:

Ayub 10

1

Abdi parantos teu kiat hirup, wungkul ngarasakeun kapeurih.

2

Atuh Gusti teh ulah mung nyalahkeun bae, sebatkeun lantaranana nu matak ijid ka abdi.

3

Naon maksad Gusti dugi ka telenges kitu? Naha ngahaja bae bade ngapeskeun dadamelan ku Anjeun, bade ngayunkeun pangreka jelema jahat?

4

Ari Gusti ningali perkara teh sami sareng jalmi?

5

Ari yuswa Gusti sami sareng umur manusa?

6

Naha atuh dosa abdi dugi ka disusud-susud, kalepatan abdi dugikeun ka dikorehan?

7

Gusti kena-kena uninga yen abdi mo aya nu bisa nulung, najan bener ge tetep bae disalahkeun.

8

Pedah abdi kenging Gusti ngawangun sareng ngarakit, heug Gusti ngaraos wenang ngaruksak deui.

9

Pedah abdi dipidamel tina taneuh porang, bade diremukkeun dijadikeun deui lebu?

10

Gusti ka pun bapa maparin tanaga, supados abdi tiasa yuga. Di jero kandungan abdi ku Gusti dibayuan.

11

Raga abdi ku Gusti diwangun ku tulang, dianyam ku urat sarap, tulang dibungkus ku daging sareng kulit.

12

Lajeng dipaparin nyawa, didama-dama, dijaga diraksa, dugi ka usik tiasa hirup.

13

Ayeuna mah abdi terang, sihoreng sapanjang kitu teh cicing-cicing Gusti bade nyilakakeun abdi.

14

Manahoreng abdi dijieun geusan intipeun, teanganeun kasalahan, sangkan teu layak kenging hampura.

15

Teu kaop lepat saeutik sok jebet bae digitik. Sawangsulna ari bener, ukur diapilainkeun. Mani seubeuh ku Gusti dihihina dikakaya.

16

Teu kaop mun ningali abdi menyat, Gusti mani kawas singa, sebrut ngudag buru-buru, malah pinton kasaktian, ngarah abdi cilaka.

17

Tur Gusti mah tara kirang-kirang saksi keur nuding ka abdi sangkan aya jalan geusan bendu teterasan. Mun hoyong ngagitik deui, Gusti tara kirang-kirang akal.

18

Naha atuh abdi kapungkur diantep lahir ka dunya? Matak naon mun teras bae paehkeun, memeh katingal ku pada jalma!

19

Langkung sae tina kandungan teh antepkeun burusut tuluy ti batan diantep hirup.

20

Parantos atuh abdi teh tinggalkeun, da moal lami deui ge sakarat, samemeh hos hayang bisa minge heula.

21

Moal datang ka teu hilang, moal mulang-mulang deui, mulang ka alam nu poek mongkleng,

22

alam nu peteng ngajumbleng turta pakusut, cahaya ge di dinya mah angger-angger poek."

Link: