:

Yesaya 65

1

PANGERAN ngadawuh, "Kami daek ngajawab paneda umat, tapi maranehna tara neneda. Kami daek kapanggih lamun ku maranehna diteangan, tapi maranehna tara nyoba-nyoba acan neangan. Eta bangsa tara neneda ka Kami, padahal Kami salawasna sadia pikeun ngajawab, ‘Ieu Kami, Kami daek nulungan maraneh.’

2

Kami salawasna sadia pikeun ngahiap ka maranehna anu warangkelang, anu garoreng kalakuanana ngajujur karep sorangan.

3

Tabeatna anu teu boga kaera teh nyieun pisewoteun bae, ngalurban ka brahala di tempat-tempat karamat, ngarukus dina altar pikeun brahala.

4

Ari ti peuting sok arindit ka astana-astana, marenta pituduh ka arwah-arwah jelema nu geus paraeh. Ngaharakan daging babi, kuahna anu disuguhkeun ka brahala teh diaruyupan.

5

Ka nu sejen sok nitah nyingkir, ‘Nyingkir ka ditu, ulah antel ka kami. Kami mah geus suci!’ Kami moal sabar ka jelema anu kitu. Amarah Kami tangtu narajang lir seuneu anu moal pareum-pareum.

6

Maranehna geus diputus baris dihukum. Hukumanana geus dituliskeun. Kalakuanana kitu moal diantep, tangtu dibales,

7

boh dosa maranehna, boh dosa karuhunna. Maranehna ngarukus di kuil-kuil brahala di luhur pasir sarta ngagogoreng ka Kami. Ku sabab kitu, kalakuanana anu ka tukang-tukang tangtu ku Kami dihukum."

8

PANGERAN ngadawuh, "Moal aya jelema anu ngaruksak buah anggur anu alus. Buah anggur anu alus tangtu dijieun anggur. Kitu keneh Kami, moal ngabasmi umat anu ngabakti ka Kami, malah rek nyalametkeun maranehna.

9

Urang Israil ti kaom Yuda ku Kami rek dibere berkah jeung dibere tanah Kami di pagunungan. Eta umat anu dipilih ku Kami, anu ngabarakti ka Kami, sina maratuh di dinya.

10

Maranehna bakal nyembah ka Kami. Dombana, sapina, sina nyaratuan di sampalan-sampalan, di kulon di Saron, di wetan di Lebak Akor.

11

Ari maraneh, anu naloker Kami, anu mopohokeun ka Sion gunung Kami anu suci, anu nyembah ka dewa-dewa anu ngaran Gad jeung Meni anu nyekel milik jeung nasib, bakal sabalikna.

12

Pimilikeun maraneh mah paeh dina cara anu kacida matak ngerikna, lantaran henteu daraek nemonan panyaur Kami, henteu daek ngadarenge kana dawuhan Kami. Ti batan narurut anggur nyieun kalakuan goreng.

13

Ku sabab kitu, sakur anu ngabakti jeung nurut ka Kami, moal kurang dahar nginum. Sabalikna maraneh mah bakal kalaparan jeung kahalabhaban. Maranehna bakal bagja, ari maraneh mah bakal nandang era.

14

Maranehna bakal barungah, ari maraneh mah bakal susah.

15

Ngaran maraneh bakal dijieun sasapaan ku umat pilihan Kami. Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, rek ngahukum pati ka maraneh. Sabalikna anu nurut ka Kami mah bakal dipaparin ngaran anyar.

16

Sing saha di ieu tanah anu hayang meunang berkah, anu baris dipentana teh tangtu berkah ti Allah anu maha satia. Sing saha anu sumpah, bakal nyebut jenengan Allah nu maha satia. Kasangsaraan anu ka tukang-tukang ku maranehna bakal kapopohokeun."

17

PANGERAN ngadawuh, "Kami rek ngadamel bumi anyar jeung langit anyar. Sagala kajadian anu ka tukang-tukang geus moal kainget-inget.

18

Sing garerah sing barungah ku sagala damel Kami. Yerusalem anu ku Kami geus dijadikeun anyar, bakal pinuh ku perkara anu matak suka pangeusina bakal bagja.

19

Kami pribadi bakal ngarasa sugema ku hal Yerusalem jeung pangeusina. Di dinya moal aya deui anu ceurik atawa udah-aduh jeung menta tulung.

20

Moal aya deui anu orokna paeh. Kabeh jelema paranjang umur. Umur saratus taun teh kaitung ngora keneh. Anu maot memeh umur sakitu tandaning meunang hukuman.

21

Anu nyarieun imah bisa dipake ku maranehna keneh, moal dieusian ku jalma lian. Marelak anggur, anggurna bisa kainum sorangan ku nu melakna, moal ku nu sejen. Cara tatangkalan, umat Kami bakal paranjang umurna, bakal bisa metik kani’matan hasil gawena.

22

(65:21)

23

Sagala gawena bakal mulus. Anak-anakna moal manggih bahla. Maranehna saturunanana bakal diberkahan ku Kami, turun-tumurun.

24

Upama maranehna neneda, memeh amin ku Kami geus dikabulkeun.

25

Ajag jeung domba bakal reujeung nyaratuan. Singa oge cara sapi bae ngahakan jukut. Kabeh oray moal matak bahya. Di Sion gunung Kami anu suci, moal aya picilakaeun, moal aya pikagorengeun."

Link: