Yosua 11
Beja yen urang Israil geus unggul perangna, geus tepi ka Raja Yabin di Hasor. Seug ngirim beja ka Raja Yobab di Madon, ka raja Simron, ka raja Aksap,
ka raja-raja anu di pagunungan di kaler, ka raja anu di Lebak Yordan kiduleun Talaga Galilea, ka raja-raja di suku gunung, jeung ka nu di basisir deukeut Dor.
Oge ngabejaan ka urang Kanaan di beulah kulon jeung wetaneun Walungan Yordan, ka urang Emor, ka urang Het, ka urang Pares, jeung ka urang Yebus di pagunungan, kitu deui ka urang Hiwi anu di suku Gunung Hermon di tanah Mispa.
Seug anu dibejaan teh dararatang marawa prajurit. Sanggeus kumpul, eta prajurit-prajurit teh jadi hiji angkatan perang anu rongkah, bilanganana tinanding keusik di basisir. Turug-turug marawa kuda loba pisan jeung kareta-kareta perang.
Eta raja-raja ngagabung jadi hiji kakuatan. Leugeudeut indit nepi ka hiji susukan anu ngaranna Susukan Merom, tuluy masang kemah di dinya, arek merangan urang Israil.
Ngandika PANGERAN ka Yosua, "Tong sieun ku maranehna. Isukan wayah kiwari ku Kami rek ditumpes kabeh, keur urang Israil. Bajegan kudana ku maneh, kareta-kareta perangna duruk."
Eta musuh ku Yosua sabaladna ditempuh, digeretak ngadadak di deukeut Susukan Merom,
sarta ku karana Allah, urang Israil unggul. Musuh digempur tuluy dibeledig ka kaler jauh pisan, nepi ka Misrepot Maim jeung Sidon. Nu ka wetan dibeledigna nepi ka hiji lebak di Mispa, jauh pisan. Tarung henteu waka eureun, nepi ka musuh geus teu aya deui nu hirup.
Kudana ku Yosua dibajegan, kareta-kareta perangna diduruk, numutkeun timbalan PANGERAN tea.
Ti dinya Yosua perangna malik ka Hasor. Hasor eleh, rajana beunang. (Ti antara sakabeh karajaan tea, harita Hasor teh nagri anu pangkuatna.)
Eta kota dihuru, pangeusina ditumpes dibeakkeun.
Kota-kota musuh dijabelan kabeh ku Yosua, raja-rajana ditewak, dipaehan kabeh, nyumponan parentah Musa abdi PANGERAN tea.
Tapi kota-kota anu di pasir-pasir bulistir mah ku urang Israil teh henteu aya anu dihuru, iwal ti Hasor tea bae, anu dihuru ku Yosua.
Ari barang-barang anu aya hargana kitu deui ingon-ingon, dijarah ku urang Israil, aleukeurna. Jelema-jelemana mah kabeh oge dipaehan teu aya nu dihirupan,
sakumaha anu dipiwarang ku PANGERAN ka Musa bareto, anu ku Musa diamanatkeun ka Yosua, ayeuna ku Yosua dilaksanakeun, sarupa ge teu aya anu katinggaleun.
Sakuliah tanah eta geus beunang ku Yosua: Nu di pagunungan, nu di suku gunung beulah kidul, nu di suku gunung beulah kaler, sakuliah tanah Gosen jeung tanah keri di sakiduleun eta, kitu deui Lebak Yordan.
Legana eta wilayah, mimiti ti Gunung Bulistir di kidul deukeut Edom, ka kalerna mayakpak satungtung deuleu nepi ka Baal Gad di lengkob Libanon kiduleun Gunung Hermon. Lila pisan Yosua merangan raja-rajana, tapi kabeh oge beunang sarta diparaehan.
(11:17)
Kota anu rukun jeung urang Israil teh ngan Gibon bae wungkul, anu dicaricingan ku sabagian urang Hiwi tea. Nu sejenna mah kabeh diperangan, dieleh-elehkeun.
Maranehna ku PANGERAN dihaja sina merangan ka urang Israil, supaya tumpur lebur ditumpes ku urang Israil kalawan taya ampun, sakumaha dawuhan Mantenna ka Musa baheula.
Geus kitu Yosua ngajorag ka bangsa Enak, anu jelema-jelemana jarangkung gede, nyieun kotana di pasir-pasir tanah Hebron, di Debir, di Anab, jeung di pasir-pasir anu di tanah Yuda jeung di tanah Israil. Ku Yosua kabeh tumpur dibasmi jeung kota-kotana.
Di tanah Israil geus teu aya deui urang Enak. Ngan kari di Gasa, di Gat jeung di Asdod, kitu ge tinggal saeutik.
Sakuliah tanah ku Yosua geus dirampas sakumaha anu geus didawuhkeun ku PANGERAN bareto ka Musa. Eta tanah tuluy dipasrahkeun ka urang Israil geusan jadi lemah caina, dibagi-bagikeun ka saban kaomna. Geus kitu kakara urang Israil ngeureunan perang, ari nagrina aman tur santosa.