Yohanes 5
Sanggeus eta, Yesus angkat ka Yerusalem, sabab di ditu aya pesta kaagamaan.
Di Yerusalem, deukeut "Gapura Domba" aya hiji kulah anu ngaranna dina basa Ibrani Betesda. Eta kulah make lima tepas,
unggal tepasna pinuh ku nu garering keur ngaredeng, nu lolong, nu deog, jeung nu lumpuh, [keur ngadarago obahna cai eta kulah.
Sabab sakapeung sok aya malaikat Pangeran lungsur ka eta kulah ngobah-ngobah caina; lamun geus kitu, anu pangheulana ancrub kana eta kulah, gering naon bae oge tangtu cageur.]
Di dinya aya hiji jelema anu geringna geus tilu puluh dalapan taun;
katingalieun ku Yesus keur ngedeng ngagoler jeung kauninga yen geringna geus sakitu lilana. Tuluy dipariksa, "Maneh hayang cageur?"
Walonna, "Sumuhun, Juragan! Mung upami cai kulah obah, abdi teu aya anu ngabantuan ngancrubkeun, nembe oge nyobi-nyobi parantos kapiheulaan ku nu sanes."
Pilahir Yesus, "Heug, geura nangtung, samakna pulung, tuluy leumpang."
Sapada harita eta jelema ngadadak cageur, jung nangtung, samakna dipulung, tuluy mimiti leumpang. Harita kajadianana teh dina poe Sabat,
ku sabab kitu gegeden-gegeden Yahudi ngomong kieu ka eta jelema anu kakara dicageurkeun, "Ayeuna poe Sabat! Eta maneh mawa samak, ngarempak Hukum Agama."
Walonna, "Abdi mah dipiwarang ku anu nyageurkeun, saur-Na geura nangtung, samakna bawa tuluy leumpang."
"Saha anu nitahna?" para gegeden mariksakeun.
Tapi eta jelema nu anyar cageur teh teu wawuheun ka Yesus, turug-turug Yesus kahalangan ku nu loba sarta tuluy angkat ti eta tempat.
Sanggeus kitu Yesus papendak deui jeung manehna di Bait Allah. "Kieu dengekeun," saur-Na ka manehna, "maneh ayeuna geus cageur. Ulah nyieun deui dosa, bisi matak leuwih cilaka."
Eta jelema tuluy bebeja ka para gegeden Yahudi, yen anu nyageurkeun manehna teh Yesus.
Ku sabab kitu Yesus ku para gegeden teh mimiti disusahkeun lantaran nyageurkeun dina poe Sabat.
Tapi pilahir Yesus, "Rama Kaula teu kendat barangdamel nepi ka ayeuna, Kaula oge kudu kitu."
Diwaler kitu maranehna beuki geregeteun, beuki harayangeun maehan ka Anjeunna, sabab ceuk maranehna Anjeunna teh lain ngan ngalanggar hukum Sabat, tapi katambah ku ngangkenkeun anjeun sarua jeung Allah dumeh saur-Na Allah teh Rama-Na.
Yesus ngalahir deui, "Kaula rek ngabejakeun hal anu saenyana: Ari Putra mah moal bisa kua-kieu karep-Na sorangan. Anu dipilampah ku Putra teh anu ku Anjeunna katembong dipidamel ku Rama. Rama midamel kitu, Putra oge milampah kitu.
Ku sabab Rama teh mikaasih ka Putra, sagala rupa padamelana-Na teh dipintonkeun ka Putra-Na. Malah Mantenna bakal mintonkeun anu leuwih ajaib deui, nepi ka aranjeun ngarasa helok.
Sakumaha Rama ngahudangkeun nu paraeh sina harirup deui, Putra Manusa oge bakal ngahirupkeun saha bae anu dikersakeuna-Na.
Rama ku manten moal ngahukum ka saha-saha, sabab hak ngahukum sagemblengna geus diserenkeun ka Putra,
supaya jalma-jalma kabeh ajrih ka Putra sakumaha ka Rama. Anu henteu ngajenan ka Putra henteu ngajenan ka Rama anu ngutus-Na.
Kaula ngomong saenyana: Sing saha anu ngaregepkeun omongan Kaula jeung percaya ka anu ngutus Kaula, tinangtu hirup langgeng, moal dihukum, malah ucul tina paeh sarta asup kana hirup.
Sing percaya lamun ceuk Kaula bakal aya mangsa anu paraeh bakal ngadarenge soara Putra Allah. Eta mangsa ayeuna oge geus mimiti. Anu ngadarenge kana soara-Na tinangtu hirup.
Sakumaha Rama sumberna hirup, Putra Manusa oge ku Rama dijadikeun sumberna hirup.
Rama ka Putra-Na geus nyerenkeun hak pikeun ngahukum, sabab Putra-Na teh Putra Manusa.
Ulah hareran, pasti datang mangsa anu paraeh bakal ngadarenge soara Anjeunna,
tuluy kalaluar ti jero kuburna. Anu keur hirupna hade, harudangna bakal terus kana hirup langgeng, anu keur hirupna jahat harudangna pikeun narima hukumanana."
"Kumaha hukumanana, Kaula henteu kawasa nangtukeun sorangan, kumaha ditimbalkeunana ku Rama bae. Eta sababna hukuman ti Kaula bakal adil, lain ngahukum sakarep-karep, tapi ngajalankeun pangersa nu ngutus.
Hal ihwal Kaula nu saenyana, ari diomongkeunana ku Kaula keneh mah teu bisa dipercaya benerna.
Tapi anu mere panyaksi tina hal Kaula teh jalma sejen, sarta Kaula terang yen panyaksina bener.
Aranjeun geus ngirim utusan ka Yohanes; nya Yohanes anu mertelakeun hal ihwal Kaula teh, sarta pertelaan anjeunna bener.
Kaula nyabit hal ieu lain ku sabab butuh ku pertelaan ti manusa, tapi ku sabab hayang supaya aranjeun salamet.
Yohanes teh lir lampu anu hurung caang ngempray, saharitaeun mah aranjeun raresep kana caangna.
Tapi Kaula sorangan bisa mere pertelaan anu leuwih jembar ti batan anu dipertelakeun ku Yohanes; anu dilampahkeun ayeuna ku Kaula teh papancen ti Rama, jadi bukti yen Kaula teh diutus ku Rama.
Sarta Rama oge, anu ngutus Kaula, maparin panyaksi tina hal Kaula. Aranjeun can ngadarenge soanten-Na, can naringal kana pameunteu-Na,
timbalana-Na ku aranjeun henteu disimpen dina hate, lantaran aranjeun henteu percaya ka Kaula, utusan Mantenna.
Aranjeun ngarulik Kitab Suci, sabab ceuk pikiran aranjeun baris manggihkeun hirup langgeng ti dinya. Tah eta Kitab Suci teh mere pertelaan hal Kaula!
Tapi aranjeun embung datang ka Kaula, ari hirup langgeng hayang!
Kaula lain rek malar pamuji ti manusa,
Kaula terang aranjeun jalma kumaha, hate aranjeun taya kanyaah ka Allah.
Kaula, anu datang make kakawasaan Rama, ku aranjeun teu ditarima, ari anu datang make kakawasaanana sorangan ditarima.
Aranjeun resep dipuji ku pada jalma, henteu ihtiar sangkan meunang pamuji ti Allah Nu Maha Esa. Atuh rek percaya ka Kaula kumaha?
Tapi ulah nyangka Kaula bakal ngadakwakeun aranjeun ka Allah Rama. Anu bakal ngadakwakeun aranjeun teh malah Musa, anu ku aranjeun dijieun harepan.
Lamun enya ge aranjeun percaya kana pilahir Musa tangtu percaya ka Kaula, sabab anu diserat ku Musa teh pertelaan hal Kaula.
Tapi ku sabab aranjeun teu percaya ka anu dipertelakeun ku Musa, rek percaya ka Kaula kumaha?"