Bilangan 12
Hiji mangsa Musa diupat ku Harun jeung saderekna nu istri, Miryam, dumeh geus migarwa wanita urang Kus.
Salaurna, "Naha ngan anjeunna bae anu ku PANGERAN dianggo jalan ngandika teh? Ari ka urang tara ngandika, kitu?" Kasauran aranjeunna kadangu ku PANGERAN.
(Ari Musa tabeatna rendah manah, taya tandingna di sadunya anu rendah manah kawas anjeunna.)
Ti dinya PANGERAN ujug-ujug ngandika ka Musa, Harun jeung Miryam, "Kami mundut maraneh tiluan kudu daratang ka Kemah Kami." Bral aranjeunna arangkat.
PANGERAN lungsur dina pilar mega. Mantenna ngadeg di lawang Kemah-Na, tuluy ngagentra, "Harun! Miryam!" Seug duanana maju,
PANGERAN tuluy ngandika, "Darengekeun ieu dawuhan Kami! Upama tea mah di maraneh aya nabi, mun Kami seja nembongan ka nabi mah cukup dina tetenjoanana bae. Nimbalan oge arek dina impianana wungkul.
Ari nimbalan ka Musa mah anu jadi abdi Kami, beda deui. Manehna ku Kami geus dipercaya ngurus sakabeh urang Israil, umat Kami.
Ana Kami nimbalan, ka Musa mah nepi ka adu-hareupan, tur sageblasna lain anu pikiraneun! Malah manehna mah geus nenjoeun rupa Kami! Maraneh nepi ka wani campelak kitu ngagogoreng ka Musa, ka abdi Kami?"
Kacida benduna PANGERAN ka Harun jeung Miryam. Barang Mantenna ngantunkeun,
sarta mega tea geus nyingkah ti eta Kemah, Miryam ngadak-ngadak keuna ku kasakit lepra sakujur salirana, kulitna mani ngeplak bodas kawas salju. Barang katangen ku Harun yen Miryam jadi kitu,
terus bae ngalengis ka Musa saurna, "Aduh Juragan, mugi ieu hukuman teh ulah kalalajengan nyiksana. Rumaos di kabodoan parantos midamel dosa.
Mugi ieu pun dulur ulah dugi ka sapertos anu maot ti barang dijurukeun, anu dagingna parantos satengah buruk."
Musa sasambat ka PANGERAN, "Nun Allah, mugi ieu pun dulur dicageurkeun!"
Waler PANGERAN, "Lamun manehna diciduhan beungeutna ku bapana, tangtu nyandang wirang nepi ka tujuh poe. Ku sabab kitu ayeuna oge sina saperti kitu, saminggu lilana teu meunang aya di jero pasanggrahan. Mun geus saminggu kakara meunang diasupkeun deui."
Ti dinya Miryam dilarang aya di jero pasanggrahan, saminggu lilana. Sabot kitu anu sejen tacan waka neruskeun laku, ngadarago heula.
Sanggeus kitu kakara maranehna arindit ti Haserot, tuluy masanggrahan di tanah gurun Paran.