Yosua 14
Anu kaungel ieu nya eta katerangan, kumaha tanah Kanaan kuloneun Walungan Yordan teh dibagi-bagikeunana di antara umat Israil. Ari anu ngabagikeunana nya eta Imam Elasar, Yosua bin Nun, jeung para pamingpin kulawarga-kulawarga di kaom-kaom Israil.
Saluyu jeung timbalan PANGERAN ka Musa tea, wewengkon tanah kuloneun Yordan dibagikeunana ka anu salapan satengah kaom deui teh ku jalan dilotrekeun. (Peryogi dicatet di dieu yen turunan Yusup dibagi jadi dua kaom, nya eta kaom Menase sareng kaom Epraim.)
Anu dua kaom jeung kaom anu saparona deui, eta mah ku Musa geus dibagianan tanah anu di wetaneun Yordan. (Kaom anu saparo-saparo teh turunan Yusup, saparo kaom Menase, saparo deui kaom Epraim.) Kaom Lewi ku Musa henteu dibere tanah, ngan dibarere kota bae keur maratuhna, jeung sampalan-sampalan pangangonan.
(14:3)
Tanah teh dibagi-bagina ku urang Israil sakumaha anu didawuhkeun ku PANGERAN ka Musa tea.
Dina hiji poe, aya sawatara urang kaom Yuda daratang ka Gilgal, nepungan Yosua. Pok anu ngaran Kaleb bin Yepune urang Kenas unjukan ka anjeunna, "Bapa langkung uninga, kumaha timbalan PANGERAN ka Musa utusan Allah di Kades Barnea kapungkur, perkawis Bapa sareng abdi tea.
Waktos abdi ku Musa, abdi PANGERAN tea, dipiwarang nalungtik ieu tanah, harita umur abdi opat puluh taun. Hasil panalungtikanana ku abdi diunjukkeun ka anjeunna sabalakana.
Nanging babaturan anu sami-sami ngiring nalungtik malah nyingsieunan ka jalmi-jalmi. Dupi abdi tetep tigin ka PANGERAN, Allah panutan.
Ku margi eta, abdi ku Musa teh dipaparin jangji, yen tanah anu ku abdi parantos katincak teh bade didamel milik abdi saanak incu.
Nanging ayeuna kieu buktosna. Ti barang aya pangandika PANGERAN kitu ka Musa dongkap ka kiwari, lamina parantos opat puluh lima taun sami sareng lamina urang Israil apruk-aprukan di gurun keusik. Dugi ka wanci ieu abdi ku PANGERAN dipaparin keneh umur, cocog sakumaha jangji-Na ka abdi. Tingali, umur abdi ayeuna parantos dalapan puluh lima taun,
nanging jagjag waringkas keneh, teu benten ti kapungkur, waktos ku Musa dipiwarang nalungtik. Kana perang atanapi kana naon bae kiat keneh ngajalankeun.
Ku hal eta, tanah pagunungan anu ku PANGERAN dijangjikeun ka abdi nalika abdi sabatur-batur lapor teh mugi dipasihkeun. Sanggem abdi ka Bapa, eta tanah teh dicicingan ku bangsa Enak, jalmi-jalmina jarangkung gede, kota-kotana dikurilingan ku kuta anu rareugreug. Mugia PANGERAN nyarengan, eta bangsa ku abdi baris diusir kaluar, sakumaha dawuhan PANGERAN."
Kaleb bin Yepune ku Yosua diberkahan, seug dipaparin tanah Hebron.
Tanah Hebron tetep jadi milik turunan Kaleb bin Yepune urang Kenas, lantaran ieu jelema teh tigin anut ka PANGERAN, Allahna Israil.
Eta tanah Hebron, ngaran asalna mah Kiryat Arba. (Arba teh jelema urang Enak anu pangagungna.) Eta tanah saterusna jadi kerta, lantaran taya gangguan deui.