Yohanes 14
"Maraneh ulah salempang," saur-Na deui. "Sing percaya ka Allah, sarta sing percaya ka Kami.
Di bumi Rama Kami loba kamar, sarta ayeuna Kami rek ka ditu nyadiakeun pitempateun maraneh. Lamun teu kitu ku Kami moal diomongkeun ka maraneh.
Sanggeus nyadiakeun pitempateun maraneh, Kami ti ditu tangtu bakal datang deui nyokot maraneh, supaya maraneh oge aya di tempat Kami.
Maraneh geus nyaraho jalanna ka tempat anu ku Kami rek diteang."
"Gusti," ceuk Tomas, "abdi-abdi teu terang Gusti bade ka mana, bade terang kumaha jalan ka ditu?"
Waler Gusti ka Tomas, "Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama."
"Ayeuna," saur-Na ka sarerea, "maraneh geus nyaraho ka Kami, ka Rama oge tangtu nyaraho. Malah ti ayeuna keneh oge geus nyaraho ka Mantenna teh, geus narenjo."
"Gusti," ceuk Pilipus, "tingalikeun Rama teh ka abdi-abdi, supados abdi-abdi teu panasaran."
Waler Yesus, "Geus sakitu lilana Kami reureujeungan jeung maneh, piraku maneh can wawuh keneh bae ka Kami, Pilipus? Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama, ku naon ceuk maneh bieu ‘Tingalikeun Rama teh ka abdi-abdi’?
Na teu percaya maneh, Pilipus, yen Kami jadi hiji jeung Rama, sarta Rama jadi hiji jeung Kami." Geus kitu saur-Na deui ka sarerea, "Omongan anu ku Kami diucapkeun ka maraneh teh lain omongan Kami sorangan, kedalna teh ku pangersa Rama anu ngahiji di diri Kami.
Sing percaya, Kami teh jadi hiji jeung Rama, Rama jadi hiji jeung Kami. Lamun teu percaya kana eta hal, sahenteuna sing percaya kana hal-hal anu dipigawe ku Kami.
Satemenna ceuk Kami: Sing saha anu percaya ka Kami, bakal ngalampahkeun sakur anu dipigawe ku Kami, malah bakal ngalampahkeun anu leuwih ti kitu, sabab ayeuna Kami tereh mulang ka Rama.
Jeung naon bae anu disuhunkeun ku maraneh make ngaran Kami, tangtu ku Kami dikabul, supaya ku jalan Kami kaagungan Rama jadi nyata katembong.
Lamun maraneh nyuhunkeun ka Kami nyebut ngaran Kami, ku Kami tangtu dikabul."
"Upama maraneh nyaraah ka Kami geus tangtu narurut kana parentah-parentah Kami.
Kami rek nyuhunkeun ka Rama, sarta Rama bakal maparin ka maraneh hiji Panulung sejen, anu bakal nyarengan ka maraneh salalawasna.
Eta Panulung teh nya eta Roh Allah, anu bakal nganyatakeun hal Allah nurutkeun anu saestuna. Eta Roh ku dunya mah moal katarima, sabab dunya mah ka eta teh teu nenjoeun, teu nyahoeun. Ari maraneh mah nyaraho, sabab Anjeunna aya di maraneh, ngancik di diri maraneh.
Sanggeus Kami indit, maraneh moal diantep nyorangan; tur Kami bakal datang deui ka maraneh.
Pikeun saheulaanan mah dunya teh moal nenjo deui Kami, tapi maraneh mah bakal narenjo; jeung ku sabab Kami teh hirup, maraneh oge bakal hirup.
Lamun poena geus datang, maraneh bakal nyaraho yen Kami jadi hiji jeung Rama, maraneh jadi hiji jeung Kami, Kami oge jadi hiji jeung maraneh.
Sing saha anu narima jeung ngalampahkeun parentah-parentah Kami, eta tandaning nyaah ka Kami. Sing saha anu nyaah ka Kami, bakal dipikaasih ku Rama; Kami oge tangtu bakal mikaasih jeung bakal nganyatakeun diri ka manehna."
"Gusti," piunjuk Yudas (lain Yudas Iskariot), "ku naon margina ka abdi-abdi mah Gusti kersa nganyatakeun salira, dupi ka dunya mah henteu?"
Waler Yesus ka Yudas, "Sabab anu mikanyaah ka Kami jeung nurut kana piwuruk Kami mah bakal dipikaasih ku Rama Kami, jadi Rama Kami jeung Kami bakal sumping terus linggih di manehna.
Anu henteu nyaaheun ka Kami mah geus tangtu embungeun nurut kana pangajaran Kami. Pangajaran anu ku Kami diwurukkeun ka maraneh teh lain ti Kami, tapi ti Rama anu ngutus Kami.
Hal ieu ku Kami diomongkeun ayeuna, meungpeung Kami aya keneh jeung maraneh.
Panulung tea, nya eta Roh Suci beunang nyuhunkeun Kami ka Rama, ka maraneh bakal ngawurukkeun sagala perkara, jeung ngingetan supaya maraneh aringet kana sagala hal anu ku Kami geus diwurukkeun.
Maraneh ku Kami rek ditinggalan kakertaan, kakertaan Kami pribadi, anu beda tina kakertaan asal ti dunya. Ulah honcewang, ulah baringung, ulah rarisi.
Ceuk Kami tadi, ‘Kami rek indit, tapi bakal datang deui ka maraneh.’ Lamun maraneh nyaraah ka Kami, malah bakal barungah Kami rek mulang ka Rama teh, sabab Rama mah leuwih agung ti batan Kami.
Hal ieu ku Kami diomongkeun ayeuna memeh kajadian, supaya engke maraneh percaya lamun geus kajadian.
Kami geus teu bisa lila-lila deui nyarita ka maraneh, sabab anu nyangking ieu dunya geus datang. Saenyana manehna teu kawasa naon-naon ka Kami,
tapi Kami kudu tumut kana sagala pangersa Rama, supaya kanyaah Kami ka Mantenna kanyahoan ku ieu dunya. Hayu ayeuna mah urang arindit ti dieu.