:

Bilangan 15

1

PANGERAN ka Musa maparinkeun

2

ieu pikukuh pikeun urang Israil, anu kudu dilakonan ari geus araya di tanah anu bakal dipaparinkeun tea:

3

Lamun maraneh arek ngurban ka PANGERAN, kurban beuleuman, kurban pikeun nekanan panadaran, kurban ku karana suka rela, atawa kurban-kurban anu dimistikeun dina pesta-pesta kaagamaan, sato kurbanna meunang ku sapi jalu, domba jalu, domba atawa embe, jieun kurban kadaharan. Seungitna kurban-kurban kadaharan tea bakal kagalih ku PANGERAN.

4

Sing saha anu nyanggakeun domba atawa embe ka PANGERAN pikeun kurban beuleuman, sarta pikeun tiap-tiap sato kudu dilengkepan ku tipung sakilo anu diadonan ku saliter minyak jetun keur kurban kadaharan, jeung cianggur saliter.

5

(15:4)

6

Lamun anu dikurbankeunana domba jalu, kudu oge ngahaturkeun kurban kadaharan tina tipung dua kilo anu diadonan ku saliter satengah minyak jetun,

7

jeung cianggur saliter satengah. Seungitna kurban bakal kagalih ku PANGERAN.

8

Lamun anu dihaturkeun ka PANGERAN teh sapi jalu, boh keur kurban beuleuman boh keur kurban pikeun nekanan panadaran atawa keur kurban panarima,

9

kudu oge ngahaturkeun kurban kadaharan tina tipung tilu kilo anu diadonan ku dua liter minyak jetun,

10

jeung cianggur dua liter. Seungitna kurban bakal kagalih ku PANGERAN.

11

Kitu patokan kurban-kurban pangiring pikeun satiap kurban sapi jalu, satiap domba jalu, satiap domba, satiap embe.

12

Sakumaha bae lobana sato anu dikurbankeun, lobana kurban pangiring oge kudu disaluyukeun kana patokan eta.

13

Unggal warga Israil asli, saban ngahaturkeun kurban kadaharan anu angseuna hayang kagalih ku PANGERAN, kudu kitu.

14

Urang asing anu aya di maraneh, boh anu sawatara waktu, boh anu tetep matuh, lamun rek nyieun kurban kadaharan, supaya angseuna kagalih ku PANGERAN, aturanana kudu sarua cara kitu.

15

Eta aturan teh diwajibkeun pikeun saterusna, boh ka maraneh boh ka urang asing anu aya di maraneh. Sabab dina soca PANGERAN mah maraneh jeung itu teh sarua,

16

jadi pikukuh jeung aturan kitu teh nya pikeun maraneh nya pikeun itu.

17

PANGERAN ka Musa maparinkeun deui

18

aturan pikeun urang Israil anu kudu dilakonan ari geus araya di tanah anu rek dipaparinkeun tea:

19

Bahan dahareun tina hasil eta tanah, sabagian wajib disanggakeun ka PANGERAN.

20

Lamun nyieun roti tina gandum anu diala pangheulana, roti nu kahiji kudu husus dibaktikeun ka PANGERAN. Cara ngabaktikeunana sarua jeung cara ngabaktikeun roti tina gandum anu digiling pangheulana.

21

Pikukuh kudu nyanggakeun roti saperti kitu saban-saban nyieun, kudu dilakonan salawasna.

22

Tapi bisa jadi aya nu teu kahaja henteu ngalakonan salah sarupa pikukuh anu ku PANGERAN diandikakeun ka Musa.

23

Atawa bisa jadi engke sakumna masarakat henteu ngalakonan sagala pikukuh anu ku PANGERAN geus diandikakeun ka Musa.

24

Saupama kasalahanana teh lantaran lalawora, maranehna kudu ngahaturkeun sapi jalu keur kurban beuleuman, anu angseuna matak sedep ka PANGERAN, diiring ku kurban kadaharan jeung kurban anggur sakumaha tali parantina. Kurban pangiring sejenna kudu ngahaturkeun embe badot keur kurban pamupus dosa.

25

Ku imam kudu dikurbankeun pikeun nebus dosa masarakat, tangtu bakal dihampura, sabab kasalahanana lain dihaja. Kurban pamupus dosa tea dijieun kurban kadaharan haturan PANGERAN.

26

Sakumna bangsa Israil tangtu bakal dihampura, kitu deui urang asing, sabab eta kasalahan teh mawa ka sarerea.

27

Upama anu dosa teu kahaja teh ngan saurang, jelemana kudu ngahaturkeun anak embe bikang umur sataun keur kurban dosa.

28

Embena kudu dikurbankeun ku imam dina altar pikeun nebus dosa eta jelema, tangtu ku Mantenna dihampura.

29

Ieu pikukuh pikeun saha bae sakur anu nyieun dosa teu kahaja, boh urang Israil boh urang asing.

30

Tapi lamun kasalahan tea dihaja, boh urang Israil boh lain, eta teges salah, lantaran mandang enteng ka PANGERAN, kudu dipaehan,

31

sabab nyapelekeun timbalan PANGERAN, ngahaja ngarempak salah sahiji pikukuh-Na, anu matak kudu dipaehan ku karana kasalahanana.

32

Hiji mangsa waktu urang Israil di tanah gurun keneh, aya hiji jelema kanyahoan ngala suluh dina poe Sabat.

33

Tuluy dideuheuskeun ka Musa jeung Harun jeung ka sakumna bangsa Israil,

34

sarta dijaga lantaran tacan terang kudu dikumahakeun.

35

PANGERAN nimbalan ka Musa, "Eta kudu dipaehan. Paehan di luareun pasanggrahan, baledogan ku batu ku sarerea."

36

Seug eta jelema teh dibawa ka luareun pasanggrahan tuluy dipaehan, dibaledogan ku batu ku sarerea sakumaha piwarangan PANGERAN.

37

PANGERAN ngandika deui ka Musa

38

pikeun urang Israil, "Maraneh kudu nyieun rarawis dina tungtung baju. Unggal rarawis kudu diberean benang biru salambar. Gumatikeun kitu salalawasna.

39

Gawena pikeun ngingetan sangkan saban maraneh nenjo eta rarawis aringet sarta narurut kana sagala timbalan Kami, moal bengkok sembah, moal ngajujur napsu ngencar kahayang sorangan.

40

Jadi gawena eta rarawis teh sangkan maraneh gumati kana sagala timbalan Kami, sangkan gembleng jadi kagungan Kami.

41

Kami teh PANGERAN Allah maraneh. Kami ngaluarkeun maraneh ti Mesir teh supaya jadi Allah maraneh. Kami teh PANGERAN."

Link: