:

Yohanes 2

1

Dua poe ti harita aya anu hajat nikah di kota Kana di Galilea; ibuna Yesus aya di dinya.

2

Yesus oge diulem jeung murid-murid-Na.

3

Sanggeus anggur inumeun beak, ibuna Yesus nyarios ka Anjeunna, "Nu hajat teh seepeun leueuteun."

4

Yesus ngawaler, "Ulah disaurkeun ka Abdi, margi Abdi teu acan dongkap kana waktos."

5

Tapi ibu-Na terus sasauran ka tukang-tukang laladen, saurna, "Engke lamun Anjeunna miwarang naon-naon, pigawe bae!"

6

Di dinya aya tahang batu wadah cai paranti wawasuh sakumaha adat agama urang Yahudi, pieusieunana masing-masing kira-kira saratus liter.

7

Yesus marentah ka tukang-tukang laladen, saur-Na, "Eta tahang-tahang eusian ku cai." Tuluy diareusian mani laleber;

8

geus kitu saur Yesus, "Siuk saeutik, anteurkeun ka pamangku hajat." Seug dianteurkeun; barang ku manehna diasaan,

9

cai teh geus robah jadi anggur. Manehna teu nyahoeun kumaha asalna (nu nyiuk jeung nganteurkeunana mah puguh bae nyahoeun); tuluy manehna nyalukan panganten lalaki,

10

seug ngomong kieu, "Biasana anu dikaluarkeun ti payun teh anggur anu pangraosna heula, upami tamu-tamu parantos warareg nembe ngaluarkeun anu sedeng-sedeng bae. Dupi ieu sabalikna, nu saena dipandeurikeun!"

11

Ieu kaajaiban di Kana wewengkon Galilea teh, kaajaiban anu pangmimitina dipidamel ku Yesus, nembongkeun kamulyaana-Na. Murid-murid-Na jadi palercaya ka Anjeunna.

12

Geus kitu Yesus jengkar ka Kapernaum jeung ibu-Na, saderek-saderek-Na, murid-murid-Na. Di Kapernaum ngendek heula sawatara poe.

13

Hari Raya Paska geus deukeut, ku sabab eta Yesus angkat ka Yerusalem.

14

Barang lebet ka Bait Allah, nyampak di jero loba jelema keur daragang sapi, domba, jeung manuk japati; tukang nalukeuran duit oge loba, keur dariuk nyalanghareupan mejana.

15

Seug Anjeunna ngadamel pecut ku rara, tuluy dianggo ngabuburak sasatoan ti jero Bait Allah, sapi jeung domba disarabetan; meja-meja tukang nalukeuran duit dibalik-balikkeun, duitna mancawura.

16

Ari ka nu daragang japati saur-Na teh, "Bawaan ka luar! Gedong Ama Kami ulah dijieun deui pasar!"

17

Ras murid-murid aringeteun kana ayat Kitab Suci anu kieu, "Hate Abdi, nun Allah, asa ngentab bawaning ku deudeuh ka Gedong Ama."

18

Gegeden-gegeden Yahudi daratang ka Anjeunna, naranya, "Anjeun bisa nyieun kaajaiban naon pikeun nandakeun boga hak ngajalankeun anu sarupa kieu!"

19

Yesus ngawaler, "Ruag ieu Bait Allah, ku Kaula rek diadegkeun deui di jero tilu poe."

20

"Diadegkeun deui di jero tilu poe?" ceuk eta para gegeden. "Ieu adegan teh dijieunna opat puluh genep taun!"

21

Padahal anu dimaksud ku Yesus mah ngeunaan salira-Na, lain eta gedong.

22

Nu matak engke, sanggeus Anjeunna gugah deui tina pupus, murid-murid-Na bakal aringeteun kana ieu pilahir, sarta percaya kana ungelna Kitab Suci jeung ka nu geus disaurkeun ku Yesus.

23

Salila Yesus di Yerusalem sapanjang Pesta Paska, loba jelema anu palercaya ka Anjeunna dumeh narenjo kaajaiban-kaajaiban damelana-Na.

24

Tapi Yesus ku anjeun teu percanten ka maranehna, sabab uningaeun kana tabeat maranehna.

25

Teu kudu dicariosan deui Anjeunna mah tabeat maranehna teh, lantaran geus uningaeun kana eusi hatena masing-masing.

Link: