Yesaya 51
PANGERAN ngadawuh, "Anu harayang salamet, anu marenta tulung ka Kami, darengekeun. Sing aringet kana batu cadas asal maraneh, kana legok urut maraneh dikali.
Sing aringet ka karuhun maraneh, Ibrahim, jeung Sarah, asal maraneh gumelar. Basa ku Kami disaur, Ibrahim teu boga anak. Seug ku Kami diberkahan, dibere anak, dibere turunan kacida lobana.
Kami rek mikawatir ka Yerusalem, ka nu caricing di eta ruruntuk kota. Tanahna anu geus suwung kawas gurun, rek dijieun lir tanah taman Eden, sina pinuh ku kasukaan, ku lagu pupujian jeung panarima ka Kami.
Eh umat, dengekeun dawuhan Kami: Kami ka bangsa-bangsa geus mere papakon, undang-undang Kami bakal nyaangan ka maranehna.
Maranehna rek buru-buru dijait. Kami tereh ngahontal kaunggulan. Kami pribadi anu bakal ngarajaan eta bangsa-bangsa. Tanah-tanah nu jarauh keur nunggu-nunggu Kami, ngarep-ngarep hayang geura dijait.
Teuteup langit, awaskeun jagat! Langit bakal ngiles kawas haseup. Jagat bakal bobo kawas baju butut. Manusa bakal paraeh kawas laleur. Sabalikna karahayuan ti Kami mah langgeng, kaunggulan Kami sampurna tutugna.
Raregepkeun ku maraneh anu nyaraho ka nu bener, anu tigin kana papakon-papakon Kami. Maraneh ulah rejag ku nu moyok atawa ngagogoreng.
Nu maroyok teh bakal musna, lir baju beak ku geget. Sabalikna karahayuan Kami mah langgeng, kaunggulan Kami saendeng-endeng."
Enggal tandang, nun PANGERAN, anggo kakawasaan, tulungan abdi sadaya, anggo kakawasaan, sapertos jaman kapungkur. Nya Gusti anu kapungkur nyacag mahluk laut anu ngaran Rahab.
Nya Gusti anu kapungkur nyaatkeun laut, ngadamel jalan nembus cai, dugi ka anu ditulungan ku Gusti tiasa mareuntas.
Sugri anu parantos dijait ku Gusti, bakal darongkap ka Yerusalem kalayan bingah, bari nyaranyi sareng sarurak. Maranehna bakal bagja salamina, bebas salamina tina kasangsaraan sareng kaprihatinan.
PANGERAN ngadawuh, "Ieu Kami anu mere kakuatan ka maraneh. Ku naon make sarieun ku manusa, anu umurna pondok saumur jukut?
Naha geus paroho ka PANGERAN, anu ngajadikeun maraneh, anu geus ngabeberkeun langit jeung nerapkeun dasar bumi? Ku naon sarieun ku nu keur amarah, ku anu nganiaya jeung rek numpes? Maraneh moal beunang deui ku musuh.
Anu ayeuna keur dipanjara, bakal tereh bebas, malah bakal paranjang umur jeung loba rejeki.
Kami teh PANGERAN Allah maraneh. Kami ngahudangkeun laut, ombakna sina jumegur. Jenengan Kami: PANGERAN Nu Maha Kawasa!
Kami ngabeberkeun langit, ngamparkeun dasar bumi. Ceuk Kami ka Yerusalem: Maneh umat Kami! Maneh ku Kami geus dibere pangajaran. Panangan Kami ngaping ka maneh."
Geura lilir, Yerusalem! Geura hudang! Geura cengkat! Maneh geus nginum eusi lumur hukuman, anu ku PANGERAN, sajeroning bendu, dititah diinum. Ku maneh geus diinum kabeh, nepi ka maneh sasampoyongan.
Ka maneh euweuh nu karunya mangnungtunkeun. Rahayat maneh hiji ge euweuh nu nyangkeh ka maneh.
Maneh enggeus katurug katutuh, tanah ruksak ku perang, rahayat paeh kalaparan, turug-turug euweuh anu mikarunya.
Rahayat maneh tinglenggerek di jalan-jalan, kapaehan lantaran kalaparan, kawas peucang kaeurad ku nu moro, keuna ku bendu Allah sakitu bangetna.
Eh urang Yerusalem nu keur sangsara, anu keur sasampoyongan kawas nu mabok!
Maraneh bakal dibelaan ku PANGERAN. Allah maraneh ngadawuh, "Lumur anu diinumkeun ka maneh basa Kami bendu, ku Kami rek dicokot. Eta anggur anu matak lanjung tong diinum deui.
Ku Kami rek diinumkeun ka anu nganiaya ka maraneh, anu ngalantarankeun maraneh tinggolepak di jalan-jalan, anu ka maraneh geus narincakan kawas ka leutak."