:

Yosua 6

1

Ari kota Yeriho lawangna ditutup terus tur dijaga, sieun kaasupan ku urang Israil. Teu aya nu bisa asup atawa kaluar ti dinya.

2

Ngandika PANGERAN ka Yosua, "Ayeuna Yeriho katut raja jeung baladna anu garagah ku Kami rek diserenkeun ka maneh.

3

Maneh jeung balad-balad di jero genep poe kudu ngurilingan eta kota, sapoe sakuriling.

4

Kudu jeung tujuh imam, masing-masing imam kudu marawa tarompet sarta laleumpangna kudu di heulaeun Peti Perjangjian. Dina poe katujuhna maneh sabalad-balad ngurilinganana teh kudu tujuh kali, dibarengan ku imam-imam nariup tarompet.

5

Sora tarompetna kudu lambat, panjang. Lamun geus aya sora tarompet, harita keneh kabeh kudu surak masing bedas, kuta eta kota tangtu rugrug, terus gerebeg ku saayana balad ka jero."

6

Seug Yosua nyaur imam-imam, saurna, "Peti Perjangjian gotong, sarta hareupeun eta kudu aya tujuh imam anu marawa tarompet."

7

Geus kitu anjeunna marentahkeun balad-balad geusan mimiti ngurilingan eta nagara, diaping ku barisan pangawal hareup anu laleumpangna hareupeun Peti Perjangjian PANGERAN.

8

Prak dijaralankeun sakumaha parentah Yosua, barisan pangawal hareup ti heula, heulaeun imam-imam anu nariup tarompet, tukangeunana imam-imam anu ngagotong Peti Perjangjian, disambung ku barisan pangawal tukang. Sajeroning kitu, tarompet ditiup.

9

(6:8)

10

Tapi Yosua geus ngingetan teu meunang surak, teu meunang aya nu ngomong sakemek lamun can diparentahkeun.

11

Seug anjeunna marentah ngagotong Peti Perjangjian tea dibawa ngurilingan kota tea sakali. Geus kitu marulang deui ka pasanggrahan terus marondok.

12

Poe isukna Yosua gugahna isuk-isuk pisan, terus jeung balad-balad ngurilingan deui kota; tata barisanana cara kamari: panghareupna barisan pangawal hareup, tukangeun eta tujuh imam anu nariup tarompet, disambung ku imam-imam anu ngagotong Peti Perjangjian PANGERAN, ahirna barisan pangawal tukang. Sapanjang kitu tarompet ditariup.

13

(6:12)

14

Dina poe kadua ge ngurilinganana kota teh ngan sakali, tuluy marulang ka pakemahan. Kitu bae meunang genep poe.

15

Dina poe katujuhna harudangna barang bray isuk, terus ngurilingan kota tea meunang tujuh kali, tata barisanana angger. Ngan poe anu katujuhna bae ngurilingan tujuh kali teh.

16

Dina katujuh kalina nguriling, barang imam-imam rek nariup tarompet, Yosua marentah barisan kudu surak, sarta saurna, "Ieu kota ku PANGERAN geus diselehkeun ka maraneh!

17

Ieu kota katut sagala eusina kudu dibasmi, jieun kurban ka PANGERAN. Anu meunang disalametkeun ngan Rahab, palacuran tea, jeung saeusi imahna, lantaran geus nulungan nyumputkeun mata-mata urang.

18

Poma, barang naon bae anu baris dibasmi ulah aya nu dicokot; upama maraneh nyokot, bakal goreng balukarna jeung matak ruksak pakemahan Israil.

19

Ari barang-barang tina perak, emas, tambaga atawa beusi, eta geus diiwalkeun sanggakeuneun ka PANGERAN, baris disimpen jadi rajabrana PANGERAN."

20

Imam-imam seug nariup tarompet. Harita keneh ger jelema-jelema sarurak bedas pisan, brug kuta teh rugrug. Breg sawadya balad arunggah ka luhur pasir, ngagerebeg ka jero kota.

21

Pedangna dipake ngabinasa sakur pangeusina, lalaki, awewe, nu ngarora, nu karolot. Sasatoan oge, domba, kalde, dipaehan bae.

22

Yosua miwarang dua jelema anu jadi mata-mata tea, saurna, "Teang awewe dayang teh ka imahna, bawa ka dieu jeung sakulawargana, nyumponan jangji maraneh."

23

Bral maranehna arindit. Rahab dibawa kaluar, kitu deui bapana, indungna, dulur-dulurna katut baraya-baraya sejenna. Maranehna kabeh katut jeung badega-badegana dibawa ka deukeut pakemahan urang Israil sangkan salamet.

24

Geus kitu eta kota katut sapangeusina dihuru, iwal ti barang-barang tina perak, emas, tambaga jeung beusi anu geus dicokot ti heula disimpen dina panyimpenan rajabrana PANGERAN.

25

Tapi Rahab dayang tea jeung kabeh kulawargana ku Yosua dirahayukeun, dumeh geus nulungan nyumputkeun dua mata-mata anu lolongok ka Yeriho tea. (Turunan eta awewe tepi ka kiwari hirupna teh di Israil.)

26

Harita Yosua ngedalkeun hiji supata, saurna, "Sing saha anu nyoba-nyoba ngadegkeun deui ieu kota Yeriho, tangtu disapa ku PANGERAN. Anu nyieun pademenna mangka paeh anak cikalna; Anu ngadegkeun lawangna mangka paeh anak bungsuna."

27

Bener, PANGERAN teh nyarengan ka Yosua. Yosua jadi kamashur ka sakuliah tanah eta.

Link: