Amos 3
Eh, urang Israil, darengekeun ieu pangandika ti PANGERAN perkara maraneh, sakumna bangsa anu ku Mantenna enggeus dijait ti Mesir. Kieu pangandika-Na,
"Ti sakumna bangsa sajagat, ngan maraneh anu ku Kami diperhatikeun jeung diurus. Eta sababna dosa maraneh teh pohara, sarta eta sababna dosa maraneh ku Kami bakal dihukum."
Naha bisa dua jalma indit babarengan lamun teu badami heula?
Ari singa di leuweung naha osok ngagaur lamun tacan manggih mangsa? Ari singa ngora naha osok ngagerem dina guhana lamun tacan beubeunangan?
Ari manuk naha beunang kaleugeut lamun henteu dibibitaan heula ku eupan? Ari senteg naha sok ngajeplak lamun taya nu narajang?
Lamun tarompet perang geus disadakeun, naha lain matak ngadegdeg pangeusi kota? Naha balahi bisa tumiba ka hiji kota lamun lain kersaning PANGERAN?
PANGERAN Nu Maha Agung moal waka midamel naon-naon samemeh ngawahyukeun heula rarancang Mantenna ka para abdi-Na, nya eta nabi-nabi.
Lamun singa ngagaur saha anu teu ngarasa gimir? Lamun PANGERAN Nu Maha Agung geus ngandika, saha anu bisa nyegah sangkan ulah aya anu ngembarkeun?
Umumkeun ka nu caricing di karaton Mesir jeung karaton Asdod, kieu: "Geura kumpul di pasir-pasir nu ngalingkung Samaria. Tenjo kumaha poharana kakusutan jeung kajahatan di dinya."
Dawuhan PANGERAN, "Eta jalma-jalma ngareusian gedong-gedongna anu galede ku barang-barang hasil kajahatan jeung katelengesan. Maranehna malah nepi ka teu nyarahoeun sangkan jujur teh kudu kumaha.
Ku sabab kitu nagrina bakal dikepung ku musuh, pertahananana bakal tumpur, gedong-gedongna ahu galede bakal dirayah."
Dawuhan PANGERAN, "Saperti domba anu dihakan singa, anu beunang deui ku nu ngangonna ngan sukuna sapasang atawa ngan ceulina sabeulah, urang Samaria oge, anu ayeuna keur senang-senang ngaredeng dina katil nu aralus, engke ngan kari saeutik.
Ayeuna darengekeun, sarta turunan Yakub bere nyaho," timbalan PANGERAN Nu Maha Agung jeung Maha Kawasa.
"Dina poean Kami ngahukum urang Israil, altar-altar di Betel ku Kami baris digempur, tungtung-tungtung juruna rek dipotong-potongkeun sina ragragan kana taneuh.
Imah-imahna paragi musim tiis jeung musim panas rek diancur-ancurkeun. Imah-imah anu dihias ku gading rek diburak-barik. Imah-imah galede kabeh rek digempur."