:
1 Hirup kuring geus meh tutup, napas geus meh beak tinggal kuburan nu geus ngajogo.
2 Geus kawangwang, pisakumahaeun bangetna bala rea moyokna.
3 Kitu Gusti, ari sabalakana mah. Tampi atuh pihatur abdi teh, da ku pada jalma mah henteu dianggap,
4 kawantu maranehna ku Gusti dihaja, sina lalepat nimbangna perkawis abdi. Matak naon upami ayeuna ulah sina karitu bae.
5 Aya paribasa: Anu nepi ka tega ka sobat pedah aya piuntungeun, anu keuna ku wawalesna teh anakna.
6 Eta paribasa ku maranehna dilarapkeun ka abdi, geus bae anu ngadararenge kitu teh ka darieu, ngadon nyariduhan kana beungeut.
7 Panon celong asa lolong balas ceurik balilihan, suku leungeun kantun sagede-gede elekan.
8 Anu arumangkeuh jujur mani tingraranjug, mani nuding-nuding magar abdi jalma murtad.
9 Anu baroga rasa yen dirina mah mulya beresih, pok deui, pok deui nyebut yakin yen panudingna kitu teh bener.
10 Padahal lamun seug maranehna daratang sareng narangtung di dieu, saurang ge ku abdi moal kapendak aya anu bijaksana.
11 Umur abdi meh lastari, harepan parantos musna, kahayang teu aya nu laksana.
12 Nanging ku ieu sobat-sobat, peuting dipajarkeun beurang, majar teh sakeudeung deui ge caang, ongkoh sidik abdi teh ripuh, nuju poek samagaha.
13 Ayeuna mah parantos teu aya kahayang, lian ti hayang enggal-enggal meuntas ka alam kubur, hayang enggal-enggal ngagojod di alam poek,
14 seja ngabapa kana astana, ngindung midulur ka cacing-cacing anu baris ngahakanan ieu jisim.
15 Lebah mana ayana harepan pikeun abdi, sarupa mah? Cik saha anu ningal, sarupa mah?
16 Ari parantos pindah ka alam kubur mah, parantos teu aya harepan nanaon deui."