:

Bilangan 3

1

Ieu turunan Harun jeung Musa basa PANGERAN di Gunung Sinai nimbalan ka Musa.

2

Putra Harun opat nya eta: Nadab anu cikal, Abihu, Elasar jeung Itamar.

3

Opatanana geus diistrenan jeung dilisahan jadi imam.

4

Tapi Nadab jeung Abihu mah geus teu araya, tariwas waktu nyanggakeun kurban ka PANGERAN di Gurun Keusik Sinai, lantaran ngagunakeun seuneu anu henteu halal. Duanana henteu karagungan putra. Tinggal Elasar jeung Itamar anu jaradi imam waktu Harun jumeneng keneh.

5

PANGERAN ngandika deui ka Musa,

6

"Kaom Lewi sina ka harareup, diangkat jadi purah babantu ka Imam Harun.

7

Sagala pagawean pikeun Kemah Tepangan, sagala kaperluan pikeun imam jeung sabangsa Israil, jadi kawajiban maranehanana.

8

Kitu deui ngurus paparabotan Kemah Tepangan jeung nguruskeun kaperluan urang Israil lianna.

9

Ti urang Israil, anu ku Kami dibakukeun pikeun ngalalayanan Harun jeung anak-anakna ngan urang Lewi wungkul.

10

Tetepkeun ku maneh, kawajiban imam mah ngan Harun jeung anak-anakna bae anu diwenangkeun. Anu sejen, anu wani-wani ngajalankeun kaimaman kudu dipaehan."

11

PANGERAN ngandika deui ka Musa,

12

"Ayeuna urang Lewi jadi boga Kami. Basa Kami maehan sakabeh cikal urang Mesir, cikal-cikal urang Israil mah ku Kami disucikeun pikeun Kami, boh jelema boh sato. Ayeuna pikeun gantina ti sakabeh cikal urang Israil, Kami nyandak urang Lewi pikeun Kami. Kami teh PANGERAN."

13

(3:12)

14

PANGERAN nimbalan deui ka Musa di Gurun Keusik Sinai,

15

supaya anjeunna nyacahkeun kaom Lewi, nurutkeun kaom jeung wargana. Barudak lalaki ti umur sabulan atawa leuwih kudu didaptarkeun.

16

Eta timbalan ku Musa dijalankeun.

17

Anak Lewi tilu: Gerson, Kahat jeung Merari, luluhur kaom anu marake ngaran eta. Anak Gerson dua: Libni jeung Simei. Anak Kahat opat: Amram, Yishar, Hebron, jeung Usiel. Anak Merari dua: Mahli jeung Musi, anu jadi luluhur warga-warga nu marake eta ngaran.

18

(3:17)

19

(3:17)

20

(3:17)

21

Kaom Gerson nya eta warga Libni jeung warga Simei.

22

Jumlah lalaki ti umur sabulan ka luhur kacatet aya 7.500 urang.

23

Ieu kaom pakemahanana di beulah kulon, tukangeun Kemah Tepangan.

24

Kapalana Elisap bin Lael.

25

Kawajibanana ngurus Kemah Tepangan, ngurus tendana luar jero, ngurus lalangse pantona,

26

ngurus lalangse palataranana sabudeur Kemah Tepangan, ngurus altar, jeung ngurus lalangse lawang ka palataran. Sakabeh pagawean anu tumali jeung eta, maranehna anu kawajiban ngurusna.

27

Kaom Kahat nya eta warga-warga Amram, Yishar, Hebron, jeung Usiel.

28

Jumlah lalakina ti umur sabulan ka luhur aya 8.600 urang.

29

Pakemahanana di kiduleun Kemah Tepangan,

30

kapalana Elisapan bin Usiel.

31

Kawajibanana ngurus Peti Perjangjian, meja, ajug-ajug lampu, altar-altar, paparabotan imam paranti Tempat Suci, jeung ngurus lalangse lawang ka Kamar Pangsucina. Sagala pagawean anu tumali jeung eta, maranehna anu kawajiban ngurusna.

32

Anu ngapalaan urang Lewi nya eta Imam Elasar putra Harun, ngatur jelema-jelema anu baroga kawajiban di jero Tempat Suci.

33

Kaom Merari nya eta warga-warga Mahli jeung Musi.

34

Jumlah lalaki ti umur sabulan ka luhur aya 6.200 urang.

35

Pakemahanana di kalereun Kemah Tepangan, dikapalaan ku Suriel bin Abihail.

36

Kawajibanana ngurus papan-papan dingding Kemah, jaruji-jarujina, tihang-tihangna, tatapakan-tatapakanana, jeung sakur anu patali jeung eta. Sagala pagawean anu tumali jeung eta, maranehna anu kudu ngurusna.

37

Jaba ti eta kudu ngurus tihang-tihang katut tatapakanana, pancuh-pancuh katut tambang-tambangna di palataran luar.

38

Ari Musa, Harun jeung putra-putrana, kemahna di payuneun Kemah Tepangan, beulah wetan. Kawajiban aranjeunna nya eta ngalaksanakeun upacara-upacara ibadah di Tempat Suci pikeun kapentingan urang Israil. Anu sejen, anu wani-wani pipilueun kana eta kawajiban kudu dipaehan.

39

Jumlah sakabeh lalaki urang Lewi ti umur sabulan ka luhur anu ku Musa didaptarkeun nurutkeun timbalan PANGERAN, ti kabeh rundayan aya 22.000 urang.

40

PANGERAN ngandika deui ka Musa, "Sakabeh anak cikal urang Israil kagungan Kami. Jadi sakur anak cikal urang Israil anu lalaki, ti umur sabulan ka luhur, kabeh kudu didaptarkeun. Tapi keur gaganti maranehna anu ku Kami dicokot pikeun Kami teh ngan sakabeh urang Lewi. Kami teh PANGERAN! Nya kitu deui ingon-ingon urang Lewi ku Kami dijieun gaganti sakabeh cikal ingon-ingon urang Israil."

41

(3:40)

42

Prak ku Musa dijalankeun, sakabeh anak cikal lalaki

43

ti umur sabulan ka luhur didaptarkeun, jumlahna aya 22.273 urang.

44

PANGERAN nimbalan deui ka Musa,

45

"Ayeuna geura sanggakeun ka Kami sakabeh urang Lewi, pikeun gaganti sakabeh anak cikal lalaki urang Israil. Kitu deui sakabeh cikal ingon-ingon urang Lewi sanggakeun ka Kami, pikeun gaganti cikal ingon-ingon urang Israil.

46

Ku sabab anak cikal urang Israil anu lalaki leuwih 273 urang ti batan urang Lewi, eta leuwihna ku maneh kudu ditebus,

47

saurangna masing-masing lima gebleg uang perak nurutkeun harga patokan di Kemah Kami.

48

Duitna serenkeun ka Harun jeung anak-anakna."

49

Ku Musa dijalankeun, sarta duitna,

50

anu gedena 1.365 gebleg perak,

51

diserenkeun ka Harun sapala putra.

Link: