:

Ayub 12

1

\it Ayub:\it* "Atuh nu kitu mah geus lumrah. Nu kawas kitu mah mun jelemana paeh kanyahona oge paeh.

2

(12:1)

3

Kuring ge kanyaho teh loba, teu beda ti anjeun, kalah ka kumaha ge moal eleh. Nu dicaturkeun bieu ku anjeun, sarerea ge geus nyaho.

4

Behna mah sobat-sobat ge bet nyeungseurikeun. Tur kuring teh sakitu benerna, teu boga salah. Tapi iraha-iraha ge panyambat kuring ku Allah tangtu didangu.

5

Kena-kena keur sarenang, wani ngulinkeun ka kuring, sasat ngalelepkeun nu titeuleum.

6

Tapi biasa, bangsat jeung jalma-jalma nu teu baroga Allah mah, najan miallahna teh ngan kana kakuatan sorangan, sok teu burung hirupna sarenang.

7

Aranjeun mah ka bangsa manuk jeung margasatwa ge, perlu keneh diajar.

8

Pek tatanya ka mahluk darat jeung laut tina hal pangartina.

9

Kabeh ge nyarahoeun, yen maranehna beunang ngadamel panangan Allah.

10

Memang Allah anu ngatur kahirupan mahluk-Na, hirupna tiap manusa aya dina kawasa Mantenna.

11

Ceuli teh gunana pikeun ngadengekeun omongan, cara letah pikeun ngarasakeun ngeunahna kadaharan.

12

Jalma nu geus karolot baroga hikmat, tapi Allah mah nya kagungan hikmat nya kagungan kakawasaan, jalma anu geus karolot baroga paham, ari Allah mah paham kagungan, wewenang kagungan.

13

(12:12)

14

Nu diruag ku Allah taya nu bisa ngadegkeun deui. Anu dikurung ku Allah, taya anu bisa ngaleupaskeun.

15

Mun Mantenna nahan hujan, heug halodo. Mun cai ku Mantenna dibedahkeun, ger caah.

16

Mantenna digjaya, salalawasna unggul. Nu hianat, nu dihianat, duanana aya dina kakawasaana-Na.

17

Kapinteran pangagung dirampas, para pamingpin disina barodo.

18

Raja-raja dirorod didamel sakitan.

19

Imam-imam jeung nu ngasta kawasa direndahkeun.

20

Jalma-jalma nu dipake pananggeuhan dibungkem, pangarti jalma karolot dirorod.

21

Jalma nu ngasta kawasa dihina, para pangagung dieuweuhkeun kakuatanana.

22

Tempat anu poek mongkleng ku Mantenna sina caang.

23

Mantenna nu ngersakeun bangsa-bangsa jembar digjaya, Mantenna keneh anu ngapeskeunana.

24

Pamingpinna disina barodo. Sina kapaider sararasab.

25

Gupuy-gapay di nu poek, tingjarigjeug siga nu mabok.

Link: