:

Ayub 4

1

\it Elipas:\it* "Ki Sobat! Punten nya, tong ngambek, kuring ayeuna seja nyarita. Geus teu kuat ngabetem salila-lila.

2

(4:1)

3

Anjeun teh tukang wuwuruk, tukang nyangkeh leungeun-leungeun nu ngaraplek,

4

purah ngeumbing nu tiguling, purah nuyun nu ngudupruk, ngabeberah nu laleuseuh jeung sarusah.

5

Ayeuna Ki Sobat pisan ngalaman katerap lara, bet aral nandanganana.

6

Ongkoh Ki Sobat ibadah, taya cawadeun nya lampah. Atuh tong aral subaha, tarimakeun masing pasrah.

7

Kudu ngeunteung ka nu enggeus-enggeus, na aya jalma ibadah nandang cilaka?

8

Ana kapanggih ku kuring, pangna jelema meunang cilaka reujeung sangsara, lantaran geus melak dosa, tandur binih kajahatan.

9

Atuh tangtu Allah bendu, tangtu narajang lir topan, jalma nu kitu digempur.

10

Nu jarahat tinggalaur, tingharegem cara singa, tapi jep ku Allah dibungkem nepi ka jempling, sihungna beak dipingges-pinggeskeun.

11

Lir singa taya mamangsan, maranehna tarariwas, anak-anakna paburencay.

12

Kungsi kuring meunangkeun hiji harewos pituah, pohara launna mehmehan henteu kadenge.

13

Karasana asa eukeur ngimpi goreng ngaganggu keur hees tibra.

14

Kuring mani ka ngeleper, gumeter, sakujur awak ngadegdeg bawaning ku sieun.

15

Hiliwir aya angin kana beungeut, kuring sumiak muringkak, sabulu-bulu muriding.

16

Breh teh ningali nu ngabelegedeg di hareupeun, dihantem diawas-awas, weleh teu nyaho eta teh naon. Ana ngong aya soara, datangna ti alam jempling.

17

Pokna, ‘Taya jalma nu bener payuneun Allah. Taya jalma nu beresih di payuneun Nu nyiptana.

18

Sadalah abdi-abdi Allah di sawarga, ku Allah taya anu dipercaya. Malah para malaikat, ku Mantenna kapendak aya cacadna.

19

Kumaha pamikir Ki Sobat, na Mantenna rek percaya ka mahluk nu asal tina taneuh lempung, anu asal tina kebul, tur baris ajur lebur lir dihakanan ku geget?

20

Manusa mah, isuk-isuk jagjag waringkas, ari sorena kelepek paeh teu kanyahoan.

21

Sagala nu ngancik dina dirina, les musna tanpa karana. Nepi ka paehna ge tetep henteu nyaho naon-naon.’

Link: