Yoel 1
Ieu pangandika PANGERAN ka Yoel putra Petuel:
Eh nu geus karolot, darengekeun! Eh sakur nu aya di Yuda, regepkeun! Di jaman maraneh, atawa jaman karuhun maraneh, naha kungsi aya kajadian kawas kieu?
Caritakeun hal eta ka anak maraneh, anak maraneh sina nyaritakeun deui ka anak-anakna, anak maranehna sina nyaritakeun deui ka turunanana.
Abrulan simeut merul pasusul-susul, narapuk kana paneneun. Anu nyesa urut abrulan ieu, beak digalaksak ku abrulan itu.
Eh nu marabok, geura areling jeung careurik geura tingjarerit eh tarukang nginum anggur! Sabab buah anggur keur nyieun inuman geus lebur.
Nagri urang diambreg ku balad simeut, baredas tur kacida lobana, huntuna saseukeut huntu singa.
Pelak anggur urang lebur tangkal-tangkal kondang beak digarayeman, kulitna beak disaregetan, nepi ka dahan-dahanna boleklak bodas.
Umat geura midangdam cara mojang ngabangingik, ditinggalkeun maot ku pisalakieunana.
Taya gandum taya anggur keur sanggakeuneun ka Bait Allah; imam-imam prihatin, teu baroga baktikeuneun ka PANGERAN.
Kebon-kebon saruwung, taneuhna nguyung lantaran gandumna lebur pelak anggur tangkalna gararing, tangkal jetun aralum.
Para patani geura nalangsa, nu ngarebon anggur geura ngarungun, lantaran gandum jeung hanjeli, sagala rupa paneneun ruksak binasa.
Tangkal-tangkal anggur aralum, tangkal-tangkal kondang parerang, tangkal bubuahan ngarangrangan terus paraeh, kasuka jalma-jalma geus sirna.
Eh imam-imam anu laladen di altar, geura dibaraju karung jeung careurik! Geura arasup ka Bait Allah jeung midangdam sapeupeuting! Lantaran geus euweuh gandum jeung anggur pikeun baktikeuneun ka Allah maraneh.
Parentahkeun, jalma-jalma sina paruasa; umumkeun yen kudu ngayakeun sidang! Kumpulkeun para pamingpin jeung sakabeh urang Yuda ka Bait Allah, gedong PANGERAN Allah maraneh, sina sasambat ka Mantenna.
Poena PANGERAN tereh datang, poena Nu Maha Kawasa baris ngadatangkeun karuksakan. Eta poe estu matak sieun!
Urang ngan semet bisa melong gandum paneneun urang diruksak. Di Bait Allah kagungan Allah urang geus teu aya kahegaran.
Binih paraeh dina taneuh garing. Geus euweuh gandum keur simpeneun, leuit-leuit jadi karosong jeung tingtalambru.
Sapi-sapi tingaremoh bangun susah, sampalanana teu jarukutan; domba-domba kalaparan.
Abdi sasambat ka Gusti, nun PANGERAN, jalaran sampalan sareng tatangkalan gararing, sapertos anu diduruk ku seuneu.
Malah sato-sato alas ge sasambat ka Gusti, jalaran walungan-walungan ngoletrak saraat.