PANGERAN ngadawuh, "Eh sakur nu halabhab, ka darieu, nginum! Anu henteu baroga duit, ka darieu, ieu dahareun dalahar, teu kudu mayar. Anggur jeung susu, teu kudu dibeuli.
2
Keur naon ngabalanjakeun duit ka nu henteu matak seubeuh? Keur naon meulikeun upah digawe, ari beuteung angger lapar? Ieu dawuhan Kami regepkeun! Tangtu maraneh bakal seubeuh ku dahareun nu panghadena.
3
Eh umat, ka darieu, hiap, tangtu maraneh hirup! Kami rek nyieun perjangjian langgeng jeung maraneh. Jeung kurnia Kami, anu bareto dijangjikeun ka Daud, bakal diserenkeun ka maraneh.
4
Manehna ku Kami dijenengkeun pamingpin, ngapalaan bangsa-bangsa. Ku jalan manehna, kakawasaan Kami dinyatakeun ka bangsa-bangsa.
5
Ayeuna maraneh bisa nyalukan bangsa-bangsa anu tacan wawuheun ka maraneh. Eta bangsa-bangsa bakal muru-muru ka maraneh. Hal eta rek dibuktikeun ku Kami, Allah maraneh, Allah Israil nu suci. Maraneh bakal mulya, bakal agung."
6
Geura tarobat ka PANGERAN. Geura sasambat ka Mantenna anu geus deukeut.
7
Anu jarahat geura robah kalakuan, geura garanti pikiran. Geura tarobat ka Allah kaula. Mantenna sipat welas jeung hampuraan.
8
Dawuhana-Na, "Pikiran Kami lain saperti pipikiran maraneh. Jalan Kami lain saperti jalan maraneh.
9
Sakitu luhurna langit ti bumi, sakitu jauhna jalan jeung pikiran Kami ti jalan jeung pipikiran maraneh.
10
Saperti ibun jeung hujan turun ti langit, maseuhan bumi, nuwuhkeun pepelakan, ngabijilkeun bibinihan jeung dahareun,
11
nya kitu pangandika anu kaluar ti Kami, moal gagal mawa tujuan pangersa Kami. Sagala pangersa Kami, ku eta tangtu dilaksanakeun.
12
Maraneh bakal marulang ti Babul bari garerah. Dituyun kaluar ti dinya kalawan salamet. Gunung-gunung, pasir-pasir, bakal ngarawih, tatangkalan emprak.
13
Rungkun cucuk diganti ku tangkal camara, tangkal cucuk diganti ku tangkal pacar walanda. Eta pikeun tanda anu langgeng, tanda titinggal hasil damel Kami, PANGERAN."