:

Amos 6

1

Cilaka maraneh, eh anu keur sarenang hirup di Sion, jeung anu keur ngarasa aman hirup di Samaria — maraneh para pangagung Israil bangsa nu gede, anu biasana sok dipentaan tulung ku rahayat!

2

Teang, ilik ka kota Kalne, ti dinya tuluykeun ka Hamat kota gede, terus ka kota Gat di tanah Pelisti. Kumaha eta teh leuwih hade ti batan karajaan Yuda jeung karajaan Israil? Kumaha wewengkonna leuwih lega ti batan nagara maraneh?

3

Maraneh tangtu arembung nyorang eta poe cilaka, tapi kalakuan maraneh malah ngagancangkeun datangna eta picilakaeun.

4

Eta poe kacida matak cilakana ka maraneh, anu ayeuna keur sarenang ngedeng dina ranjang nu aralus, anu ayeuna pesta-pesta dalahar daging anak sapi jeung daging anak domba.

5

Maraneh resep ngarang lalaguan cara Daud jeung dilagukeun ku kacapi.

6

Maraneh ngarinum anggur sapinggan pinuh, awak make seuseungitan nu marahal. Maraneh nalangsa Israil ancur.

7

Ku sabab kitu engke maraneh nu pangheulana bakal indit ka pangbuangan. Pesta-pesta jeung perjamuan-perjamuan maraneh moal aya deui.

8

PANGERAN Nu Maha Kawasa geus ngingetan keras, dawuhana-Na: "Kami ijid kana kasombongan urang Israil, teu resep ka gedong-gedongna najan aralus. Ibukota maranehna jeung sagala rupa nu aya di dinya ku Kami rek diselehkeun ka musuh."

9

Mun tina sakulawarga aya nu nyesa sapuluh urang, eta sesa kabeh bakal tumpes.

10

Mayitna bakal dikaluarkeun ti imah ku barayana anu kudu nguburkeun. Eta barayana bakal nyalukan ka nu harirup keneh di imah, "Aya keneh nu sejen di dinya?" Tembalna, "Euweuh!" Ceuk nu rek nguburkeun, "Geus atuh, cicing! Urang kudu ati-ati, nyebut jenengan PANGERAN ge ulah."

11

Lamun PANGERAN geus nimbalan, imah-imah nu gede nu leutik bakal ancur burak-barik.

12

Bisaeun kuda lumpat di gunung batu? Na aya jelema anu masangan sapi tuluy ngawuluku laut? Tapi ku maraneh mah kaadilan teh dijieun racun, nu bener disebut salah.

13

Maraneh agul bisa ngarebut kota Lodebar, tuluy susumbar, "Ngajabel Karnaim tangtu bisa, urang kuat."

14

PANGERAN Allah Nu Maha Kawasa ku manten ngadawuh, "Eh urang Israil, Kami rek ngadatangkeun hiji balad asing nu bakal ngajabel nagri maraneh. Eta balad bakal ngabereg ka maraneh ti kaler ti jalan anu ka Hamat, terus nepi ka Lebak Araba di beulah kidul."

Link: