Ayub 13
Eta omongan, saucap-ucapna pikeun kuring mah teu aneh deui. Lain ngan anjeun bae, kuring ge nyaho taya kacekna.
(13:1)
Kuring kukulutus teh lain ka aranjeun, tapi ka Allah, rek ngabela perkara kuring.
Aranjeun teh bodo, tapi pura-pura pinter, nyeta-nyeta dukun lepus padahal taya kamampuh.
Mending repeh, sugan bae disangka pinter!
Anggursi dengekeun, heug ngaraskeun ka kuring.
Rek naon bohong pipinteranan? Kutan rek ngabantu Allah ku bohong?
Arek sasanggupanan mantuan ka Mantenna, arek ngabela perkara Mantenna di pangadilan?
Lamun diri aranjeun ku Mantenna ditoong ditempo, aya kira-kirana nu hade di dinya? Dikira Allah iasa dibobodo kawas aranjeun ngabobodo manusa?
Kereteg prasangka anu buni ge, mo burung ku Mantenna diseukseukan,
kakawasaan Mantenna bakal nagiwurkeun anjeun.
Papatah-papatah aranjeun lir kebul, taya gunana. Pangbantah-pangbantah aranjeun lembek kawas taneuh porang.
Jadi, mending repeh, kuring rek nyarita. Balukarna mah kumaha engke.
Geus nekad, paeh hirup kumaha behna.
Rek dipaehkeun oge ku Allah mangga teh teuing, da puguh geus taya pisan harepan. Jadi matak naon mun balaka ngabela sagala laku lampah ka Mantenna.
Malah ceuk rarasaan, wani kieu teh asa matak salamet, da ari nu jahat mah piraku wani kieu ka Allah.
Jadi, bandungan ieu omongan kuring.
Kuring geus tarapti, omongan enggeus diatur, sabab yakin diri kuring bener.
Ya Allah, leres Gusti teh bade nuding ka abdi? Upami leres, teu sawios abdi seja repeh dugi ka paeh.
Nanging gaduh dua rupi panuhun. Upami dikabul, abdi moal dugi ka nyumput ti kersa Gusti.
Kahiji, abdi ulah hantem bae disiksa, kadua, ulah dibegbregan bae ku kasieun.
Bilih bade Gusti heula nu nyual, mangga, abdi nu ngawangsul. Bilih kedah abdi heula, mangga, Gusti anu ngawaler.
Mangga sebatkeun bae, sakumaha seueurna kalepatan sareng dosa abdi, sebatkeun bae, naon kajahatanana.
Ku naon Gusti teh mungkur ti abdi, ku naon abdi teh dianggap musuh?
Bade ngagebrag? Abdi mah ukur kalakay, gampil diramesna, sakadar jarami garing, gampil diririkesna.
Anu pait anu peuheur, breg ku Gusti dibegbregkeun ka diri abdi, malah kasalahan nu enggeus-enggeus ge begbregkeun sakalian.
Suku dibangkol, dirante, unggal lengkah diawaskeun, malah ka tapak-tapakna dugi ka dilelekan.
Atuh tangtos bae abdi teh ngarempeyek jeg kai bobo, jeg baju dihakanan geget dugi ka karancang.