Moab nangankeun maneh arindit ka tempat-tempat mujana di gunung-gunung, rek ngadaroa, tapi moal aya gunana.
Kitu pangandika PANGERAN ti samemehna keneh perkara Moab teh.
Ayeuna kieu pangandika-Na, "Kabeungharan Moab anu sakitu poharana teh di jero tilu taun bakal musna. Pangeusina anu sakitu lobana bakal tinggal saeutik, kitu ge lembek."