Amos 4
Darengekeun, eh awewe-awewe urang Samaria, anu beuki lalintuh siga sapi-sapi Basan anu alus parab, tukang neungteuinganan anu lalemah, tukang ngajepit nu miskin, tukang ngurihit ka salaki menta dicukup inuman keras!
PANGERAN Nu Maha Agung tur suci geus ikrar kieu, "Poena bakal datang maranehna bakal digusur ku kakait kawas lauk anu kakait ku useup.
Maraneh bakal disered kana tembok beulah anu pangnampeuna, dicentok lung dibelewerkeun."
PANGERAN Nu Maha Agung ngadawuh, "Eh urang Israil, geura ka Betel tempat nu suci. Pek diditu nyieun dosa ari kudu mah! Geura ka Gilgal, pek di ditu nyieun dosa sing puas! Jig ka daritu mawa sato keur kurbankeuneun saban isuk, jeung mere perpuluhan saban tilu poe sakali.
Jig geura ngabaktikeun roti tanda nganuhunkeun ka Allah, tuluy agul-agul pedah ngabaktikeunana dileuwihan! Memang kitu karesep maraneh!
Kota-kota maraneh kabeh didatangan bahla kalaparan. Kami anu ngadatangkeunana, tapi maraneh henteu baralik deui ka Kami.
Waktu pepelakan maraneh kacida perluna ku hujan, hujan ku Kami ditahan. Kami nurunkeun hujan ka kota nu ieu, tapi ka kota nu itu mah henteu. Hujan turun ka lahan nu ieu, lahan nu itu mah angger garing.
Bari lalungse lantaran halabhab, jalma-jalma ti sababaraha kota arindit ka kota sejen, ngarep-ngarep sugan manggih cai, tapi di batur ge cai teu cukup keur nginum-nginum acan. Tapi angger maraneh henteu baralik deui ka Kami.
Kami ngirimkeun angin panas, pepelakan maraneh nepi ka parerang. Kebon-kebon maraneh, kebon anggur, tangkal kondang, tangkal jetun, beak digalaksak ku simeut. Tetep keneh maraneh henteu baralik deui ka Kami.
Maraneh dikeunaan pagebug kawas pagebug anu di Mesir. Barudak ngorana ku Kami disina paraeh dina perang, kuda maraneh dijarah. Irung maraneh ku Kami dipinuhan ku bau bangke anu meleber ti pakemahan maraneh. Tapi tetep maraneh henteu baralik deui ka Kami.
Maraneh sawareh ku Kami ditumpes, sakumaha Kami numpes Sadumu jeung Gomora. Anu harirup keneh ge geus kawas kayu tutung sesa kabeuleum. Tapi angger keneh bae, maraneh henteu baralik deui ka Kami," timbalan PANGERAN.
"Ku sabab kitu, eh urang Israil, maraneh geus pasti ku Kami dihukum. Pek geura sadia nyanghareupan hukuman ti Kami!"
Nya Allah nu ngadamel gunung-gunung, nu ngayakeun angin. Eusi manah-Na ditembrakkeun ka manusa. Mantenna anu ngaganti beurang ku peuting, anu angkat dina puncak bumi. Jenengana-Na, PANGERAN Allah Nu Maha Kawasa.