Amos 5
Darengekeun eh urang Israil, darengekeun ieu lagu anu ngalengis:
Parawan Israil geus tibeubeut, hamo menyat deui! Ngajoprak dina taneuh pada ninggalkeun, taya nu ha’at nulungan.
PANGERAN Nu Maha Agung ngandika, "Hiji kota di Israil ngiangkeun sarebu prajurit, nu bisa mulang ngan saratus. Kota nu hiji deui ngiangkeun saratus, nu bisa mulang ngan sapuluh."
Dawuhan PANGERAN ka urang Israil, "Hiap ka Kami, tangtu rahayu.
Lamun rek ngabarakti ulah arindit ka Bersyeba. Mun arek neangan Kami ulah ka Betel, sabab Betel bakal tumpur. Ulah neangan ka Gilgal, sabab urang Gilgal bakal cilaka diboyong."
Geura datang ka PANGERAN sangkan rahayu. Upama henteu tarobat, tinangtu Mantenna nyamber saperti seuneu ka urang Israil. Seuneu bakal ngaduruk urang Betel, seuneuna moal aya nu bisa mareuman.
Cilaka maraneh, eh tukang nangtang kaadilan, tukang ngalanggar hak pada jalma!
PANGERAN ngadamel bentang-bentang, bentang Tujuh jeung Orion. Mantenna ngaganti poek ku caang, ngaganti beurang ku peuting. Mantenna nyaur cai ti laut, dikucurkeun ka daratan. Jenengan Mantenna PANGERAN.
Mantenna numpes anu karawasa katut pertahananana.
Maraneh ijid ka sakur anu ngalawan kateuadilan jeung ka nu ngomong saenyana di pangadilan.
Maraneh ngajepit nu mariskin, ngarampasan gandumna. Ku sabab kitu, maraneh moal bisa nyicingan imah-imah gedong beunang maraneh nyieun. Moal bisa nginum anggur ti kebon anggur beunang maraneh melak.
Sabab tetela pisan ka Kami dosa maraneh pohara gedena, kajahatan maraneh teu kira-kira. Maraneh nyusahkeun jalma-jalma anu balener. Maraneh resep disogok, sarta nyegah sangkan nu mariskin ulah meunang kaadilan di pangadilan.
Anu matak, dina jaman anu jahat kawas kitu mah jalma teh leuwih utama lamun cicing.
Usahakeun migawe nu bener, ulah migawe nu jahat, supaya bisa hirup. Lamun kitu, PANGERAN, Allah Nu Maha Kawasa bakal kersaeun nyarengan, sakumaha pamenta maraneh.
Kudu ijid kana kajahatan, pikaresep lampah bener, adegkeun kaadilan di pangadilan, malakmandar PANGERAN kersaeun mikawelas ka nu harirup keneh di ieu bangsa.
PANGERAN Nu Maha Agung jeung Maha Kawasa, nimbalan, "Di unggal jalan di kota, jalma-jalma bakal careurik aluk-alukan. Malah patani-patani ge bakal dicaralukan diajak nyeungceurikan nu geus paraeh, bareng jeung jalma-jalma anu diupah nyeungceurikan.
Di kebon-kebon anggur ge bakal aya nu maridangdam. Hal eta tangtu kajadian, sabab Kami tangtu datang ngahukum maraneh." Kitu timbalan PANGERAN.
Cilaka maraneh, ngarep-ngarep kana poena PANGERAN! Da naon pihadeeunana eta poe keur maraneh? Pikeun maraneh mah eta teh poek, lain poe caang.
Keur maraneh mah ibarat kabur ti singa amprok jeung biruang! Atawa cara nu datang ka imah, barang nyabak tembok, ari cok dipacok oray!
Poena PANGERAN bakal mawa poek, lain mawa caang, hiji poe mendung, lain poe anu bengras.
Timbalan PANGERAN, "Kami ijid jeung geus teu tahan pesta-pesta agama maraneh!
Kami embung nampa kurban beuleuman jeung kurban kadaharan ti maraneh. Kami embung nampa sato-sato beunang ngalintuhan anu ku maraneh dibaktikeun ka Kami.
Meugeus eureunan nyanyian-nyanyian maraneh anu ngagandengan, sarta Kami teu hayang ngadenge sora kacapi maraneh.
Sabalikna jalankeun kaadilan lir walungan ngocor, jalankeun kajujuran sing saibarat walungan anu teu saat-saat.
Eh urang Israil, di jero opat puluh taun Kami nuyun maraneh di gurun keusik, Kami teu menta kurban-kurban, teu menta pangbakti.
Ayeuna, ku sabab maraneh geus nyarembah ka arca Sakut, dewa anu ku maraneh dijieun raja, jeung ka Kewan dewa bentang maraneh, maraneh bakal ngagogotong eta arca-arca,
waktu maraneh engke ku Kami dipiceun ka pangbuangan di beulah ditueun Damsik." Kitu dawuhan PANGERAN, anu jenengana-Na Allah Nu Maha Kawasa.