\it Ayub:\it* "Pamanggih kitu mah kuring ge mindeng ngadenge. Bororaah jadi pangbeberah, kalah ka ngagerihan hate.
2
(16:1)
3
Rek hayoh bae nyorocos nepi ka kiamat? Moal beak-beak piomongeun?
4
Mun seug anjeun jadi kuring sarta kuring jadi anjeun, kuring oge bisa ngomong kitu, malah bari rek manggut-manggut nandakeun luhur panemu, piraku anjeun teu palid ku omongan kuring,
5
nu dieusi bongbolongan jeung pangbeberah, ngalelemu ku kecap-kecap anu garenah.
6
Ieu kanyeri henteu bisa kabangbrangkeun mun dibawa repeh. Dalah dikumaha.
7
Ya Allah, awak abdi ku Gusti disasaak, anak tumpes ku Gusti sina paraeh.
8
Sihoreng Gusti teh musuh, tega nganiaya ka abdi dugi ka ngajangjawing kieu kantun kulit sareng tulang. Ku batur mah dipajarkeun cingcirining gede dosa.
9
Ku Allah disasaak, anggahota awak pasiksak. Socana ka kuring mani hurung awahing ku cua.
10
Ku jalma dijarebian, dirogrog ditampilingan,
11
ku Allah diserenkeun ka jalma-jalma doraka.
12
Eukeur jongjon hirup ngahenang-hening, ku Allah ujug-ujug dicekek, digaley, dibantingkeun, seug dijieun bubulanan purah nadahan panarajang-Na,
13
nadahan panah-Na ti unggal juru, mani rancleb kana awak, teu watir-watireun,
14
ceplok deui, ceplok deui, awak geus pinuh ku raheut. Narajang-Na jeg serdadu geus edan awahing ku ijid-ijidna.
15
Barang pake ge karung, kawantu eukeur prihatin, andiprek dina kebul nyirikeun asor.
16
Beungeut asak balas ceurik balilihan, panon carindul tingguliweng semu geuneuk.
17
Padahal mah kuring teh iraha kejem ka batur. Jadi kuring sasambat teh kalawan satemenna.
18
Cik bumi, tong ngilungan lampah nu jahat ka kuring! Ulah nyicingkeun panyeluk kuring menta kaadilan!
19
Sina kadangu ku nu di sawarga, nu baris tandang melaan kuring.
20
Babaturan maroyokan kuring bati bisa cipanonan, bari lumengis ka Allah.
21
Hayang teh aya nu melaan kuring di payuneun Allah kawas nu melaan sobatna.
22
Taun-taun umur kuring geus laliwat, kuring nyorang jalan taya pigeusaneun malikan deui.