Ayub 3
Tungtungna Ayub nu mimiti buka soara, nyumpahan poe wedalna, saurna,
"Ya Allah, mugi la’nat poe wewedalan abdi, mugi la’nat wengian abdi dicipta.
(3:2)
Eta poe jadikeun poek, ya Allah. Tong diemut-emut deui tong disinaran ku caang deui.
Sina medem sing ngajumbleng, dingdingan ku mendung hideung, ulah kasorot sang surya.
Wengi eta dudut ti jero taun, tong dietang-etang deui,
jieun wengi anu suwung, tuna tina kabungahan.
Timbalkeun ka tukang tenung, nu tiasa ngagendam ka Lewiatan, sina nyapa eta poe,
sina nyandet sinar bentang timur, sangkan eta wengi ulah katumbu balebat.
Sing disapa eta wengi anu ngantep abdi dijurukeun, nepi ka abdi ayeuna nandang panyiksa.
Mun antep abdi teh kapungkur teu dijurukeun, atanapi antepkeun burusut tuluy.
Keur naon abdi kapungkur dilalahun ku indung? Keur naon kapungkur disusuan ku anjeunna?
Mun harita teras maot, ayeuna kantun genahna,
genah mondok, lir raja sareng pangagung, anu nembe rengse ngadegkeun deui karaton-karatonna jaman baheula.
Tibra mondok, lir para pangeran, nu tas ngeusian gedongna ku emas perak,
henteu usik-usik, lir orok udul.
Di jero kubur mah, nu jahat eureun ngajahat, nu cape gawe, reureuh tina gawena.
Sakitan-sakitan ge di dinya mah ayem-tengtrem, teu nguping anu sesentak reujeung hahaok.
Di dinya mah mulya hina sami bae, budak beulian ge bebas merdeka.
Kanggo naon Si Nalangsa dihirupan? Kanggo naon Si Prihatin dicaangan?
Balik pepeh nunggu paeh, ajalna teu datang-datang. Nu kitu mah sono keneh ka kuburan batan kana pependeman.
Nu kitu mah nembe senang mun hos paeh, rup ku padung rap ku lemah, nembe genah.
Nu kitu mah hirupna ku Allah dikepung sakurilingna, mangsa pikahareupeunana ku Allah disamunikeun.
Mungguh abdi boro-boro bisa neda, balas rumahuh, humarurung udah-aduh.
Nu dipikasieun nampeu, nu dipikahariwang datang.
Hayang tengtrem teu tiasa, hayang genah teu tiasa, lara teu aya sudana."