Bilangan 20
Dina bulan kahiji sakumna bangsa Israil narepi ka tanah gurun Sin, masanggrahan di Kades. Miryam maot sarta dikuburkeun di dinya.
Di eta tempat teu aya cai. Seug jelema-jelema ngagimbung ka Musa jeung Harun.
Gegelendeng kieu, "Mending ge kapungkur teh maraot sakalian sareng nu sanesna di payuneun Kemah PANGERAN.
Kanggo naon dicandak ka ieu tanah gurun? Naha ieu teh ngarah abdi-abdi sareng pipiaraan maraot di dieu?
Naha atuh dibudalkeun ti Mesir, dicandak ka tempat sakieu balangsakna, mani teu aya naon-naon anu jadi. Bujeng-bujeng jagong, kondang, anggur, dalima, taya cai-cai acan!"
Musa jeung Harun ngantunkeun eta jalma-jalma, tuluy ngaradeg di lawang Kemah Suci, bruk sarujud kana taneuh. Bray cahaya PANGERAN nembongan.
PANGERAN nimbalan ka Musa,
"Cokot iteuk hareupeun Peti Perjangjian. Sakumna bangsa Israil kumpulkeun ku maneh jeung Harun. Di hareupeun maranehna maneh kudu ngomong kana batu cadas itu, anu nangtung di ditu. Engke eta cadas bakal ngabijilkeun cai ngagurujug. Kitu petana maneh ngabijilkeun cai tina eta cadas pikeun ngarinum eta jelema-jelema jeung sasatoanana."
Bral Musa angkat nyandak iteuk sakumaha timbalan PANGERAN.
Sakumna bangsa Israil ku anjeunna jeung Harun dikumpulkeun hareupeun batu cadas tea. Pok Musa ngalahir, "Darengekeun, eh jelema-jelema doraka! Na Kami jeung Harun teh kudu ngabijilkeun cai tina ieu batu cadas pikeun maraneh?"
Ti dinya Musa ngangkat iteuk terus dipake ngagitik dua kali kana eta cadas, cor ti dinya bijil cai ngagolontor. Jelema-jelema ngarinum kitu deui sasatoanana.
Tapi PANGERAN nyeuseul ka Musa jeung Harun, timbalana-Na, "Ku sabab maraneh kurang tuhu nganyatakeun pangawasa Kami anu suci di hareupeun bangsa Israil, maraneh moal bisa terus nungtun eta jelema-jelema ka tanah anu ku Kami dijangjikeun pikeun maranehna."
Eta kajadian teh di Meriba, tempat urang Israil gegelendeng ka PANGERAN, sarta PANGERAN di dinya nembongkeun yen Mantenna teh suci.
Ti dinya Musa ngintun sawatara utusan ka raja Edom ti Kades. Ceuk utusan, "Aya pihatur ti tuang saderek, bangsa Israil. Anjeun langkung uninga kana kabalangsakanana,
uninga yen karuhun urang kantos ngumbara di Mesir lami pisan. Di ditu karuhun urang teh kitu deui tuang saderek sadaya dikaniaya ku urang Mesir,
lajeng sasambat ka PANGERAN nyuhunkeun pitulung. Panyambatna ku PANGERAN didangu, Mantenna ngutus hiji malaikat, anu nuyun tuang saderek sadaya kaluar ti Mesir. Ayeuna tuang saderek sadaya aya di Kades, di tapel wates karajaan anjeun.
Mugi anjeun kersa ngawidian tuang saderek ngalangkung. Tuang saderek sadaya katut ingon-ingon tangtos moal kaluar ti jalan gede, moal nyimpang ka lahan-lahan atanapi kebon-kebon anggur kagungan anjeun. Cai leueuteun oge moal ngabantun ti sumur anjeun, bade junun nyorang jalan gede bae, dugi ka kaluar ti tapel wates karajaan anjeun."
Tapi jawab urang Edom, "Kami teu idin maraneh ngaliwat ka ieu nagara! Lamun wani-wani, ku kami rek dipapag ditarajang!"
Ari ceuk utusan urang Israil, "Sim kuring sadaya bade nyorang jalan gede bae. Bilih bae aya jalmi atanapi ingon-ingon sim kuring anu nginum tina sumur nu aya di dieu, tangtos dibayar sapantesna. Anu disuhunkeun teh mung widi ngalangkung wungkul."
Urang Edom ngajawab, "Teu meunang!" Seug maranehna mepek balad gede pisan, tuluy kaluar rek merangan urang Israil.
Ku lantaran teu diidinan ngaliwat tanah urang Edom, urang Israil nyimpang ka jalan sejen.
Sanggeus arindit ti Kades, sakumna bangsa Israil narepi ka Gunung Hor,
wates tanah Moab. Di dinya PANGERAN nimbalan ka Musa jeung Harun, kieu,
"Harun teu meunang terus ka tanah anu ku Kami rek dibikeun ka urang Israil, bakal maot di dieu, lantaran maraneh duaan basa keur di Meriba geus nyimpang tina timbalan Kami.
Harun jeung Elasar anakna ajak unggah ka Gunung Hor.
Bukaan di ditu pakean kaimaman Harun, tuluy pakekeun ka Elasar, sabab Harun kudu maot di ditu."
Musa tumut sakumaha timbalan PANGERAN. Tuluy arunggah ka Gunung Hor kasaksian ku sarerea.
Di luhur gunung Musa ngalaanan panganggo kaimaman ti Harun, seug dianggokeun ka Elasar. Harun pupus di puncak eta gunung. Musa jeung Elasar lalungsur deui ti dinya.
Sakumna bangsa Israil geus ngajudi yen Harun geus pupus, tuluy bela sungkawa tilu puluh poe lilana.