:

Ayub 9

1

\it Ayub:\it* "Enya, kuring ge geus nyaho. Piraku manusa bisa ngalawan Allah?

2

(9:1)

3

Na aya nu bisa ngalawan ka Mantenna? Mantenna iasa merekpek ku sarebu pertanyaan, hiji ge moal aya nu kajawab ku manusa.

4

Allah ieuh, nya pinter nya Maha Kawasa, pamohalan jelema teh kuat ngalawan.

5

Ana Mantenna geus bendu sok tara tatapasini deui, gunung-gunung digempur sina rarugrug,

6

bumi digunjang-ganjing ku lini, paseuk-paseuk jagat dicabutan.

7

Ku Allah mah panonpoe ge dipondah teu bisa bijil, bentang-bentang henteu bisa narembongan.

8

Mantenna mantengkeun langit, nyalira bae, bari nincak kana tonggong mahluk sagara.

9

Di langit ngagantungkeun bentang: Bentang Biruang, Bentang Orion, Bentang Tujuh, Bentang Kidul.

10

Padamelana-Na nu araheng ku urang henteu kaharti, mujijat-Na teu aya wates wangenna.

11

Mantenna aya ngalangkung, tapi ku kuring teu katenjo.

12

Ari enggeus mikapalay, naon ge dicandak, taya anu bisa mapalangan, tara aya anu wani tumaros, ‘Keur damel naon?’

13

Ana bendu sok kadalon-dalon (teu bisa dipondah), musuh-musuhna, nu ngabantu Rahab — si mahluk sagara, nu ngalawan ka Mantenna tea, diremukkeun.

14

Komo kuring, pimanaeun bisa manggih piucapeun keur ngalawan ka Allah?

15

Sanajan kuring bener ge, mo bisa nempas, kalah ka kapaksa menta dipikarunya, ku Mantenna nu mutus perkara kuring.

16

Jeung sanajan ku Mantenna dibere tempo keur ngomong, kuring mah teu percaya yen kersaeun ngadangukeun.

17

Kalah ka teu puguh-puguh, kuring disina dibuntang-banting ku angin topan.

18

Kuring teh teu meunang ngarenghap-ngarenghap acan, sagala damel-Na ka kuring wungkul ngagerihan ati.

19

Kudu maksakeun ngalawan? Ngalawan ka Allah? Arek maksa ngagusur Mantenna ka pangadilan? Saha nu sanggup maksa ka Mantenna?

20

Najan kuring bener tur satemenna, ana pok mah ngomong saucap-ucap teh bet salah, saucap-ucap teh matak cilaka bae.

21

Ayeuna mah, sanajan enya bener ge paduli teuing, da kuringna enggeus bosen hirup. Rek salah rek bener, ku Allah manusa teh teu burung ditumpur.

22

(9:21)

23

Lamun anu bener tea ngadadak paeh, Allah kalah ka gumujeng.

24

Dunya ku Allah geus diserenkeun ka nu jarahat, hakim-hakim sina lolong. Lamun lain ku Allah, ku saha deui?

25

Umur kuring ngabelesat siga anu balap lumpat, sapoe ge teu kungsi panggih jeung bagja.

26

Lajuna lir parahu balap, rikat alah batan heulang nyamber hayam.

27

Sakitu kanyeri dipopohokeun, bari maksakeun diri ngahehegar maneh, karasana kalah ka beuki kasiksa, tetela kuring teh ku Allah tetep dianggap doraka.

28

(9:27)

29

Ku sabab tetep dianggap salah, keur naon atuh nyusahkeun maneh oge?

30

Najan dihantem diseretu, diri kuring pamohalan bisa beresih.

31

Ku Allah ge kalah ka dibalangkeun ka jarian, papakean jarareblog matak gareuleuh.

32

Manasina Allah teh jelema, meureun bisa ditembal dicental, meureun bisa dibawa ka pangadilan, ngarah putus mana nu salah.

33

Kaya kieu mah kuring cekcok jeung Allah teh teu aya nu bisa nyapih, moal aya nu bisa mutus, saha nu salah, kuring atawa Allah.

34

Duh Allah, cik ulah kitu-kitu teuing! Nyiksa teh mani pupuasan!

35

Teu sieun abdi mah ngomong kitu ge, da ceuk rarasaan mah abdi teh bener!

Link: