Bilangan 24
Tapi Balhum di dinya keneh ge geus uningaeun kana pangersa PANGERAN, yen anjeunna kudu ngucapkeun berkah pikeun urang Israil. Jadi henteu angkat milari ilapat cara ti heula. Seug malik mayun ka lebah gurun keusik.
Breh katingalieun pasanggrahan Israil sakaomna-sakaomna. Kalawan kersaning Roh Allah,
pok anjeunna ngedalkeun wejanganana: "Ieu wejangan ti Balhum bin Beor. Ucapan jalma anu terus tingal,
nu bisa ngarungu Allah ngandika. Kieu titingalan kaula, titingalan gaib ti Allah Nu Maha Kawasa.
Asri rasmi jajaran kemah Israil.
Lir jajaran tangkal korma, lir taman sisi walungan, lir tangkal garu nu dipelak ku PANGERAN, lir tangkal kiputri sisi cai.
Bakal cukup meunang hujan, pepelakanana moal kakurangan cai. Rajana bakal leuwih agung batan Agag, karajaanana lega tepi ka jauhna.
Allah ngaluarkeun eta bangsa ti Mesir, tur bumela jeung rosa lir banteng leuweung. Kabeh musuh maranehna dilegleg, balung-balungna dipingges-pinggeskeun, gondewa-gondewana diririkes.
Eta bangsa lir singa rosa tanaga, mun keur hees mo aya nu wani ngahudangkeun. Anu ngaberkahan Israil bakal diberkahan deui, anu nyapa Israil tangtu disapa deui."
Balak ngeupeulkeun peureupna bakat ku ambek, sarta kieu saurna ka Balhum, "Andika diala teh supaya nyapa musuh kaula. Ari heug ti batan nyapa kalah ka ngaberkahan nepi ka tilu kali.
Geus, geura balik! Kami tadi geus jangji mere upah. Tapi upahna ku PANGERAN dicaram dibikeun ka maneh."
Balhum ngawaler, "Ongkoh ceuk kami ge ka utusan andika,
najan andika nepi ka mere emas-perak sakaraton, kami moal mungpang kana pangandika PANGERAN, moal ngagugu karep sorangan. Nu baris diucapkeun teh ngan pangandika PANGERAN wungkul."
Balhum ngalahir deui, "Ayeuna kami rek balik, mulang ka bangsa sorangan. Tapi memeh balik rek ngabejaan bakal dikumahakeun engke bangsa andika ku bangsa Israil."
Pok anjeunna ngucapkeun wejangan: "Ieu wejangan ti Balhum bin Beor. Ucapan jelema nu awas tingal,
nu bisa ngarungu Allah ngandika, nu meunang wahyu ti Nu Maha Agung. Kieu tetenjoan kami, tetenjoan gaib ti Allah Nu Maha Kawasa.
Mangsa jaga ku kami katoong, kami nenjo bangsa Israil. Ti eta bangsa mucunghul hiji raja, sumorot lir bentang, lir bentang pindah, bijil ti Israil, bakal ngagitik kapala-kapala Moab, ngarubuh-rubuhkeun urang Set,
ngelehkeun musuh-musuhna di Edom, tanahna diandih milik. Ari Israil terus unggul terus nanjung.
Maranehna ku bangsa Israil bakal dileyek. Anu harirup keneh beak disapu."
Dina paningal gaibna, Balhum ningali urang Amalek. Pok deui ngedalkeun wejanganana: "Ti antara kabeh, Amalek pangkuatna. Tapi ahirna eta ge bakal euweuh salalawasna."
Dina paningal gaibna Balhum ningali urang Keni, pok ngedalkeun deui wejanganana: "Tempat maneh nya keker nya weweg, reugreug lir sayang diluhur gunung karang.
Parandene he Keni, maneh geus tangtu rugrug, digempur ku urang Asur sarta diboyong."
Balhum ngedalkeun deui ieu wejangan: "Bangsa naon itu ngabengbreng di tebeh kaler?
Aya aleutan kapal ti Siprus, nu bakal nalukkeun Asur jeung Eber. Tapi sabalikna, eta ge bakal carem salalanggengna."
Sanggeus kitu Balhum tuluy mulih. Balak oge tuluy balik.