Yesaya 49
Eh bangsa-bangsa nu aranggang, jalma-jalma nu jarauh, darengekeun: Memeh kaula dijurukeun, ku PANGERAN geus dipilih jeung diangkat jadi abdi-Na.
Omongan kaula ku Mantenna disina seukeut lir pedang. Panangana-Na ku manten baris nangtayungan kaula. Kaula ku Mantenna dijieun lir jamparing, seukeut tur siap digunakeun.
Timbalan Mantenna ka kaula, "Eh Israil, maneh teh abdi Kami. Ku jalan maneh, jalma-jalma bakal ngamulyakeun ka Kami."
Tapi ceuk kaula, "Eta parantos ku abdi dilampahkeun, nanging mubadir. Dilampahkeun dugi seep tanaga, nanging teu aya pisan hasilna." Tapi kaula percaya, PANGERAN bakal ngabela, pagawean kaula tangtu aya ganjaranana.
Memeh kaula dijurukeun, ku PANGERAN geus diangkat, dijadikeun abdi-Na pikeun mawa mulang umat-Na, nya eta urang Israil anu pabalencar. Kaula ku PANGERAN dipaparin kahormatan. Pikeun kaula, Mantenna teh sumber kakuatan.
PANGERAN nimbalan ka kaula, "Aya pidameleun Kami pikeun maneh, anu leuwih penting, eh abdi Kami! Maneh lain ngan bakal mulihkeun deui kajayaan bangsa Israil nu nyesa keneh. Sajaba ti eta teh maneh rek dijadikeun cahaya, nu nyaangan bangsa-bangsa, sangkan saalam dunya rahayu."
Allah Israil nu suci, jurusalamet, nimbalan ka hiji jalma nu kacida dihinana, anu dipikacua ku bangsa-bangsa, jeung keur dibadegakeun ku raja-raja. Timbalana-Na, "Raja-raja bakal narenjo maneh menyat, seug carengkat, ka maneh ngahormat. Kitu deui para kapala ka maneh tangtu sarujud." Hal ieu tangtu bakal bukti kajadian, sabab PANGERAN geus milih eta abdi-Na. Allah Israil nu suci teh tigin kana jangji.
PANGERAN ngadawuh ka umat-Na, "Lamun geus waktuna ngajait maraneh, Kami tangtu luntur manah kersa ngadangu panyambat maraneh. Maraneh tangtu diraksa dijaga. Sarta ku jalan maraneh Kami rek ngadamel perjangjian jeung sakabeh manusa. Maraneh meunang maratuh deui di tanah sorangan nu geus kalantar.
Ka sakur nu keur dipanjara, Kami rek ngadawuh, ‘Geura bebas!’ Ka nu keur araya di nu poek, Kami rek ngadawuh, ‘Geura kaluar ka nu caang!’ Maranehna bakal bebas, lir domba dikencarkeun ka pasir sina nyaratuan.
Moal kalaparan, moal kahalabhaban, moal kabetrak ku panonpoe, moal kagarang ku tegalan anu panas ngentak-ngentak. Sabab bakal diasuh ku anu maha welas ka maranehna. Ku Mantenna bakal dibawa ka cinyusu.
Kami rek ngadamel jalan gede liwat gunung-gunung, jalan keur umat Kami.
Umat Kami bakal daratang ti nu jarauh, ti tatar kaler, tatar kulon, jeung ti tatar kidul, ti tanah Sinim."
Langit geura emprak! Jagat geura surak! Gunung-gunung geura sarenggak! Sabab PANGERAN bakal ngalilipur ka umat-Na, bakal mikawelas ka maranehna, anu eukeur salangsara.
Tapi ceuk urang Yerusalem, "PANGERAN geus nilarkeun ka urang, geus ngalalikeun."
Ku sabab kitu PANGERAN ngawaler, "Ari indung naha sok pohoeun ka orokna? Naha sok teu nyaaheun ka anak tegesna? Tapi najan aya ge indung anu teu nyaah ka anak, Kami mah hamo lali ka maraneh.
Kami hamo bisa poho ka maneh, eh Yerusalem! Ngaran maneh ku Kami geus ditulis dina dua dampal panangan.
Nu bakal ngadegkeun deui maneh moal lila deui ge daratang. Ari anu bareto ngagempur bakal nyalingkir.
Tenjo ka sakuriling, tuh aya naon! Tuh, rahayat maneh geus ngagarimbung, arek marulang ka dieu! Demi Kami teh Allah anu jumeneng, maneh engke bakal agul ku eta rahayat, cara panganten awewe agul ku perhiasanana.
Nagri maneh geus runtuh, geus suwung. Tapi moal lila deui ge ieu nagri teh bakal karasa leutik teuing, sabab bakal gegek ku itu anu keur daratang. Ari nu ngalantarankeun maneh jadi suwung, bakal aringkah ti maneh.
Rahayat maneh anu dijurukeun di pangbuangan, engke bakal ngaromong kieu ka maneh, ‘Ieu tanah geus sesek teuing, urang butuh tempat deui pikeun enggon cicing.’
Seug maneh bakal ngomong sorangan. ‘Ieu barudak pikeun aing teh dijurukeun ku saha? Da anak-anak aing mah geus teu araya, jeung aing teu ngajuru deui. Pan aing teh aya nu ngabuang. Jadi ieu barudak digedekeun ku saha? Aing teh kapan sorangan, jadi ieu barudak asalna ti mana?’"
PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan ka umat-Na, "Kami rek mere isarat ka bangsa-bangsa. Maranehna bakal ngalanteurkeun barudak maneh marulang.
Pikeun maneh, eta raja-raja teh ibarat bapana eta barudak, ari ratu-ratu minangka indungna. Ka maneh bakal sarujud, nyarembah, ngahormat, ngarendahkeun diri. Ti dinya maneh kakara bakal nyaho yen Kami teh PANGERAN. Anu ngaharep pitulung ti Kami moal gaplah."
Bisa maneh ngarebut barang anu geus direbut ku serdadu? Bisa maneh ngarebut tawanan ti jalma nu bengis?
PANGERAN keneh anu ngawalerna, "Kieu engke pijadieunana: Para tawanan teh rek direbut ti serdadu. Jarahan jalma lalim rek dirampas. Anu merangan ka maneh rek diperangan. Barudak maneh ku Kami rek dibebaskeun.
Anu nyangsara ka maneh bakal silih paehan, bakal marabok ku getihna sorangan. Geus kitu sakabeh jalma bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN, anu nyalametkeun jeung ngabebaskeun maneh. Maranehna bakal nyaraho, yen Kami teh Allah Israil anu kawasa."