:

Bilangan 11

1

Hiji mangsa jalma-jalma mimiti ngarasula ka PANGERAN dumeh ngarasa sangsara. Ngadangu kitu PANGERAN jadi bendu, gur bae aya seuneu ti Mantenna ngamuk ka maranehna jeung ngalebur sabagian pakemahan.

2

Jalma-jalma tingjarerit marenta tulung ka Musa. Seug Musa neneda ka PANGERAN, pes seuneu pareum.

3

Ti dinya eta tempat dingaranan Tabarah, sabab di dinya maranehna dilebur ku seuneu ti PANGERAN.

4

Aya sababaraha urang asing anu marilu lumaku jeung urang Israil, pohara harayangeunana manggih daging, nepi ka urang Israil oge milu ngarasula pokna, "Eh hayang teuing meunang daging!

5

Di Mesir mah lauk naon ge urang ngadahar jeung teu kudu meuli. Aringet keneh kana bonteng, kana samangka, bawang beureum, bawang daun, bawang bodas?

6

Bet ayeuna mah urang nepi ka sakieu kalempohanana, euweuh gahel-gaheleun acan. Nu aya saban poe manna deui, manna deui!"

7

(Manna teh bangunna siga siki, laleutik, warnana bodas semu-semu koneng,

8

asalna ti awang-awang, turunna ti peuting bareng jeung ibun, isukna ku maranehna diparulungan tuluy dirarendos atawa ditutuan dijieun tipung, digodog tuluy dijieun sabangsa gegeplak, rasana asa kueh anu dipanggang make minyak jetun.)

9

(11:8)

10

Kekecapan maranehna kitu kadangu ku Musa, da ngaromongna bari tingrariung hareupeun kemah-kemahna. Anjeunna jadi nalangsa, lantaran PANGERAN jadi bendu ka maranehna.

11

Pok anjeunna ngalengis ka PANGERAN, "Naha abdi teh dugi ka dikieu-kieu teuing? Ku naon Gusti sakieu henteu misukana ka abdi? Ku naon abdi teh dikedahkeun ngurus ieu jalmi-jalmi?

12

Padahal maranehna teh jadina sanes ku abdi, dijurukeunana sanes ku abdi, kari-kari bet abdi anu dipiwarang ngurus, teu benten ti ngarorok sareng ngangais orok sapanjang jalan salami muru ka tanah anu ku Gusti kapungkur dijangjikeun ka karuhunna!

13

Ti mana abdi teh pikengingeun daging nyumponan kahayang maranehna? Damelna ngeceblek mementa daging!

14

Abdi teu sanggem ngurus jalmi sakitu seueurna sorangan bae, abot langkung ti abot!

15

Ti batan dikieu-kieu, langkung sae paehan bae abdi teh, ulah lami-lami nandangan panyiksa. Kitu soteh ari bade dipikawelas."

16

Timbalan PANGERAN ka Musa, "Kami pangumpulkeun jelema tujuh puluh urang anu pantes ajenaneun, anu pantes jaradi pangurus, sina ka darieu ka Kemah Kami, jaronghokkeun barengan ku maneh.

17

Engke Kami lungsur ngandika ka maneh, jeung nyandak sabagian pangawasa Kami anu di maneh, baris diancikkeun ka maranehna. Engke maranehna sina ngabantu ngasuh eta jelema-jelema, supaya ulah sagala rupa ditangkes ku maneh sorangan.

18

Pek ka ditu bejakeun ka jelema-jelema, kieu kituh, ‘Ari harayang daging, maraneh isukan kudu susuci. Maraneh ngeceblek majar hayang teuing nyatu daging, majar ngeunah keneh ge di Mesir. Omongan maraneh teh kadangu ku PANGERAN, sarta Mantenna tangtu engke maparin daging, sangkan maraneh nyaratu daging.

19

Lain sapoe dua poe, lain ngan lima poe atawa sapuluh poe atawa dua puluh poe,

20

tapi sabulan campleng bakal nyaratu daging, nepi ka daging teh barijilan deui tina ceuli, nepi ka maraneh garering utah-utahan. Bongan maraneh keneh anu geus teu ngahiding ka PANGERAN anu aya di tengah maraneh. Bongan maraneh keneh anu geus ngarasula ka Mantenna, majar mending ge tong budal ti Mesir.’"

21

Musa miunjuk, "Anu diurus ku abdi teh 600.000 jalmi. Saur Gusti sadayana bade dipaparin daging dugi ka sasasih campleng. Kumaha?

22

Na cekap sapina, dombana, peunciteun dugi ka maranehna sareubeuheun? Na cekap lauk di laut kanggo diteda ku maranehna?"

23

PANGERAN ngawaler, "Ari pangawasa Kami na aya watesna? Tenjokeun ku maneh, timbalan Kami teh baris bukti atawa moal!"

24

Bral Musa angkat nepangan jelema-jelema nepikeun timbalan PANGERAN tea. Anjeunna ngumpulkeun tujuh puluh urang pamingpin, tuluy sina ngariung Kemah Suci.

25

Seug PANGERAN lungsur dina mega nimbalan ka Musa, ti dinya nyandak sabagian pangawasa anu ngancik di Musa diancikkeun ka anu tujuh puluh pamingpin tea. Barang Roh tea ngancik, maranehna ujug-ujug ngagarero kawas nabi, ngan teu lila.

26

Ti nu tujuh puluh urang tea aya duaan anu ninggalkeun maneh di pasanggrahan henteu marilu indit ka Kemah Suci, ngaranna Eldad jeung Medad. Maranehna oge kaancikan Roh, seug deuih ngagarero kawas nabi, di pasanggrahan.

27

Tuluy aya budak ngora lumpat ka Musa bebeja hal Eldad jeung Medad kitu.

28

Pok Yosua bin Nun anu gagandek ka Musa ti ngongora unjukan ka anjeunna, "Hulag, Juragan!"

29

Waler Musa, "Pipilueun teuing kana urusan kami! Kahayang kami mah malah sing saban jelema ku PANGERAN diancikan Roh, sina barisa ngucap kawas ucapan nabi!"

30

Geus kitu Musa jeung para pamingpin tea marulang deui ka pasanggrahan.

31

Gelebug aya angin ti PANGERAN, mawa manuk puyuh ti laut, haliberna harandap pisan, teu sameter-meter acan tina taneuh, tuluy tarurun ka pasanggrahan, nakleuk sakuriling bungking nepi ka sababaraha kilometer jauhna.

32

Sapoe eta nepi ka sapeupeuting, nepi ka isukna deui jelema-jelema narewakan puyuh. Beubeunangan saurangna paling saeutik sarebu kilogram. Dagingna diparoe sakuriling pasanggrahan.

33

Tacan beak eta daging didalahar, PANGERAN bendu, seug narajangkeun pagebug ngabasmi ka maranehna.

34

Ti dinya eta tempat dingaranan Kibrot Taawa, anu hartina "Kuburan Kahawekan", sabab jadi kuburan jelema-jelema anu harawek kana daging.

35

Geus kitu maranehna neruskeun lumakuna tuluy masanggrahan di Haserot.

Link: