Bilangan 2
PANGERAN ngandika deui ka Musa jeung Harun hal aturan kieu:
Urang Israil kudu diatur masang pakemahanana. Unggal jelema kudu nurutkeun umbul-umbul pasukan jeung bandera kaomna masing-masing. Pakemahanana kudu dipasang sakurilingeun Kemah Tepangan.
Pakemahan pasukan umbul-umbul Yuda di beulah wetan, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: Kaom-Kapala-Jumlah Prajurit; Yuda-Nahson bin Aminadab-74.600 urang; Isaskar-Netanel bin Suar-54.400 urang; Sebulun-Eliab bin Helon-57.400 urang; Jumlah=186.400 urang. Lamun maju, balad Yuda anu pangheulana.
(2:3)
(2:3)
(2:3)
(2:3)
(2:3)
(2:3)
Pakemahan pasukan umbul-umbul Rubin di beulah kidul, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: Kaom-Kapala-Jumlah Prajurit; Rubin-Elisur bin Sedeur-46.500 urang; Simeon-Selumiel bin Surisaday-59.300 urang; Gad-Elisap bin Rehuel-45.650 urang; Jumlah=151.450 urang. Lamun maju, balad Rubin kudu kadua.
(2:10)
(2:10)
(2:10)
(2:10)
(2:10)
(2:10)
Ti dinya, antara pasukan balad kahiji jeung kadua, nya eta aleutan kaom Lewi anu ngagotong Kemah Tepangan. Unggal pasukan balad barisna kudu nurutkeun aturan pasukan anu diatur di pasanggrahan katut umbul-umbul masing-masing.
Pakemahan pasukan umbul-umbul Epraim di beulah kulon, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: Kaom-Kapala-Jumlah Prajurit; Epraim-Elisama bin Amihud-40.500 urang; Menase-Gamaliel bin Pedasur-32.200 urang; Binyamin-Abidan bin Gidoni-35.400 urang; Jumlah=108.100 urang. Balad Epraim majuna katilu.
(2:18)
(2:18)
(2:18)
(2:18)
(2:18)
(2:18)
Pakemahan pasukan umbul-umbul Dan di beulah kaler, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: Kaom-Kapala-Jumlah Prajurit; Dan-Ahieser bin Amisaday-62.700 urang; Aser-Pegiel bin Okran-41.500 urang; Naptali-Ahira bin Enan-53.400 urang; Jumlah=157.600 urang. Pasukan balad Dan majuna pangpandeurina.
(2:25)
(2:25)
(2:25)
(2:25)
(2:25)
(2:25)
Jumlah urang Israil anu asup kana daptar pasukan-pasukan nurutkeun rombonganana masing-masing aya 603.550 urang.
Kaom Lewi henteu diasupkeun ka dinya, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.
Sagala timbalan PANGERAN ka Musa ku urang Israil dijalankeun. Masanggrahanana, majuna, kabeh nurutkeun umbul-umbul masing-masing, sapasukanana-sapasukanana.