:

Ayub 14

1

Ti barang lahir manusa teh lemah teu aya daya, pondok umurna seueur kasusahna,

2

enggal alum enggal murag cara kembang, les musna cara kalangkang.

3

Kersa Gusti mandang saeutik mah ka abdi, ya Allah? Atanapi abdi teh bade dijogokeun ka pangadilan?

4

Manusa mah mo tiasa ngabijilkeun sipat suci kawantos sipat kaayaanana najis.

5

Jumlah umurna, jumlah bulanna ku Gusti parantos dipatok ti samemehna ti sateuacanna parantos dipasti hamo bisa robah deui.

6

Tong ditingalikeun bae, mending antep sina nyorangan, sina ngararasakeun genah tina hirupna anu pinuh ku kacape.

7

Leuheung tangkal, dituar ge henteu lapur-lapur teuing, da osok sirungan deui,

8

najan akarna ngolotan, tunggulna paeh kaurugan taneuh,

9

ana kasaba ku cai mah pelentung kaluar sirung, semu hurip kawas pepetetan anyar.

10

Ari jalmi ana maot tuluy buntu, hirupna duka ka mana tuluyna.

11

Jeg walungan saat ngoletrak, eureun ngocorna, kawas talaga surud caina, tuluy garing,

12

kitu keneh jalma ana geus paeh moal hirup deui, nepi ka leungitna langit ge moal hudang-hudang, moal lilir-lilir pikeun saterusna.

13

Anggursi abdi sumputkeun, di ditu di alam nu paraeh, masing buni, ngantos bendu Gusti sirna, nepi ka cunduk waktuna abdi dipiemut deui.

14

Na tiasa jalmi nu parantos maot hirup deui? Abdi mung hayang enggal leupas tina ieu kalaraan, hayang rada senang ulah kawas ayeuna.

15

Supados samangsa-mangsa digentraan bisa enggal ngawangsul, tangtos ieu mahluk kagungan teh ku Gusti baris kamanah.

16

Najan saincak-incak angger diawaskeun bae, nanging tangtos moal ditaliti deui salahna,

17

da parantos dihampura, dilubarkeun tina dosa, sugri kaluluputan parantos dipupus.

18

Sakumaha gunung-gunung lalongsor urug, cadas-cadas ngalaleser,

19

batu-batu lalegok kacurugan ku cai taneuh palid ku hujan gede. Nya kitu pisan Gusti oge ngabasmi pangharepan hirup manusa.

20

Manusa geus eleh ku Gusti, lajeng diusir salalamina beungeutna diparieuskeun kana pati

21

najan anakna marulya, manehna teu terang-terang, atanapi lamun anakna dihihina, manehna teu mendak beja,

22

wungkul ngarasakeun kanyeri anu keur nyiksa ragana, bari hatena banget nalangsa."

Link: