:

Bilangan 14

1

Sapeupeuting eta jelema-jelema teh gawena tinggorowok jeung nembongkeun kasusah.

2

Seug ngarasula ka Musa jeung Harun, pokna, "Mending ge paeh bareto di Mesir, atawa mending paeh di dieu keneh di tanah gurun!

3

Jang naon urang teh ku PANGERAN digiring ka eta tanah? Perang moal teu eleh, anak pamajikan dijabel. Kumaha lamun urang baralik deui bae ka Mesir?"

4

Terus maranehna baradami, "Hayu urang pilih pamingpinna, sina mawa urang ka Mesir deui!"

5

Bruk Musa jeung Harun nyaruuh kana taneuh hareupeun eta jelema-jelema.

6

Ari Yosua bin Nun jeung Kaleb bin Yepune, dua jelema anu tas ngalongok tanah tea nyarosoeh pakeanana bawaning ku susah,

7

tuluy ngomong ka nu loba pokna, "Eta tanah anu kakara tas ditalengteng teh kacida pikabitaeunana.

8

Asal kalakuan urang sing matak sapuk kana manah PANGERAN, ku Mantenna tangtu dicandak ka ditu, sarta eta tanah anu sakitu beungharna tur sakitu lendona teh tangtu dipaparinkeun ka urang.

9

Ulah ngalawan ka PANGERAN, jeung ulah gimir ku urang ditu. Moal teu babari ngelehkeunana. PANGERAN nyarengan urang, sarta Mantenna geus ngelehkeun allah-allah urang ditu, jadi ulah sieun-sieun."

10

Tapi jelema-jelema teh anggur ngancam rek maehan, arek maraledogan ku batu, ngan kaburu narenjoeun aya cahaya anu ujug-ujug ngagebray luhureun Kemah Suci, cahaya PANGERAN.

11

PANGERAN ngandika ka Musa, "Rek iraha enggeusna eta jelema-jelema nampik ka Kami teh? Rek sabaraha lilana maranehna henteu percaya ka Kami anu geus sakitu lobana nembongkeun mujijat?

12

Ku Kami rek ditarajang, rek dibasmi ku pagebug. Ari maneh ku Kami rek dijieun karuhun hiji bangsa anu leuwih gede jeung leuwih kuat ti batan maranehna!"

13

Tapi piunjuk Musa ka PANGERAN, "Ieu bangsa teh ku Gusti parantos dikaluarkeun ti Mesir kalayan metakeun pangawasa. Sugri padamelan Gusti pikeun maranehna, saupami kakupingeun ku urang Mesir

14

tangtos dicarioskeun ka urang dieu. Urang dieu parantos kawartosan yen Gusti PANGERAN nyarengan ka abdi sadaya, malah sok tembong ngajirim upami mega Gusti aya di luhureun abdi sadaya, ari siang angkat ti payun dina tihang mega, wengina dina tihang seuneu.

15

Saupami ieu jalmi-jalmi ayeuna dibasmi, tangtos ceuk bangsa-bangsa anu kantos nguping kajayaan Gusti teh

16

pangna ieu umat dugi ka dibasmi, lantaran Gusti parantos teu sanggup nungtunna ka tanah anu parantos dijangjikeun.

17

Kitu nu mawi nun PANGERAN, mugi kakawasaan Gusti teh dianggo ngabuktoskeun pilahir anu kieu tea:

18

‘Kami teh PANGERAN, jembar panalar, jembar asih, satuhu, jembar hampura ka nu baroga dosa jeung ka anu sok ngalawan. Tapi nu salah mah moal teu dihukum, boh kaom bapa, boh anak incuna, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.’

19

Sarehing kitu nun PANGERAN, luyu sareng sipat asih Gusti anu jembar tur tara gingsir, sim abdi nunuhun mugi ieu jalmi-jalmi teh dihapunten dosana, sapertos kapungkur-pungkur ti barang maranehna budal ti Mesir."

20

PANGERAN ngawaler, "Ku Kami dihampura sakumaha pamenta maneh.

21

Tapi demi hirup Kami, jeung demi kamulyaan Kami anu minuhan jagat,

22

maranehna moal aya anu diasupkeun ka eta tanah. Sangkilang maranehna geus narenjoeun gebrayna kamulyaan jeung mujijat-mujijat Kami di Mesir jeung di gurun keusik, tapi teu eureun-eureun maranehna teh ngalawan, ngadoja kasabaran Kami.

23

Maranehna hamo asup ka tanah anu ku Kami dijangjikeun ka karuhunna. Sakur anu ngalawan ku Kami moal aya anu diasupkeun ka ditu.

24

Ari Kaleb, abdi Kami, ku sabab beda deui sarta tetep satuhu, tangtu ku Kami dicandak ka ditu, ka tanah anu ku manehna tas ditalengteng. Anak incuna bakal ngamilik eta tanah,

25

bakal nyaricingan tanah-tanah lebak anu ayeuna dicaricingan keneh ku urang Amalek jeung urang Kanaan. Maraneh isukan kudu malik ngajugjug ka gurun keusik, anu nuju ka Teluk Akaba."

26

PANGERAN ngandika ka Musa jeung Harun,

27

"Rek sabaraha lilana jelema-jelema garoreng hate teh gegelendengna ka Kami? Kami geus kesel ngadangu gegelendengna!

28

Bejakeun, kieu kituh waleran Kami, ‘Kami sumpah demi hirup Kami, saomong maraneh ku Kami rek dibuktikeun. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.

29

Maraneh bakal tariwas, bangke-bangke maraneh bakal nyebar di gurun keusik. Sakur anu ayeuna umurna leuwih ti dua puluh taun, ku sabab geus gegelendeng ka Kami, moal aya anu asup ka eta tanah.

30

Pamohalan maraneh narepi sarta maratuh di ditu, sanajan Kami geus jangji. Kajaba Kaleb jeung Yosua.

31

Ceuk maraneh, anak pamajikan bakal kajabel. Tapi malah nya maranehna anu ku Kami rek dicandak ka ditu ka tanah anu ku maraneh teu dipikahayang. Eta tanah baris pamatuhanana.

32

Maraneh mah bakal paraeh di dieu di tanah gurun.

33

Anak maraneh bakal ngalumbara di ieu tanah gurun nepi ka opat puluh taun, balangsak ku karana kateusatiaan maraneh, nepi ka maraneh tumpes beak.

34

Balukarna tina dosa sorangan, maraneh bakal balangsak nepi ka opat puluh taun, ngingetkeun lilana waktu anu dipake lolongok ka eta tanah opat puluh poe, sapoena satauneun. Sangkan karasa temahna dilawan ku Kami!

35

Kami sumpah rek nyieun kitu ka maraneh anu jarahat, anu geus ngalawan ka Kami. Maraneh masing-masing tangtu tariwas di tanah gurun. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.’"

36

Ari jelema-jelema anu diutus ngintip tanah tea, anu nyebarkeun carita bohong nepi ka jelema-jelema gegelendeng ka PANGERAN, ku PANGERAN digebug ku hiji kasakit, hos paraeh.

37

(14:36)

38

Ti nu dua welas urang teh ngan duaan nu salamet, Yosua jeung Kaleb.

39

Barang timbalan PANGERAN teh dicarioskeun ku Musa, urang Israil jadi kacida sarusaheunana.

40

Isukna isuk-isuk keneh pisan maranehna geus rek bring bae ngarurug ka pagunungan di ditu, sarta kieu omongna ka Musa, "Ayeuna mah abdi sadaya daek ka ditu, ka tanah anu diandikakeun ku PANGERAN. Rumaos lepat."

41

Tapi saur Musa, "Arek ngaralawan deui ka PANGERAN? Moal aya hasilna!

42

Ulah ka daritu, ku PANGERAN moal disarengan, temahna engke beunang ku musuh.

43

Maraneh tangtu eleh ngayonan urang Amalek jeung urang Kanaan. PANGERAN teu kersaeun nyarengan lantaran maraneh geus teu narolih ka Mantenna."

44

Tapi maranehna murugul, terus ngajugjug ka pagunungan, padahal Peti Perjangjian PANGERAN jeung Musa tetep-tetep henteu incah ti pasanggrahan.

45

Maranehna ditarajang ku urang Amalek jeung urang Kanaan, kadeseh sarta diuber nepi ka Hormah.

Link: