:

Bilangan 23

1

Balhum misaur ka Balak, "Pangdamelkeun altar tujuh sareng sayagikeun sapi jalu tujuh, domba jalu tujuh."

2

Ku Balak ditedunan. Balak jeung Balhum tuluy ngurbankeun eta sapi jeung domba dina altar, saaltarna hiji sapi hiji domba.

3

Geus kitu saur Balhum ka Balak, "Ieu kurban-kurban jagi heula, kaula bade ningal sumping moalna PANGERAN ka kaula. Naon-naon anu ku Mantenna diwahyukeun ka kaula engke diwartoskeun." Ti dinya Balhum angkat nyalira ka hiji puncak pasir.

4

Allah sumping ka dinya, seug Balhum unjukan, "Sim abdi parantos ngadegkeun kurban dina tujuh altar, saaltarna hiji sapi hiji domba."

5

Balhum ku PANGERAN diuningaan kudu sasauran kumaha, tuluy dipiwarang ka Balak deui ngadongkapkeun timbalana-Na.

6

Balhum nepangan deui Balak, kasampak keur ngajaga keneh kurban beuleuman jeung para kapala Moab.

7

Ti dinya Balhum ngucapkeun wejanganana: "Kaula dihiras ku Balak, raja Moab. Diala ti Siria ti pagunungan di wetan. Carekna, ‘Ka dieu, jadi panyambung lemek kaula. Pangnyapakeun urang Israil.’

8

Kumaha kaula rek bisa nyapa ka umat anu ku Allah henteu disapa? Kumaha kaula rek bisa ngalaknat ka umat anu ku Allah henteu dilaknat?

9

Atra kaula nya ningal ti puncak cadas. Sidik nya nilik ti luhur pasir. Hiji bangsa nu mandiri, anu sadar yen bangsana pangdiberkahanana.

10

Turunan Israil tinanding keusik lobana. Moal kabilang ku loba-lobana. Mugia pati kaula asup pati umat Allah, hayang ajal jeung bagjana cara jalma nu ibadah."

11

Ari saur Balak, "Kumaha saderek teh? Kapan diangkir teh supaya nyapa ka musuh kaula, anggur ngaberkahan?"

12

Waler Balhum, "Kitu anu katampi ku kaula ti PANGERAN."

13

Saur Balak ka Balhum, "Upami kitu urang ngalih, supaya urang Israil anu katingali mung saeutik."

14

Ti dinya Balhum diajak ka Sopim, hiji tanah lempar di puncak Gunung Pisga. Tuluy ngadegkeun deui tujuh altar sarta tuluy ngurban, saaltarna hiji sapi jalu hiji domba jalu.

15

Saur Balhum ka Balak, "Jagi ieu kurban beuleuman, kaula bade ka ditu ngadeuheus ka Allah."

16

Allah sumping ka Balhum maparin uninga pisaureun, tuluy miwarang nepangan deui Balak ngadongkapkeun sabda-Na.

17

Balhum mulih deui, Balak kasampak keur ngajaga kurbanna jeung para kapala Moab. Balak mariksakeun dawuhan Allah.

18

Seug Balhum ngedalkeun wejanganana: "Mangga Balak bin Sipor dangukeun ieu ucapan.

19

Allah tara ngabohong cara jelema, tara gumingsir kawas manusa. Mun jangji pasti ngajadi, mun nyabda pasti laksana.

20

Kaula seja ngucapkeun berkah. Ku sabab Allah nu miwarangna, kaula henteu kaduga nolakna.

21

Geus kapeleng ku kaula kumaha Israil jagana. Bangsa nu moal sangsara nu moal nyorang balangsak. Diaaping ku PANGERAN Allahna, anu ku maranehna diaku jadi Rajana.

22

Allah ngaluarkeun eta bangsa ti Mesir. Tur bumela jeung rosa lir banteng leuweung.

23

Bangsa Israil moal beunang diheureuyan. Moal katepi ku sihir. Moal kasusul ku tenung. Kieu hal Israil ceuk jalma-jalma kiwari: ‘Kanyahokeun, sakitu ahengna damel PANGERAN!’

24

Bangsa Israil lir singa rosa tanaga. Tacan eureun mun tacan nyasaak jeung neureuy, mun tacan nginum getih korbanna."

25

Ari saur Balak ka Balhum, "Ari teu kersa mah nyapa ka urang Israil, atuh ulah-ulah ngaberkahan!"

26

Waler Balhum, "Sanggem kaula ge kaula mah darma nepikeun pangandika PANGERAN. Sanes kitu tadi teh?"

27

Saur Balak ka Balhum, "Sae urang ngalih deui atuh, manawi di tempat sanes mah Allah ngawidian saderek nyapa eta bangsa."

28

Balhum ku Balak dicandak ka puncak Gunung Peor anu negla ka lebah gurun keusik.

29

Saur Balhum ka Balak, "Ngadegkeun deui tujuh altar, sayagikeun sapi jalu sareng domba jalu tujuh-tujuh."

30

Ku Balak ditedunan, tuluy dikurbankeun kana altar, saaltarna hiji sapi hiji domba.

Link: