Bilangan 19
PANGERAN ngandika ka Musa jeung Harun,
ngandikakeun ieu pikukuh pikeun urang Israil: Maraneh kudu nyokot hiji sapi bulu beureum anu euweuh cacadna jeung anu can dipake gawe.
Serenkeun ka Imam Elasar, tuluy tungtun ka luareun pasanggrahan, peuncit saksian ku manehna.
Getihna ku Elasar cokot saeutik, kepret-kepretkeun ka lebah Kemah Suci tujuh kali.
Sagemblengna eta sapi jeung kulit-kulitna, dagingna, getihna jeung jeroanana kudu diduruk, saksian ku Elasar.
Seuneuna ku imam kudu dialungan suluh kiputri sababaraha teukteuk, hisop saranggeuy jeung tali beureum salambar.
Geus kitu imam kudu nyeuseuh pakeanana tuluy ngaguyur awakna ku cai, kakara meunang asup deui ka pasanggrahan, kitu ge kakara setra deui lamun geus surup panonpoe.
Anu ngaduruk sapi tea oge kudu nyeuseuh pakeanana jeung ngaguyur awakna ku cai, tapi kakara setra deui lamun geus surup panonpoe.
Lebu sapi anu diduruk kudu dikeduk ku hiji jelema anu setra, teundeun di tempat anu setra di luareun pasanggrahan, keur piparantieun urang Israil nyieun cai setra pikeun nyirnakeun kanajisanana, paranti mupus dosa.
Anu ngeduk lebuna oge kudu nyeuseuh pakeanana, sarta kakara bisa setra deui sanggeus surup panonpoe. Pikukuh ieu langgeng pikeun salawasna, boh pikeun urang Israil boh pikeun nu sejen anu harirup di Israil.
Sing saha anu antel kana mayit jadi najis tujuh poe. Kudu nyucikeun diri ku cai upacara.
Dina poe katiluna ti sanggeus kanajisan jeung dina katujuh poena, kudu nyucikeun diri ku cai upacara, kakara bisa beresih deui. Upama dina katilu jeung katujuh poena henteu nyucikeun diri, eta teh najis.
Saha bae anu antel kana mayit henteu nyucikeun diri, tetep najis, sabab henteu dikepretan ku cai upacara. Sarua jeung nganajisan Kemah PANGERAN, temahna moal diangken deui umat Allah.
Upama aya anu maot di jero kemah, sakur nu araya di eta kemah waktu jelema tea maot, kitu deui anu daratang ngalayad, kabeh kanajisan salila tujuh poe.
Wawadahan anu henteu make turub oge kanajisan.
Jeung saha-saha anu antel kana mayit anu aya di luareun kemah, boh mayit anu dipaehan boh mayit anu paeh sawajarna, kitu keneh anu antel kana tulang-tulang jelema atawa kuburan, jadi kanajisan tujuh poe.
Supaya najisna leungit kudu nyokot lebu sapi beureum paranti nyirnakeun dosa tea sakadarna, asupkeun kana wadah, caian ku cai beresih.
Pikeun hal nu kahiji, nya eta lamun aya nu maot di jero kemah kudu kieu: Jelema anu henteu najis kudu nyokot hisop saranggeuy, celubkeun kana cai upara tea, tuluy kepret-kepret ka eta kemah, kana barang-barangna jeung ka jelema-jelema anu araya di dinya. Pikeun hal nu kadua, nya eta lamun aya jelema anu keuna kana mayit, atawa kana kuburan, atawa kana tulang-taleng jelema nu geus maot, kudu kieu: Jelema anu kanajisan tea kudu dikepretan ku cai upacara ku jelema anu henteu kanajisan. Carana saperti kitu keneh.
Dina katilu jeung katujuh poena, jelema anu setra teh kudu ngepretan deui jelema anu kanajisan tea ku eta cai setra. Dina poe katujuhna ngepretanana teh baris nyetrakeun. Sanggeus anu kanajisan tea nyeuseuh pakeanana jeung nyiram maneh ku cai, sanggeus surup panonpoe baris setra deui.
Sing saha anu kanajisan henteu nyetrakeun diri, tetep najis sabab awakna henteu dikepretan ku cai setra, matak nganajisan Kemah PANGERAN, sarta temahna moal diaku deui umat Allah.
Ieu pikukuh ku maraneh kudu digumatikeun sapapanjangna. Jelema anu ngepret-ngepretkeun cai setra tea ge kudu nyeuseuh pakeanana, sing saha anu antel kana eta cai eta jadi najis nepi ka surup panonpoe.
Naon-naon anu kacabak ku jelema anu kanajisan, kitu deui sing saha anu antel kana eta, jadi najis nepi ka surup panonpoe.